Ku Hawé Setiawan

Lantaran karancagéan Ajip Rosidi saparakanca, urang Sunda kiwari mibanda Ensiklopedi Sunda. Ieu buku munggaran disalabarkeun di Jakarta, 6 September kamari. Eusina, cara ilharna ensiklopedia, warna-warni pisan. Ti mimiti biografi inohong-inohong Snda, nepi ka katerangan saniskara unak-anik kasundaan. Lain ngan inohong jeung budaya Sunda wungkul deuih nu dipedar téh, tapi ogé inohong jeung budaya Bétawi katut Cirebon. Kandelna gé teu kapalang, matak sawan nu kakara beunta,: 800 kaca. Éta téh cenah, hasil hese cape salila sapuluh taun.

Puguh gé matak reueus. Ku medalna Ensiklopedi Sunda, urang boga dokumen budaya nu kacida munelna. Boh sarjana boh kaom awam, bisa ngamanpaatkeun éta karya monumeltal énggoning maluruh pangawéruh ngeunaan naon baé nu aya patuli-patalina jeung kasundaan. Munasabah, mun ti semet ayeuna urang moal era teuing ku batur. Ari geus aya ngajanggélek kitu mah, piraku sugan urang hayoh-hayohan disebut masyarakat nu teu miboga kasadarn sajarah mah, nu anti dokumentasi téa.ari rambat kamalena mah puguh baé matak beurat nyanghareupannana. Da apan éta ensiklopedia téh kudu direvisi sacara periodik sangkan eusina tetep up to date. Ngan keur saheulaanan mah, urang geus miboga tatapakan.

Tapi heup, kareueus urang teundeun dihamdeuleum sieum. Lantaran disagédéngeun éta, réa keneh leuyepaneun ngeunaan perkara etnisitas, nu brasna kana perkara identitas. Moal aya Ensiklopedi Sunda mun euyeuh kajinekan ngeunaan etnisitas sarta identitas Sunda. Cohagna, sasat aya garis wates nu tegés nu ngabedakeun urang Sunda ti seler lianna. Kulantaran kitu, upamana, Ki Sunda pamohalan dicutat dina Ensiklopedi Jawa, atawa sabalikna Si Jawa mustahil seseleket dina Ensiklopedi Sunda.

Tapi nepi kabeulah mana urang bisa ngajineukeun garis wates nu tegés? Da saenyana mah unggal jalma téh hibrida tina rupa-rupa budaya. Lir tatangkalan hasil cangkokan. Deura wé tingal tuh Benjamin G. Zimmer: lahir di Amerika Serikat, turunan Yahudi, ngagém agama Islam, boga kabogah katurunan Iran, tabah kana basa Sunda, make jeung bisa tukal-takol kana gamelan sagala deuih. Kudu disebut urang mana manéhna? “kuring mah urang Euro American,” ceuk Ben. Geura étah, “Euro American“, kapan ngandung harti cangkokan Eropa jeung Amerika.

Dina Ensiklopedi Sunda gé aya lenyepaneun modél kitu téh. Contona baé, di dinya dimuat katerangan ngeunaan aktor moyan Slamet Raharjo. Ibuna mah enya urang Sunda. Tapi kapan sapopoena mah Mas Slamet téh remen cumarios ku basa Jawa. Malah katingalina mah jiga nu ngagém Kejawén deuih. Lianti Mas Slamet, aya deuih inohong turunan Tionghoa nu riwayatna dimuat di dinya.

Kategorisasi Ajip enggoning neangan urang Sunda saennyana mah basajan: ngarasa jadi urang Sunda atawa heunteu? Sanajan hiji inohong kacirina urang Jawa, tapi mun ngarasa manéhna urang Sunda, nya kudu diaku urang Sunda. Pon kitu deui sabalikna, sanajan éta inohong kasebutna urang Sunda, tapi mun ngarasa manéhna urang Batak, nya teu kudu diaku urang Sunda. Kacirana basajan memang. Tapi kategorisasi kasundaan modél kitu téh seeayana boga akar anu pageuh, lantaran nyantelna kana alam rasa. Lebah dieu Ajip kacirina ngawakilan hiji pamadegan romantik ngeunaan identitas kasundaan. Ceuk ieu pamadegan, Sunda téh perkara rasa.

Ngan nya kitu, pamadegan modél kitu nu kadieunakeun sok remen ditalek deui téh. Dina seuhseuhana mah aya kacangcaya maha enya urang bisa ngarasa jadi bagian tina hiji etnis kalawan jinek. “nya ieu dunya di mana urang teu ngalaman deui ayana kajinekan ngeunaan diri sorangan, dunya kacangcayaan kana wates-wates anu tegés jeung jinek ciri-cirina (It is a world in which wé no longér experience a secure sense of self, and in which doubt is incréasingly placed on the very assumption of a bounded identity with palpable attributes),” ceuk Kenneth J. Gérgén dina buku Saturated Self: Delemmas on Identity in Contemporary Life).

Tuda ayeuna mah jaman “McDonaldisasi” téa. Pangaresep sakur nu nyicingan ieu dunya lir nu disakompetdaunkeun: sareréa digoda sangkan mikasedep goreng hayam Amerika atawa roti Walanda. Jeung deui barina gé saha atuh nu teu apal kana MTV? Sumawonna ku ayana internet, wates-wates etnisitas lir nu kapupus. Cindekna, mun ditingali tina jihat life style jaman ayeuna, hese kabina-bina ngarasa-rasa ayana identitas etnis nu tunggal, jinek, tur tegés téh. Nu kaalaman, identitas etnis téh bet sorosopan. Enya gé ngarasa jadi urang Sunda, da ngan saukur kakapeungan. Sakapeung asa jadi urang Sunda, sakapeung deui bet taya bedana jeung urang Amerika.

Cek nu baheula naréken Surat Kepercayaan Gélanggang, urang téh “ahli waris kabudayan dunya”. Naha éta gé ngandung harti yén saenyana nu disebut identitas geus teu perelu dipatalikeun jeung etnisitas nu réa rupana téa? Duka tah. Nu sidik, kacida hesena neangan urang Sunda téh saenyana mah. Malah boa geus tanya di kieuna atawa memang teu kungsi aya.***


Tags: ,