Urang Sunda dina Pakumbuhan Pilem Nasional
Lain ngan alam jeung budayana, urang Sunda gé milu makalangan dina pakumbuhan pilem nasional téh. Miluna téh lain ukur piritan milu endogan, tapi réa nu jadi kampiunna. Nu jaradi produser, sutradara, nulis carita, nyusun skénario, jurumusik, artistik, jurukaméra, kritikus, kolumnis, pangurus organisasi artis jeung organisasi pilem, jeung sajabana. Geus karuhan nu jaradi béntang mah, rapang-baranang matak kérok milang.

Pangheulana aya pilem nu kasebut laris, ‘meledak’ mun basa ayeuna mah, Poetri Solo, taun 1953, dibéntangan ku Titien Soemarni. Disusul ku pilem laris nu kadua, Djandjiku, taun 1955, béntangna Titien Soemarni kénéh.

Carita-carita karangan Éddy D. Iskandar, réa nu dipilemkeun sarta dipikaresep pisan, pangpangna ku barudak rumaja. Nu kaasup pilem laris di antarana Gita Cinta dari SMA, Puspa Indah Taman Hati, Semau Gué, Cowok Komersil, Marlina, jrrd.
Taun 1979 Gita Cinta dari SMA jadi ‘Terlaris III’ di Jakarta. Nu lalajona teu kurang ti 162.050 urang. ‘Terlaris IV’-na Suci Sang Primadona, di Jakarta dilalajoan ku 146.479 urang. Carita katut skénariona beunang Arifin C. Noer, sinéas urang Cirebon.

Tapi dina soal laris-laris kitu mah, can aya nu nendéng ka Bing Slamet Koboi Céngéng. Rékor ieu mah! Nu lalajo di Jakarta leuwih ti satengah juta! Mun dipreséntasekeun… teuing sabaraha tah pangeusi Jakarta taun 74 harita? Nu nyieunna PT Sinar Safari Sakti Film, dirékturna Bing Slamet ku anjeun. Dilélér ‘Hadiah Khusus FFI 1975 untuk Film Humor Terbaik’ jeung ‘Piala GPBSI FFI 1975 untuk Film Terlaris 1974-1975’. Dipikir sabadana mah Bing Slamet téh siga nu nungratkeun, ngeprukkeun tai kanjut, sabab éta téh pilemna anu pamungkas. Malah basa dilélér rupa-rupa penghargaan téh—dina acara FFI malem Kemis 30 April 1975 di Medan—’Sang Koboi Céngéng’-na mah geus mulih ka jati. Piala, piagam, jeung itu-ieuna gé ditarampanan ku putra-garwa katut mitra-mitrana wé, bari diharujanan ku cipanon.

Leungiteun dunya perpileman ku pupusna ‘Dukun Palsu’ téh. Can tangtu 100 taun sakali atuda, lahir Maéstro modél kitu. (Sajauh-jauh, urang lembur kuring gé réa nu carinakdak harita téh. Komo mun ngadéngé Titiek Puspa nyanyi lagu Bing, mani ngageunggeuik geuning, matak patingsérédét).

Keun soal laris mah atuh, bisi kagetrik ku pamanggih yén ngagimbungna nu lalajo mah teu bisa dijieun ukuran ajén.

Tapi da urang Sunda mah geus bukti, lain ukur bisa nyieun pilem nu laris, lain ukur bisa nyieun pilem nu ajénan, tapi bisa nyieun pilem nu nya laris nya ajénan.
Alam Surawijaya kasebut panggenténg-kadékna dina nyutradaraan pilem épos perjoangan, tapi nyatana nyutradaraan pilem nu lain épos gé bisaeun. Pilem Nyi Ronggéng apan, sajaba ti laris téh dipandang ajénan deuih. Malah ceuk JB Kristanto mah, dina bukuna Katalog Film Indonésia 1926-1995 (PT Grafiasri citakan kahiji, Agustus 1995): “Rasanya ini film terbaik Alam Surawijaya!” cenah. Tuh nya! Keun wé ukur rarasaan ogé, da jorojoyna ti ahli mah, moal méncog-méncog teuing, sugan.

