Nyanggakeun ieu tatarucingan, étang-étang hiburan wé. Ka nu badé ngawaler, mangga baé serta dina komentar, luyu jeung nomerna. Jawaban nu leres (nu teu leres gé) engké dipasihan hadiah. Hadiahna du’a wé nya, mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya ahérat. Amin.
Ieu sisindiran kénging nyutat tina buku Tatarucingan, Yu yasana Hadi AKS (Pamulang, 2006).
- Maké baju bodas lain dokter, make topi héjo lain tentara. Naon?
- Hayam naon anu sukuna sarébu?
- Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
- Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
- Sato naon anu teu bisaeun mundur?
- Bangku naon anu bisa didahar?
- Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
- Batu naon anu teu aya di cai?
- Oray naon anu teu bisaeun ngaléor?
- Jalma naon nu sukuna tilu panonna opat?
- Di luar konéng, di jero bodas, nu apaleun monyét.
- Hayam naon anu sukuna hiji?
- Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
- Gajah tumpak béca, gedé naonna?
- Baso dibalikkeun jadi naon?
- Awakna leutik pisan, sirahna gedé pisan.
- Nini-nini bongkok kumaha saréna?
- Piring naon anu bisa dipaké nempo bulan?
- Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
- Naon sababna ban mobil tina karét?
Tags: Tatarucingan Sunda
Budak Bengal - 26-06-2008 pukul 20.03
Nomer 5: mun dina mobil mah, eta sato teu bogaeun perseneleng paranti mundurkeun, atawa persenelengna ruksak.
Yan Haryanto - 27-06-2008 pukul 09.22
No. 1 tah pasti “toge”
No.3 hahahaha pasti “korong”
No.4 hahaha sababna ban na buleud; lamun segi opat pasti tipopolotot.
No.20 ban mobil teh tangtos kedah tina karet, da lamun tina kueh mah engke dituang ku kang Dadan hehe
Nomer nu sanesna kanggo nu sanes bae nya
Yan Haryanto - 30-06-2008 pukul 12.40
Kanggo nomer 5: Eta pasti satu anu bujurna nempel ka tembok. Leres teu?
Yan Haryanto - 01-07-2008 pukul 13.35
Nomer 6 tah pasti Bangkuang
Nomer 7 éta mah rujak
Nomer 8 batu nu garing
Nomer 9 oray nu ngalegleg linggis (cenah ceuk babaturan sajah)
Nomer 11, oge ceuk babaturan sayah: cau!
ndoell - 02-07-2008 pukul 16.14
1. Maké baju bodas lain dokter, make topi héjo lain tentara. Naon? TOGE
2. Hayam naon anu sukuna sarébu? TEUING
3. Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? KORONG
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? BAN-NA BULEUD
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar? BANGKUANG
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! RUJAK
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaléor? ORAY TOS NGAHAKAN LINGGIS
10. Jalma naon nu sukuna tilu panonna opat? AKI2 MAKE ITEUK
11. Di luar konéng, di jero bodas, nu apaleun monyét.
12. Hayam naon anu sukuna hiji? HAYAM NU DIAMPUTASI
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. KARETA API
14. Gajah tumpak béca, gedé naonna? GEDE BOHONGNA
15. Baso dibalikkeun jadi naon? BAHE
16. Awakna leutik pisan, sirahna gedé pisan. REUNGIT MAKE HELM
17. Nini-nini bongkok kumaha saréna? NYA PEUREUM ATUH IH !
18. Piring naon anu bisa dipaké nempo bulan? PIRING NU GOROWONG
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karét? AH TEU KUDU DIPIKIRAN SING GERING..
HI HI..
Yatna, Karawangg - 02-07-2008 pukul 19.33
No. 2. Hayam Wuruk nu calik dina tandu sarta digotong ku limaratus urang punggawa. Lamun ahli matematika tangtos satuju !
