Bahasa Indonesia
Pindah Cai Pindah Tampian

Kategori: Di Lembur Kuring | Dimuat pada: 27-02-2008 02:01:42 | 7 Komentar »

KEUR budak mah, nu panghoréam-horéamna téh ari dititah mandi. Réa kacaturkeunana, barudak harita mah rada nyatru jeung cai téh. Teu saeutik nu kakara indit ka tampian téh mun kolotna geus ngamang-ngamang nyéré.

Horéamna téh ku dua ku tilu. Geus karuhan ari tiris mah-komo mun mandina disedekkeun ka burit-da puguh lembur téh di suku gunung. Éta pangpangna mah, ku jauhna. Geura wé, ti imah téh kudu ngasruk heula, ngaliwatan pudunan jeung kebon awi. Terus mapay solokan, mun hayang téréh kudu ngagurawil kana gawir. Leumpangna gé aya kana sapuluh menitna.

Mawakeun jeung Perétan dina Bulan Puasa

Kategori: Kutrat-Kotrét, Éséy Sunda | Dimuat pada: 24-02-2008 19:31:09 | Tanpa komentar »

Peretan, mawakeun jeung barangkirim dina bulan puasa teh tradisi anu kiwari masih keneh dipake, pangpangna ku urang lembur. Dina bulan puasa, di lembur mah sok balawiri anu mawa rantang. Silih anjangan jeung baraya. Silaturahmi, ngamangpaatkeun kasempetan dina bulan puasa nu pinuh berkah.

Basa Sunda