Di Balik Cahaya Gemerlapan, pilem nu disutradaraan ku Misbach Jusa Biran laris pisan, bari Misbach-na meunang Piala Citra FFI penyutradaraan taun 1967. Saterusna ti saprak nyutradaraan éta pilem, Misbach mugen tara daék nyutradaraan deui—najan loba gé produser nu ménta—lantaran ngabandungan ray poé-ray poé téh pilem Indonésia mingkin arorat baé. Misbach narah dipaksa kudu pipilueun kikituan. Tandaning teu dapon honor tah, sutradara urang Sunda téh. Ari nulis carita jeung skénario mah teu eureun, jeung nulis rupa-rupa artikel ngeunaan pilem.

Komo Arifin C. Noer mah, sinéas urang Cirebon, dua kali meunang Piala Citra sutradarana téh. Jaba jeung carita, jaba jeung skénariona deuih, diborong.
Sutradara Teguh Karya nu kabina-bina mah. Préstasina can aya nu mapakan nepi ka kiwari, malah nepi ka iraha boa. Genep kali atuda meunang Piala Citra-na gé.

Téng manuk téng, murid merak kukuncungan, Slamet Raharjo nu miguru ka Teguh Karya, dua kali meunang Piala Citra FFI salaku Sutradara. Onjoyna téh kungsi meunang Piala Citra pikeun aktor terbaik deuih Slamet Raharjo mah, dua kali deuih. Ari pék téh duakalianana gé disutradaraanana téh ku Teguh Karya deuih! Pabaliut, kawas nu euweuh deui jelema!

Éros Djarot mah teu matak heran, tapi matak hélok. Vini-vidi-vici téh lain semet biwir. Datang-tandang-meunang! (atawa pucunghul-padungdung-unggul, kitu?). Ari der ‘ngajaran’ jadi sutradara, jol-jol rampid wéh Piala Citra téh dirampid! Dalapan widang atuda ku pilem Tjoet Nya Dhien-na téh! (ku Érosna tilu widang: carita, skénario, jeung sutradara). Nu modél kitu can aya deuih, sapanjang papatan perpileman nasional mah.

Dibilang-bilang mah Piala Citra widang penyutradaraan, tina 23 kali FFI téh (1955-1992), 12 kali beunang ku urang Sunda. Meunang kitu urang Sunda ngaku jadi juara umum?

Tina éditing ogé urang Sunda téh aya nu kungsi meunang Piala FFI, malah FFI munggaran (1955) nyaéta Asép Safari, dina pilem Réncong dan Surat Produksi Gabungan Artis Film, nu disutradaraan ku Basuki Éfféndi jeung Radén Sukarno (Réndra Karno).

Sutradara istri nu pangheulana di Indonésia, Ratna Asmara (garwa Andjar Asmara) nu nyutradaraan pilem Sedap Malam taun 1950, duka bibit-buit ti mana tah? Sutradara istri nu kadua mah urang Sunda: Sofia Waldy. Pilem munggaran nu disutradaraanana Badai Selatan, taun 1960 (produksi Ibukota Film). Saterusna nyirikclik ti taun ka taun. Binangkit pisan istri Sunda téh, asa teu manggih bangsana da, kaom ibu dina pilem nu réa cabakna siga ieu. Dina soal ékting, moal pati-pati meunang rupa-rupa panghargaan mun bongbolengeun mah. Jadi sutradara bisa, sakumaha ceuk tadi. Jadi produser atuh manukna, apan ngadegkeun pausahaan pilemna gé nepi ka tilu kali. Jadi organisator bisa, mana kungsi kapilih jadi Ketua Parfi gé (1971-1974). Nu ‘minculak’ pisan mah, jadi jurukaméra ogé bisaeun deuih! Pan ladang guguru ti Tilu Sadulur Wong, wong Syanghai téa.

