Najan teu langsung, Yuyum téh geus nyumangetan kuring dina ngarang. Sok asa kagagas, lamun inget kana lalakon lawas téh. Harita kuring keur hésé naker néangan mesin tik, ngarang téh ukur ditulis dina keretas nu beunang méntaan téa. Yuyum nawaran kumaha upama karangan téh dipangetikeun. Tangtu baé atoh pikeun kuring mah, tapi sajeroning kitu bet asa ngariweuhkeun.
Dina catetan kuring, Yuyum lahir 8 Juni 1979. Méméh asup ka SMPN 1 Tanjungsari, Yuyum sakola di SD Tanjungsari 1, sarta kungsi kasabet mobil basa balik sakola (kitu ceuk dongéngna téh).
Mimiti wawuh téh, basa nincak ka kelas dua. Babarengan di kelas 2-G, sarta babarengan diguruan ku Pa Unang, guru matématika anu kasohor galakna (ayeuna mah Pa Unang téh geus pangsiun jeung bageur deuih). Da éta wé, unggal bagéan pangajaran matématika, taya nu henteu ngadégdég, kaasup… Yuyum meureun. Tapi da sabenerna mah Pa Unang téh bageur atuh (ké, naha bet jadi ngomongkeun guru, nya).
Yuyum gé kaasup murid nu pinter ceuk kuring mah, réngkingna sok asup 10 besar baé. Komo palebah pangajaran basa Inggris mah, Yuyum beunang disebutkeun aya onjoyna ti nu sejen. Ari wawuhna kuring jeung Yuyum, nya naon deui lamun lain tina pangajaran matématika.
Barter pangajaran lah, istilahna mah. Kuring bisa matematika, Yuyum pinter basa Inggris. Tapi cék kuring mah, Yuyum téh lain baé pinter basa Inggris, tapi boga pribadi anu “lain dari yang lain”. Kuring ngarasa yén Yuyum téh ngarti kana kaayaan kuring; urang lembur, jauh ka dayeuh. Sarta Yuyum henteu nimbang-nimbang perkara éta dina milih babaturan. Padahal mimiti mah kuring boga anggapan, Yuyum téh kaasup babaturan sakelas di kalangan kelas “élit”. Tapi buktina mah nyalahan. Malah ka dituna, kuring anu méméhna minder dina nyanghareupan babaturan, tur babarengan ukur jeung babaturan “sadaérah” baé, mimiti boga pamadegan, taya nu perlu dibéda-béda dina hirup mah.
Kuring mimiti ngarang téh kelas II SMP. Karangan munggaran nu judulna Ngipri téa, diketik ku Yuyum meunang sababaraha poé. Malah harita, Yuyum gé nyumangetan sangkan karangan kuring dikirimkeun kana majalah atawa koran. Sarta ku kabageuran Yuyum kénéh, sababaraha karangan kuring dibawa tur dikirimkeun. Sanajan teu kungsi aya nu dimuat, tapi kahadéan kawas kitu teh angger matak nineung pikeun kuring mah.
Kaparengan deuih, geus kelas tilu gé sakelas deui jeung Yuyum téh. Sababaraha kali kuring ulin ka imahna, jeung babaturan nu séjénna.
Di antara babaturan awéwé nu deukeut jeung Yuyum téh, Irma Yanti jeung Fitri Mulyaningsih. Duanana gé murid pinter wungkul. Malah jeung Irma mah kuring geus wanoh ti méméhna, lantaran kungsi sakelas (keur kelas I).
Biasana, ari keur kaluar sakola mah, hubungan babaturan téh sok terus pegat. Bisa jadi, kapegatna teh lantaran misah sakola. Tapi Yuyum mah teu kitu. Méméh kaluar sakola teh geus ngawawadianan, ulah mopohokeun cenah. Malah apan geus méré alamat katut nomer télépon. Hartina, minangka babaturan, Yuyum teu hayangeun pegat kitu baé, sok sanajan misah sakola.
Basa kaluar ti SMPN 1 Tanjungsari, Yuyum neruskeun ka SMUN 1 Sumedang. Kuring neruskeun ka SMUN 1 Tanjungsari. Salila sakola di Sumedang, sakapeung Yuyum sok nyuratan, dititipkeun ka Wiwin (batur sakelas), nu kabeneran urang Sumedang deuih.
Nepi ka hiji mangsa, Yuyum nyarita, kuring dipapancénan ku sepuhna, kudu ngajar adina (Gilang Rubiawati), pangpangna pangajaran matématika. Unggal poé Juma’ah ngajar Gilang téh.
Sakapeung, lamun kaburitan, kuring sok mondok di bumi Pa Ahmad (ramana Yuyum) nu jadi dosén di Unpad. Ari jeung Yuyum-na mah arang panggih, lantaran di Sumedang teh milu jeung dulurna. Arang balik ka Tanjungsari.
Harita kuring geus nincak ka kelas tilu SMU. Tah, sajeroning sok nganjang ka bumi Pa Ahmad téh, tangtu bae ku jalanna Yuyum, kuring mindeng ngobrol. Kuring meunang bongbolongan ti anjeunna tina perkara nyanghareupan kahirupan. Sarta nepi ka ayeuna, loba cariosan Pa Ahmad anu masih kénéh nyangsang, tur anjeunna mah teuing émuteun kénéh teuing henteu.
Sabada kaluar ti SMU, mimiti arang hubungan. Sakanyaho Yuyum neruskeun ka Unpad. Ari kuring mah “ngalalana” ka Bandung, teu neruskeun sakola, da teu boga modal téa. Pleng wéh aya taunna.
Nincak taun 2008, kakara meunang deui kontak jeung Yuyum.***
lugiena de - 12-03-2008 pukul 23.36
Basa wawancara jeung Kang Dadan, ngaran Yuyum teh kasabit-sabit. Geulis horeng Yuyum teh……. He he he…..
mang maya - 30-03-2008 pukul 16.21
hehehehe….
keur neangan tuisan negunaan kulawarga kang dadan…
aya teu kang, dongeng keur bobogohan ???
Dhipa - 30-06-2008 pukul 18.16
Ditilik tina ngaran, Yuyum jeung Dadan, rea saruana. Ngandung dua hurup vocal jeung tilu konsonan. Jumlah hurupna sarua lima. Hurup nu saruana aya dua, boh Yuyum (U) pon kitu deui Dadan (A). Basa diitung make paririmbon, ninggangna teh Sangga Waringin jeung Padaringan Kebek. Ku kituna, repok pisan. Jadi, lamun ieu dua mahluk Gusti ngahiji, rada dijamin bakal hirup sauyunan nepi ka pakotrek iteuk.