Rika Rafika“Tresnaning Tresna” téh sajak kénging Godi Suwarna, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Rika Rafika. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan klipna.



TRESNANING TRESNA Sajak Godi Suwarna Lagu Dian Héndrayana Arr. Adi Pribadi Nu Ngahaleuang Rika Rafika Bet gumeter ramo-ramo haté kuring. Ngagupay-gupay salira. Geus lawas teuing ku lawas, madu anggang ti amisna. Nya ieu kuring maduna, bet piraku ilang sari salawasna. Saban rénghap pirang-pirang binih kembang ditebar salega sukma. Bari disiram kamelang, bising garing pepetétan. Geus lawas teuing ku lawas. Geuning salira teu rekah na amparan taman kuring. Duh, tangkal nu ditilar kembang. Geuning daunna muguran. Tuluy kuring ngarangrangan. Salawasna (tina Blues Kéré Lauk, Geger Sunten)