Dina soal ngamusikan ogé, urang Sunda téh teu tinggaleun. Éros Djarot meunang Piala Citra dua kali, basa ngamusikan pilem-pilem Teguh Karya, Kawin Lari (1974) jeung Badai Pasti Berlalu (1978).

Embi C. Noer teu kurang ti 20 judul pilem nu dimusikanana. Sakali meunang Piala Citra FFI 1982 (pilem Serangan Fajar), 8 kali asup nominasi. Tong dicaritakeun ngamusikan sinétron mah. Padahal aya 7 judulna sinétron nu dimusikanana (di antarana Jendela Rumah Kita jeung Bukan Perempuan Biasa). Malah nu judulna Tasi… Oh Tasi jeung Kado Istiméwa mah asup nominasi FSI taun 1992 jeung taun 1998. Ngamusikan téater tong dicaritakeun deuih, sanajan mindeng gé dipaké ku N. Riantiarno jeung ingkang raka Arifin C. Noer.

Nu jaradi kritikus jeung kolumnis pilem gé aya, urang Sunda téh. Muhamad Rustandi Kartakusuma réa pisan nulis ngeunaan kritik pilem. Hiji di antarana kungsi meunang Sayémbara Penulisan Kritik Film Nasional (1974). Kungsi nulis skénario film Lagu Kian Menjauh. Ngan teuing naon pasalna bet bolay dipilemkeun.

Duduh Durahman, jadi nominator Penulisan Kritik Film FFI 1989, sarta jadi juarana mah dina FFI 1990. Kungsi sinelir jadi anggota juri FFI 1981.

Sajaba ti Sofia WD, nu kungsi jaradi pangurus organisasi artis jeung pilem di antarana Slamet Raharjo, Rachmat Hidayat, Dicky Zulkarnaén, Teguh Karya.

Nu jaradi béntang mah komo, moal kabilang! Boh béntang utama, boh béntang pembantu, komo jeung para figuran mah. Mana moal dituliskeun kabéh. Urang jojoan nu maloncorongna pisan wé, kitu gé sawaréh.

Radén Mochtar téa, mimiti maén taun 1935 (umur 17 taun) nepi ka taun 1991 (umur 73 taun). Mungguh kuring mah teu manggih deui béntang séjén nu tansah maén ti belekesenteng nepi ka tawéhwoh kitu. Merenah boa mun dicatet di MURI ogé. Atawa enggeus, ngan kuringna teu maca? Mémang mun ngitung jumlah pilemna mah, Radén Mochtar téh ‘ukur’ kurang-leuwih ngabéntangan 67 judul, tapi dina umur Radén Mochtar sesedengna laris jadi nu ‘boga lalakon’ mah (1935 nepi ka 1943) jumlah jamléh produksi pilem di urang téh ukur kurang-leuwih 68 judul, bari béntangna téh dikuah ku urang Tionghoa, da puguh lalakonna gé apan réréana mah lalakon Tionghoa.

Urang Sunda nu saentragan jeung Radén Mochtar téh Mochamad Mochtar, saumur tur salembur ti Cianjur. Mimiti maén taun 1939 nepi ka taun 1981. Sajeroning karirna, maén dina 58 judul pilem.

Pandeurieunana, nu muncul téh Radén Endang. Maén jeung Sofia Waldy dina Air Mata Mengalir di Tjitaroem, taun 1948. Teu awét kawas Raden Mochtar ieu mah, sabada maén dina pilem Korupsi taun 1956, ngereles wéh teu kungsi kadéngé deui béjana. Mana ukur wewelasan judul, pilemna téh.

Dicky Zulkarnaén nu mokaha mah, aya 100 judulna ti taun 1959 nepi ka taun 1993. Maén dina rupa-rupa roll: barandal, santri, tentara, pendékar, pengusaha, pamuda désa, jsb. Ku Alam Surawijaya mah pangkapakéna, meh kabéh pilem nu disutradaraan ku Alam Surawijaya, béntangna nya Dicky Zulkarnaén, saperti Nyi Ronggéng jeung Perawan di Séktor Selatan.

