Bahasa Indonesia
Merajut Penggunaan Bahasa Sunda

Kategori: Klipping | Dimuat pada: 11-11-2008 22:36:13 | Tanpa komentar »

Eksistensi bahasa Sunda di kalangan generasi muda kembali dipertanyakan. Bahasa Sunda sering dikatakan kalah populer dibandingkan dengan dialek Betawi yang sering diucapkan artis di televisi. Ada yang mengatakan tidak menggunakan bahasa Sunda karena menghargai teman yang bukan orang Sunda, merasa sulit mengucapkan, atau bahkan malu mengucapkannya.

“Peringkat” Bahasa Sunda

Kategori: Esai Indonesia | Dimuat pada: 09-04-2008 02:02:55 | 2 Komentar »

Oleh Dadan Sutisna

Yopi Setia Umbara bermaksud memperlihatkan berbagai kreativitas dalam bahasa Sunda. Dalam tulisannya “Bahasa Sunda dan Kreativitas” di Kompas (8/3/2008), Yopi mengawali dengan pernyataan bahwa menurut data UNESCO tahun 2007, bahasa Sunda berada pada peringkat ke-33 sebagai bahasa ibu yang digunakan masyarakat penuturnya.

(dimuat pada Kompas, Sabtu, 5 April 2008)

Potrét Hideung (1)

Kategori: Carita Mistéri | Dimuat pada: 13-03-2008 11:29:44 | 4 Komentar »

“Nu matak teu kaharti mah nu ieu…” cék Marni. “Akang gé tangtos émut kénéh, waktos urang dipotrét di kamar pangantén, teu aya sasaha deui. Urang dipotrét bari calik dina kasur. Akang nuju ngaléng abdi. Tapi éta di pengker, nu ditiung bet aya deui. Nuju calik nukangan kaméra. Siga nu adek kana tonggong Akang!”

Mistéri Haur Geulis (6): Ngatur Siasat

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:13:39 | 2 Komentar »

misteri-haur-geulis.jpg“Kieu lalakonna mah. Di hiji lembur, aya budak anu leungit. Caritana teu béda jeung Si Umar. Urang lembur embungeun néangan ka leuweung, lantaran dianggapna aya dedemit. Kabeneran aya barudak sakola anu kémping ka éta lembur. Maranéhna meunang béja, di lembur aya budak leungit. Kacaritakeun aya budak nu ngaranna Panji. Budak wanian, siga uing lah!”

Mistéri Haur Geulis (5): Leuweung Tutupan

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:11:11 | Tanpa komentar »

Emod dikungkuyung sarung, nyempod di juru bari nyarandé kana bilik. Diran jeung Rudi dadapangan, bari galécok nyaritakeun lalampahan bieu. Ari barudak awéwé, kalah ka galuntreng di tepas hareup. Teuing keur ngawangkong naon, ngan kadéngé sorana patingcikikik.

Mistéri Haur Geulis (4): Haur Geulis

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:07:25 | Tanpa komentar »

Panonpoé geus lingsir ngulon. Barudak ngagimbung di buruan Pa Kuwu, ngagandong kantong. Sanggeus sagala rupana tarapti, bring arindit. Apung, badéga Pa Kuwu, leumpang panghareupna. Dituturkeun ku Bu Éni jeung barudak. Pangtukangna, Pa Oding jeung Pa Kuwu. Ari Mang Amir mah henteu milu, sina nungguan mobil di imah Pa Kuwu.

Mistéri Haur Geulis (3): Di Imah Pa Kuwu

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:05:57 | Tanpa komentar »

Barudak tarurun tina mobil. Babawaan diakutan, ditunda handapeun tangkal kérsen. Ari mobil terus diparkir ku Mang Amir, diperenahkeun gigireun imah.

Emod mah kalah terus babalongkéngan. Teu tuman tayohna téh, tumpak mobil sakitu lilana. Leumpangna rumanggieung, siga ngadadak laleneng. Gék diuk dina téras.[]

Mistéri Haur Geulis (2): Di Jalan

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 03:01:29 | Tanpa komentar »

misteri-haur-geulis.jpgPa Oding calikna dina jok payun, gédéngeun supir. Ari jok tukang mah dilaaan, da ngarah lalega. Diamparan samak wéh. Babawaan dibugbrugkeun di tukang. Bu Éni calik di beulah kénca, diriung ku barudak awéwé. Pahareup-hareup jeung barudak lalaki.

Misteri Haur Geulis (1): Méméh Indit

Kategori: Carita Barudak | Dimuat pada: 08-03-2008 02:34:54 | Tanpa komentar »

misteri-haur-geulis.jpg“GEUS jam sabaraha, Mod?”

“Kakara ogé satengah tujuh,”

“Mani lila nya mobil téh?”

“Sigana mah di jalan kénéh. Uing gé hayang buru-buru indit ieu téh. Hayang nénjo sawah!”

“Bakal aya sawah kitu?”

“Puguh atuh, di lembur mah biasana ogé sok aya sawah. Aya walungan deuih!”

Basa Sunda