Nyanggakeun ieu tatarucingan nu kadua, étang-étang hiburan wé. Ka nu badé ngawaler, mangga baé serta dina komentar, luyu jeung nomerna. Jawaban nu leres (nu teu leres gé) engké dipasihan hadiah. Hadiahna du’a wé nya, mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya ahérat. Amin.
Nanging ieu mah tatarucinganana dina wangun wawangsalan. Perkawis wawangsalan, tiasa diaos artikelna di dieu: http://daluang.com/wawangsalan/
- Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima téh teuing.
- Abdi téh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing.
- Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan.
- Ajag désa basa Jawa, naha bet kalangsu teuing.
- Alun-alun lamping pasir, bulak-balik siang wengi.
- Anak beurit dina karung, kapan Endén mundunt encit.
- Anak sapi leutik kénéh, tingsérédét kana ati.
- Beulit cingir simpay réma, ulah lali ka sim abdi.
- Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi.
- Renyu lambey wiru biwir, siang wengi kapiémut.
jalu - 05-07-2008 pukul 22.20
punten bade ngawaler nu ka.1. korma 2.areu 3.pisin 4.asu 5.bubulak 6.taluk 7.pedet 8.ali 9.oray 10.imut hatur nuhun.
Yan Haryanto - 07-07-2008 pukul 16.01
Wah … sesah pisan yeuh. Cobian nya.
Kanggo nomer 1, maksadna teh panginten teungteuingan lamun teu ditampi. Leres kitu?
awo - 10-07-2008 pukul 01.14
ah tos kawaler rupina mah ku kang jalu sadayana, kantun nomer 6. aom duka aum.
nuhun
astriadi - 10-11-2008 pukul 20.14
no 6 mencit (beurit nu sok dipake di lab)
mun teu lepat mah ^^