Rachmat Hidayat, awak badag, kumis ngajedig, panon moncorong surup pisan kapilih jadi Mat Péci téh (Produksi PT Diah Pitaloka Film, 1978). Maén ti taun 1961 nepi ka kiwari, geus leuwih ti 50 judul bari leubeut ku piala. Meunang Piala PWI Aktor Terbaik taun 1970, Aktor Harapan taun 1971 jeung taun 1972. Meunang Piala Citra tilu kali, sakali Aktor Utama, dua kali Aktor Pendukung. Piala Citra Aktor Utama beunangna taun 1989 tina pilem Teguh Karya Pacar Ketinggalan Keréta. Sabanding jeung Marion “Godfather” Brando, umur geus liwat ti tengah-tuwuh meunang kénéh Piala Oscar (1972). Sanggeus dunya pilem surem, pindah kana sinétron. Beuki sohor waé atuh Si Borokokok téh, urang lembur singkur gé jadi warawuheun. Aki-aki kéwes! Ceuk Ma Uti gé, bari semu bogoheun.

Pelopor aktris Indonésia Rukiah (Miss Roekiah), urang Bandung. Hanjakal teu panjang umur. Lahir taun 1917 téh, taun 1945 gé tos mulang ka kalanggengan. Maén dina pilem Terang Boelan taun 1937. Pilem nu dianggap fénomenal dina sajarah perpileman Indonésia. Pilem munggaran nu 100% maké basa Indonésia. Disutradaraan ku Albert Balink. Éta mah Miss Rukiah ana geus maén papasangan jeung Radén Mochtar… nu kitu meureun nu disebut nurubcupu téh. (Miss Rukiah téh istrina Kartolo, ibuna Rachmat Kartolo).

Nu panjang umur mah Sukarsih, istrina Radén Mochtar. Karirna panjang deuih, taun 1935 mimiti maén dina pilem Parch babarengan jeung Radén Mochtar, taun 1994 kapanggih kénéh maén dina pilem Kapan di Dalam Kapan di Luar. Jadi leuwih panjang ti batan carogéna lamun ngitung taun mah. Sajeroning 59 taun, Sukarsih maén dina 24 judul. Béda jeung Titien Soemarni, najan karirna kurang ti 5 taun, tapi pilemna 26 judul.

Dian Angriani mimiti maén dina pilem Guntur taun 1955, langsung jadi béntang utama. Lep-lepan pisan ieu mah, antara taun 1955 nepi ka taun 1982 téh. Kaselang-selang ku muncul dina tivi, dina sinétron. Kilangkitu ari jumlah pilemna mah aya welasna judul. Atuh dina taun 1977 kungsi dilélér “Penghargaan Kesetiaan Profési” ku pamaréntah.

Mun Nani Widjaya, getem. Ti saprak muncul dina pilem Darah Tinggi taun 1960, terus wé ngeureuyeuh teu pegat-pegat nepi ka taun 1993. Mana réa pilemna téh, 89 judul. Sanggeus pilem carem ku gulidagna tivi jeung vidéo gé, terus wé muncul dina sinétron. Bisa kasaksian kénéh paripolahna dina Sinétron Bajaj Bajuri (ayeuna mah Salon Onéng). Jadi mitoha goréng ules, goréng adat jeung hayang meunang sorangan.

Tuty Suprapto gé getem. Maén mimiti taun 1955 dina pilem Ibu dan Putri (Produksi PT Garuda Film) jeung Lies Noor, Mimi Mariam, Aminah Cendrakasih, jeung Hasnah Thahar. Puluh-puluh pilem nu dibéntanganana. Komo da taun 1971 ngadegkeun pausahaan pilem sorangan, Tuty Jaya Pilem. Dina jaman nanjungna kawentar sok ‘luasan laka-léké’ ari maén téh. Mangkaning lambeyna, lambey ‘akuan’ deuih. Lebah dieuna mah teu antrup jeung minantuna (Lénny Marlina) nu lucu lir Purbasari Ayu Wangi.

