Bahasa Indonesia
Pindah Cai Pindah Tampian

Kategori: Di Lembur Kuring | Dimuat pada: 27-02-2008 02:01:42 | 7 Komentar »

KEUR budak mah, nu panghoréam-horéamna téh ari dititah mandi. Réa kacaturkeunana, barudak harita mah rada nyatru jeung cai téh. Teu saeutik nu kakara indit ka tampian téh mun kolotna geus ngamang-ngamang nyéré.

Horéamna téh ku dua ku tilu. Geus karuhan ari tiris mah-komo mun mandina disedekkeun ka burit-da puguh lembur téh di suku gunung. Éta pangpangna mah, ku jauhna. Geura wé, ti imah téh kudu ngasruk heula, ngaliwatan pudunan jeung kebon awi. Terus mapay solokan, mun hayang téréh kudu ngagurawil kana gawir. Leumpangna gé aya kana sapuluh menitna.

Perda Budaya, Kumaha Boa

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 26-02-2008 09:57:00 | Tanpa komentar »

Dina ngadegkeun imah-balé kabudayaan daérah nu ditatapakan ku Perda téa, urang gé perelu ku nu teuneung jeung kritis. Ludeung tur wani nembrakkeun pasualan nu nonggérak dina kongkolak panon.

Krisis Nilai Dalam ”Kembang Kadengda”

Kategori: Klipping | Dimuat pada: 25-02-2008 01:01:04 | 1 Komentar »

Selain Dian dan Ani dalam acara yang dipadu oleh Rin Candra Resmi dan Beki, tampil pula pertunjukan teater multimedia produksi Komunitas Teater Tradisi dengan sutradara Euis Balebat, dan Lasykar Panggung dengan sutradara Yusef Muldiyana. Kedua kelompok teater tersebut masing-masing menampilkan pertunjukan petikan cerita pendek dari antologi cerita pendek tersebut yang diterbitkan oleh Balai Pengelola (BP) TBJB.

Basa Sunda