Kategori: Hirup teu Nyorangan | Dimuat pada: 28-02-2008 21:48:58 | 1 Komentar »
HIJI poé, dina paro taun 1998, kuring ngajanteng lebah alun-alun Tanjungsari. Sakumaha sasari, harita mah, megat mobil nu ka lembur téh sok di alun-alun. Keur anteng ngahuleng, reg aya angkot eureun hareupeun pisan. Aya nu turun singhoréng téh. Ibu-ibu, kira-kira 40-an, maké baju setélan guru, ditiung kayas, ngajingjing kantong hideung. Basa ngarérét ka kuring, bet terus melong: