Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 18-07-2008 13:55:51 | Tanpa komentar »
TINA déhémna gé geus kanyahoan yén nu rék jadi hotib téh Kang Asép (Drs. Asép Salahudin, M.Ag). Sok mindeng tepung jeung éta ajengan téh, urang Garut, sok tulas-tulis, jeung mindeng nganjang ka kantor deuih. Anjeunna rutin, najan teu unggal juma’ahan, sok jadi hotib di Masjid Al-Ikhlas, di Jalan Gitar, Turangga, Bandung. Poé Juma’ah ieu nya anjeunna pisan nu ngahotibanana téh.
Biasa wé, ku lantaran di jero mah heurin, nu Juma’ahan réréana mah ngampar di buruan, handapeun tangkal palem nu ieuh linduh.