“Tresnaning Tresna” téh sajak kénging Godi Suwarna, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Rika Rafika. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.
Iber: ieu lagu disimpen dina situs babagi musik (http://www.imeem.com). Teu benten ti dina YouTube, kanggo ngadangukeun ieu lagu, diperyogikeun Adobe Flash Flayer 8 (atanapi nu langkung luhur ti eta), mudah-mudahan tos aya dina browser nu nuju dianggo ku Sadérék).
TRESNANING TRESNA
Sajak Godi Suwarna
Lagu Dian Héndrayana
Arr. Adi Pribadi
Nu Ngahaleuang Rika Rafika
Bet gumeter ramo-ramo haté kuring. Ngagupay-gupay
salira. Geus lawas teuing ku lawas, madu anggang ti
amisna. Nya ieu kuring maduna, bet piraku ilang sari
salawasna. Saban rénghap pirang-pirang binih kembang
ditebar salega sukma. Bari disiram kamelang, bising
garing pepetétan. Geus lawas teuing ku lawas. Geuning
salira teu rekah na amparan taman kuring. Duh, tangkal
nu ditilar kembang. Geuning daunna muguran. Tuluy kuring
ngarangrangan. Salawasna
(tina Blues Kéré Lauk, Geger Sunten)