Yan Haryanto - 03-07-2008 pukul 14.07
Eeeh, … si ndoel meuni diborong kabeh, hehehe …
jalu - 05-07-2008 pukul 22.28
no 2.hayam goreng no19.manuk katincak.
ambas-awo - 10-07-2008 pukul 01.06
no 5. bagong no.8 batuk batak manawino. 11. sieun ah ngajawabna, ke we tos aya monyetna.
Yan Haryanto - 15-07-2008 pukul 16.07
No. 11 mah cau lah …
nurul - 06-08-2008 pukul 21.04
jawaban nana sugan jigana
1. Maké baju bodas lain dokter, make topi héjo lain tentara. Naon? TOGE PICINYIH
2. Hayam naon anu sukuna sarébu? HAYAM LANCUKNA TITINGGI
3. Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? KORONG
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? BAN NA TEU KOTAK
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? UNDUR-UNDUR
6. Bangku naon anu bisa didahar? BANGKUANG
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! RUJAK JERUK
8. Batu naon anu teu aya di cai? BATU BATRE
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaléor? ORAY TOS NGAHAKAN LINGGIS
10. Jalma naon nu sukuna tilu panonna opat? AKI2 MAKE ITEUK
11. Di luar konéng, di jero bodas, nu apaleun monyét. NINI NINI NAEK TAKSI DI AMERIKA
12. Hayam naon anu sukuna hiji? HAYAM KATINCAK
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. SEPUR
14. Gajah tumpak béca, gedé naonna? GEDE BOOLNA
15. Baso dibalikkeun jadi naon? TAMPLOK
16. Awakna leutik pisan, sirahna gedé pisan. JARUM PENTUL
17. Nini-nini bongkok kumaha saréna? NYA PEUREUM ATUH IH !
18. Piring naon anu bisa dipaké nempo bulan? PIRING NU KOHOK
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? MANUK KATINCAK
20. Naon sababna ban mobil tina karét? MUN NA COKLAT BISI BEAK KUNU MACA
Aang zaeni garut - 20-08-2008 pukul 15.38
Jawabannana ieu mah ngaramekeun weh…
7. buah dalima
9. oray ngadahar linggis
10. jalma anu di iteuk terus pake kacamata
14. gede korong na
15. nya angger buleud atuh,
17. sarena bari lulumpatan
hahhhhhh kang nurul bener kabeh tah…
cokot lah hadiahna..
asep - 30-10-2008 pukul 00.10
Nepangkeun abdi jang Asep nu kasep bade nyobian ngawaler tatarucingan nu teu ka waler:
1. sami, toge.
2. Hayam naon anu sukuna sarébu? HAYAM nincak TITINGGI
3. Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? KORONG, tai ceuli
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? BAN NA buleud, sabab mun KOTAK mah jlag jlig jlug bujeng bujeng bade bobo nu sidik mah “jangar”.
5. katinggalna mah bagong.
6. sami BANGKUANG
7. jelas RUJAK, manawi ti asa langkung ti sarupa.
8. Batu naon anu teu aya di cai? BATU BATRE nu masih diangge, atanapi Batu NUNGGAL.
9. ORAY TOS NGAHAKAN LINGGIS, atanapi oray “kram”
10. Jalma nu rempo geus bolor di iteuk.
11. Di luar konéng, di jero bodas, nu apaleun monyét.
Si monyet ngahakan cau.
12. Hayam naon anu sukuna hiji? HAYAM diamputasi
13. katinggalna mah kereta api
14. ah ieu mah teu aneh…
15. Baso dibalikkeun jadi naon? jadian deui meuli baso
16. katinggalna mah JARUM PENTUL
17. piraku teu uninga…
18. mungguhing simkuring mah PIRING NU bolong jadi katempo.
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? MANUK pejet KATINCAK, siga na felem kartun.
20. Naon sababna ban mobil tina karét? MUN NA COKLAT BISI BEAK KUNU MACA satuju sayah mah lah.