Rahayu Éfféndi katelah ‘bombséx’ antara taun 60-70-an. Sabenerna mah ukur pédah wandana ‘béréhan’ jeung potongan awakna ‘alah-ieung’. Mimiti muncul pertengahan taun 60-an, kasebut larisna nepi ka ahir taun 70-an. Maén aya dina likurna judul.

Yati Oktavia onam, enya sok ludeung maén ‘hahaneutan’, nepi ka jadi artis pangmahalna katompérnakeun taun 70-an mah. Tapi da soal éktingna gé teu matak cangcaya. Buktina basa disetélkeun jeung béntang leleb Yéni Rahman gé, teu ningnang teusing. Aya welasna judul, pilem nu dibéntanganana. Nepi ka ayeuna gé makalangan kénéh dina sinétron, jadi ibu-ibu.

Yéni Rahman, beungeut kareueut pikadeudeuheun, antieum matak kayungyun, perbawana téh matak hayang mulung minantu! Pamulu Timur wanda Asia bari éktingna pohara. Calakan, babari dipapatahan, buktina ku sutradara mana-mana gé kapaké waé sarta hasilna nyata hadé. Meunang Piala Citra dua kali, sakali taun 1980 tina Kabut Sutra Ungu, sakalina deui taun 1982 tina Gadis Marathon. Pilem Akibat Pergaulan Bébas gé sakitu pilem “kitu”, jadi teu matak caria, dibéntangan ku Yéni Rahman mah. Éta geura éktingna dina November 1828, éstuning matak patingsélékét kana haté.

Urang Sunda, boga “nu kitu” téh lain hiji. Lénny Marlina gé apan “kitu” pisan, geulis bari teu nyolocos siga Indo. Ngan Hanjakal teu ngajodo jeung Piala Citra ieu mah, éléh jeung éléh waé, anéh! Ngajodona téh jeung piala PWI; The Best Actrees 1971, Aktris Terbaik 1973, geus puguh harapen-harapen mah. Atuda ti barang crub gé ka dunya pilem, jol-jol kaselir jadi ‘Pendatang Baru Terbaik’, dina Féstival Film Asia (FFA) taun 1971 di Taiwan. Harita maénna téh dina pilem Ananda, pilem pamungkas sutradara Usmar Ismail. Mana pantes ajrih tur tibelateun pisan Lénny mah ku Usmar Ismail téh, sabab keur mah sasatna nu ngajelemakeunana, katurug-turug sabada nyutradaraan éta pilem téh Usmar Ismail ngantunkeun. Semu alum sari kingkin, sok deungdeuleueun ku ceuleumeutna ari geus maén téh. Mana matak kagét balaréa basa kudu jadi awéwé jeté, bari umur tengah tuwuh, dina pilem Oom Pasikom (Parodi Ibukota) produksi PT Sepakat Bahagia Film 1990. Geuning alus maén jadi nu kitu gé, cacakan tas lila eureun mah!

Déwi Yull, mimiti maén dina pilem Gadis (PT Inem Film, 1980), di dieu tepung sarta terus ngajodona gé, jeung Ray Sahétapi téh. Nu kapanggih mah pamungkas maén pilem taun 1988 dina pilem Suami (Produksi PT Visindho Mardhika Film). Dua kali jadi nominasi FFI, dua kali jadi nominasi FSI. Teu puluh-puluh pilemna téh, sabab munculna, lagu pilem Indonésia geus rék ‘pareum’. Tapi tina sinétron gé teu kurang-kurang balaréa nu kataji. Saperti dina Losmén, maén jadi pamajikan Ééng Saptahadi, pelukis légég-médéngkréng.

Réa kénéh pisan nu can kaabsén. Tapi cag wé heula, sugan ka hareup aya deui kadar.***(Supriatna)