Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 27-02-2008 02:27:18 | 1 Komentar »
Sajeroning dina beus, Si Uya jeung Si Onyét hookeun. Kakara meureun umur-umuran nénjo kota. Gedong jangkung patingjungkiring di sisi jalan. Lampu-lampu tingbaranyay warna-warni. Cacakan peuting mah, mani ramé pisan.
Nu tumpak beus narungtutan turun. Tungtungna mah tinggal opatan: Mang Mencek, Si Uya, Si Onyét jeung Pa Maung, nu keur nyupiran téa. Pa Maung maké baju loréng, kumis jeung godégna diingu, atuh beuki pikasieuneun wé