Bahasa Indonesia
Ngaprak Internét Maké GSM AXIS

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 06-07-2008 03:48:04 | 7 Komentar »

Koneksi GSMKabeneran “nimu” HP Sony Ericsson, tipe K510i. Geus bisaeun GPRS. Nya nyobaan disambungkeun kana komputer maké kartu Simpati. Berekah, mani bebelenyengan. Ngan édas, ieu mah leuwih-leuwih ti dibégal. Dipaké browsing mah, geus wé matak béak modal. Kungsi sajongklokan béak 25 rébueun. Ku teu kira-kira étah Télkomsél, paingan téréh beunghar. Nya dipaké chatting mah rada leuheung teu ngajaul teuing pulsa téh. Tapi pan urusan jeung internét téh lain chatting wungkul.

Nya kamari nyobaan meuli GSM anyar, AXIS téa. Dipentés sinyalna di lembur, wah hadé, méhméhan mudal. Der wéh konéksi… berekah, teu awis teuing. Sigana pédah promosi kénéh kitu. Cobi wé, online ti isuk-isuk ngan béak 700 pérak (dipaké chatting, muka émail, jeung ngabales émail, tapi teu wantun ngadonlod vidéo tina Youtube mah, ceuk Aki Icon mah, bilih hapéna ngabeledug).

Mimiti Ngaprak Internét jeung Program-Program Komputer

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 06-07-2008 03:42:29 | 3 Komentar »

Ikon Internet GEUS mimiti karasa héséna ninggalkeun “mahluk” nu ngaranna internét téh. Ongkoh réréana, pigawéeun téh aya patalina jeung internét. Nu matak teu béda ti Aki Icon, boa matak huleng jentul mun sapoé teu OL téh. Teuing di geringna mah … Nya éta, pangna kitu téh lantaran karasa pisan pentingna. Nya tos papada terang naon pentingna mah, teu kudu dipedar deui sigana.

Basa Sunda