Tentang Daluang
Apa itu daluang?
Tradisi menulis sudah ada sejak dulu. Pada jaman baheula kita mengenal daun lontar yang digunakan orang-orang masa lalu untuk menulis. Setelah itu muncullah daluang, kertas tradisional Sunda yang dibuat dari kulit kayu pohon saéh (Broussonetia papyryfera Vent). Pembuatannya dilakukan secara manual dengan cara disamak menggunakan peralatan yang sangat sederhana, diperam, dan dijemur di terik matahari.
Kini daluang sudah hampir punah. Padahal, keberadaannya membawa banyak manfaat lantaran digunakan untuk menuliskan berbagai ilmu. Kemudian datanglah generasi kertas, dan kini generasi digital yang memungkinkan menulis tanpa menyediakan tinta dan kertas.
Mengapa daluang.com?
Sekedar mengingat kembali fungsi daluang yang pernah digunakan untuk menulis. Tradisi menulis memang tak akan pernah hilang, apa pun media yang digunakannya.
Situs ini pun bertujuan untuk memawadahi apa yang pernah saya tulis. Fungsi daluang dan web saya kita memiliki persamaan, dapat digunakan untuk menulis.
Selain itu, dalam bahasa Sunda terdapat peribahasa yang berkaitan dengan pencarian ilmu: nyiar luang tina daluang (mencari ilmu dari sumber-sumber tertulis).
Lebih lanjut dengan daluang dapat dibaca di:
- Daluang dan Tinta Gentur dalam Tradisi Menulis Masyarakat
- Cara Membuat Kertas Daluang





Dhipa Galuh Purba
isuk jaganing geto bakal aya nu nyieun web: http://peso-pangot.com.
Ari Peso Pangot teh paranti nulisna, mun ayeuna mah pulpen atawa patlotna.
Tah.. lamun geus aya nu nyieun peso-pangot.com, mangka eta pisan pijodoeun teh…
Dhipa Galuh Purba
Ka baraya sanésna, nguningakeun, Dhipa Galuh Purba téh nu ngurus http://galuh-purba.com.
nety
sampursun kng dadan.
wilujeng ..geuning aya web enggal.
ngiring bingah pisan..duh web na sae pisan.
teu kenging hilapnya ajak ajak ka kampung.abdi bade di ajar ngala bako..ah…
oh ngahaturkeun wilujeng milangkanya,mugia sehat panjang yuswa..seur rejekina bahagia dunia sareng akherat.
baktos
eceu nety
Hatur nuhun deuih kana pidu’ana. Mudah-mudahan Téh Néti gé salamina dipasihan kasinugrahan. Amin.
Baktosna,
Dadan Sutisna
Asepsajah
Horeng kitu daluang teh ????
kamari-kamari mah abdi upami nguping ‘daluang’, anu kabayang teh cangkang bungkus semen, anu soklat tea geuning.
Singhoreng-singhoreng…..!
Mugia aya anu berwajib uninga kana ieu site, supados aya anu ngaganjar hadiah ka kang Dadan. Hadiah Rancage tea geuning, rancage nyusun coding, rancage nyusun seratan, ah rancage weh poko na mah….
siiiip lah……
windhy
kang dadang, saya tertarik membudidayakan tanaman saeh sebagai bahan baku daluang dengan teknik kultur jaringan tanaman utk konservasi.bisa bantu saya bisa dapat mendapatkan informasi tentang tanaman saeh/daluang secara lengkap.terimakasih.
Salam,
Dadan Sutisna
yatun r. awaliah
he… daluang.com
ah ke atun mah bade ngadamel…
clom_giriwil.com
da ayeuna mah nuju resep ngueup
Teh Tini
Duhh…Daluang.com tos rengse hehhehe
abi di ajar sesah geuning teu tiasa2 janten webmaster teh
bade di ajar atuh ka kang Dadan.Web anu teteh mah teu anggeus2 hehehhe
Kedah leukeun, Teh. Insya Alloh dikeureuyeuh mah bakal tiasa… hehe (Dadan Sutisna)
surya edun
sok ah teraskeun. Saha deui atuh ari lain papada urang.
perkwis judul mah rek daluang, rek kararas, rek lontar, rek … nu penting mah saha nu rapekan eta nu panghadena.
Hebat daaak…!
asep ruhimat
da di cimahi mah daluang teh kardus urut wadah aqua, saban isuk dikorehan ku tukang kindeuw…
cece hidayat leutik tea
Daluang? Sigana merenah kiratana tina kecap da….luang! Sabab ari nu luang mah sok loba waktu keur mikir jeung keur nembrakkeun ideu katut pamikiranana kana tulisan. Contona para bujangga kapungkur anu nyerat rupaning karya sastra buhun pan loba luangna: luang ku elmu, luang ku waktu, luang ku pangalaman, luang ku pangabisa, luang ku…..wawasan jeung kajembaran hatena! Kitu, cek kirata mah sigana, nya?
Naon sababna Dadan Sutisna produktif nulis? da….luang! sanes da…(l)uang,nya?
Atawa kirata sejenna mungkin daluang= pada-pada luang? Nyanggakeun….diantos waleran komentarna!
trian islaminur
Cep Dhipa…. pami teu lepat, peso pangot mah leres alat paranti nulis, tapi sanes nulis dina daluang, dina daun lontar, da nulisna diguratkeun kana daun lontar nu masih baseuh keneh. Tapakna digaringkeun jadi aya aksaraan, guguratan…cobi geura taroskeun ka ahli filologi Kang Undang A.Darsa!
Oscar Hadikaryana
Hatur nuhun masih aya nonoman anu ngariksa kana kisunda. Nu dina danget ieu geus loba ditinggalkeun. Boh dina basa boh dina tingkah paripolah. Website keur ubar nu hanaang ku sastra sunda. sakali deui nganuhunkeun ka Kang Dadan.
siti nurbayinah
sampurasun!!!
sukses kanggo kang dadan. kaleureusan kamari teh maca rubrik aksara sunda dina PR. tah aya weh daluang.com
abdimah ngiring bingah we salaku orang sunda……
mugi-mugi cing sukses salawasna.
Dadan Sutisna
@siti nurbayinah
Amin.
Nuhun tos ngalongok kana blog abdi.
aru basajan
kang manawi teh magdalena daluang nu tukang maca berita dina TVRI kapungkur gening. aeh-aeh horeng kitu daluang teh nya. atuh lamun aya urang sunda nu produktif nulis teh aya ti beh dituna…..
lah wilujeng pokonamah kang, kuring reugreug ayeuna mah. kajeun teu boga uang keun be teuing, asal bisa ngdaluang..he
teteng jumara
Sampurasun ! nepangkeun abdi, urang kampung Pasirkaro, desa Tarikolot, kec. jatinunggal Sumedang anu ayeuna padumukan di Tangerang. Kapungkur , tahun 90-an nuju sim kuring di Bandung keneh sering nyerat carpon di Giwangkara, salah sawios judulna nu simkuring emut keneh, ” Daun Awi Pating Garupay”, waktos harita rada sering ngintunan seratan ka Giwangkara teh, namung ka palihdieunakeun mangkin ngendoran Kang Dadan ? kantos kamari ketah ngintunkeun puisi sunda ka Mangle malih dimuat, judulna ” Dina Jandela Nu Muka “. Ngaos personal web- Daluang kagungan kang Dadan sapertos kasemangatan deui kana nyerat dina basa sunda teh, langkung2 upami kang Dadan keresa ngabagi elmu kumaha carana ngadamel personal-web sapertos daluang kagungan kang Dadan, kataji pisan. Hatur nuhun sateuacanna. Wassalam.
Mang Ajid
Sampurasun…!
Nepangkeun simkuring ti Tasikmalaya.
Salam kenal kanggo Kang Dadan.
Blog Sunda teh ngarupikeun blog-blog karesep simkuring.
Wilujeng…Kang.
amin
Kang, nyuhunkeun widi..abdi bade masangkeun banner link website Akang di http://www.seserengehan.blogspot.com
Hatur nuhun
asep
Teuing kumaha ngebrehkeun kabungah pedah aya jalma saperti kang dadan nu haat nyaah ka Ki Sunda. Pancen urang ayeuna kumaha bisa ngaraketkeun papada urang ku jalan nulis atawa ngomentaran kana tulisan nu “rada ilmiah” ulah nu sipatna emosional wungkul saperti jalma nu kakara panggih bari cocorowokan. Pek ketrukkeun sagala pamanggih, pamadegan, atawa argumen ngeunaan isu lokal, regional, nasional, atawa internasional kana ieu wadah. Ngan sing inget, ulah bari ngorengkeun batur (pribadi, institusi) bisi kajiret ku UU . Tatapakanana kudu ngilmiah najan dibarung ku guyon saeutik. Prung ah!!!!
Ihwan
Abdi nembean terang kecap daluang ieu, hatur nuhun infona.. sareng nepangkeun kang
Dadang Sadkar
ngiring aub, ah, bari sakantenan nepangkeun. tos terang kieu mah insyaallah simkuring baris mindeng nganjang.
Lasmanah
Assalamualaikum Kang Dadan….nepangkeun wasta abdi Lasmanah asal Ciamis ayeuna dumuk di Bogor.
alhamdulillah asa mobok manggih gorowong, asal muasalna pun anak pasosore bada mulang ti sakola pajar teh kenging tugas milari carita sunda atawa dongeng, ari milari buku sunda teh rada hese komo di bogor mah. sim kuring teh nyobian tah milari dina search engine, eh……breh teh aya daluang. Hatur nuhun ah Kang Dadan ieu web teh mangpaat pisan
putragaluh
Bingah pisan tiasa mendakan ieu website, salam silaturahmi ti urang ciamis anu ayeuna janten urang cianjur. manawi teu ka abotan nyuhunkeun widi kangge repost tulisan-tulisan bahasa sunda kangge di publikasikeun di http://www.cianjurcybercity.com nuhun
Bibien Kusbini
Ass Wr Wb, pribados asli ti Tasikmalaya ayeuna di Bekasi, paparan Kang Dadan tangtos diperyogikeun pisan ku wargi2 di tataran sunda. pribados bade naroskeun perkawis Eyang Singakerti anu makamna teh di kampung pribados nyaeta di Salawu Tsm. menurut kabar berita saurna teh Eyang Singakerti teh salah satu pengawal utama Prabu Siliwangi, saupamina Kang Dadan uninga mengenai Eyang Singakerti, tinangtos pribados sareng warga di Salawu hoyong terang sejarahna Eyang Singakerti. hatur nuhun.