Ku Supriatna

Janggélékna hiji pilem, tangtuna gé dipitembeyan ku nu nyieunna (pausahaan pilem). Di Indonésia, pausahaan pilem nu munggaran téh Java Film Company, diadegkeun di Bandung, awal taun 1920-an. Najan ngadegna di Tatar Sunda, tapi nu mokalanana mah urang deungeun, Tuan Heuveldorf ti Walanda jeung Tuan Kruger ti Jérman. Disusul ku pausahaan pilem séjénna, saperti Kruger Film Bedrijf, Tan’s Film, South Pacific Film, jsté.
Ari urang Sunda, nu pangheulana ngadegkeun pausahaan pilem téh Titién Soemarni (somahan urang Sumedang mah nyarebutna téh ‘Juag Tintin’), Titien Soemarni Motion Picture Corporation, taun 1954. Judul produksi munggaranana Mertua Sinting.

Saterusna dituturkeun ku nu séjénna ti mangsa ka mangsa. Nu kacatet téh di antarana Sofia Waldy (Ibukota Film, Libra Film jeung Dirgahayu Jaya Film), Tuty Suprapto (Tuty Jaya Film), Rhoma Irama (PT Rhoma Irama Film), Éros Djarot (PT Ekapraya Film), Ratna Komalasari (PT Sunda Jaya Film), jeung nu lian-lianna. Ari Bing Slamet mah ngadirékturan PT Safari Sinar Sakti Film bogana Butjuk Soeharto.
Puluh-puluh—ratus boa, mun leukeun diitung mah—pilem nu diproduksi ku sajumlahing pausahaan nu urang Sunda téh. Hasil produksina téh ti antarana aya pilem nu kawilang hadé, boh dina larisna, boh dina ajénna.

Ngundeur Carita Sunda
Anyaran ngadeg mah, dina awal taun duapuluhan, nu dijieun ku Java Film Company téh ukur pilem-pilem dokuméntér: ngagambarkeun nu tandur, nu meres susu, nu boksen (tinju), nu kuriak, jsb.

Kakara taun 1926 nyieun pilem nu ngalalakon, Loetoeng Kasaroeng.
Ari pék téh pilem carita nu kadua gé, taun 1927, carita Sunda deui baé: Eulis Atjih, nyangling tina buku karangan Joehana, sastrawan Sunda. Eulis Atjih dipindo produksi taun 1954. Komo Loetoeng Kasaroeng mah, dipintelu, taun 1952 jeung taun 1983.

Nu katilu, kaopat jeung saterusna mah, nepi ka taun 1929, lain carita Sunda waé nu dipilemkeun téh. Aya carita Batawi, Éropah (Walanda), jeung carita Tionghoa.
Kakara dina taun 1930 aya deui pilem tina carita Sunda, Karnadi Anémer Bangkong, roman karangan Soekria, produksi Kruger Film Bedrijf Bandung.
Ku kituna geus aya tilu carita Sunda nu dipilemkeun téh. Tapi tilu gé kawilang cukup, sabab produksi taun 1926-1930 mah, jumlah-jamléhna ngan 16 Judul. Jaba parireu téa.

Ti antara nu 16 téh aya pilem Rampok Preanger (Rampog Priangan), produksi Halimoen taun 1929. Sanajan lain carita Sunda, tapi séttingna di Priangan, lokasi sutingna alam priangan. Béntangna mojang Priangan deuih, Ining Resmini, mojang Bandung pituin. Terus pilem Lari ka Arab (Halimoen Film, 1930) béntangna Ining deui.

Taun 1931, sanggeus usum pilem soraan, ngadirihdil wéh carita Sunda nu dipilemkeun téh, boh carita jaman bihari, boh carita jaman kiwari. Geura di antarana baé: Ciungwanara, Si Kabayan, Sangkuriang, Tangkubanparahu, Prabu Siliwangi, Nyi Mas Gandasari, Si Kabayan Saba Kota, Si Rawing, Si Kabayan dan Gadis Kota, Boss Carmad, Si Kabayan Saba Métropolitan, Pangéran Geger Maléla, Si Kabayan Mencari Jodoh, Halimun Peuray, jeung réa-réa deui.

Perlu dicatet, aya Tjioeng Wanara, pilem kolosal munggaran di Indonésia. Publikasina hebat pisan, cenah. Duka kumaha tah, hébat ukuran harita. Nu nyieunna Star Film taun 1941, caritana (vérsi) M.A Salmoen, skénario Radén Arifin, nu maénna Radén Soekran, Éli Joenara, Joenaédi, jeung S. Waldy (carogéna Sofia).

Sajaba ti carita Sunda, aya carita dina basa Indonésia, tapi nu ngarangna urang Sunda, saperti Bunga Rumahmakan (Utuy Tatang Sontani), Atheis (Achdiat Kartamihardja), Cowok Komersil, Komar Si Glén Kémon Mudik, Jual Tampang (Éddy D. Iskandar), jeung réa-réa deui.

Judul lagu deuih—boh lagu Sunda, boh lagu Indonésia ciptaan urang Sunda—réa nu dijieun judul pilem. Contona Panon Hideung (Ismail Marzuki), Ini Rindu (Farid Hardja), Tante Sun (Bimbo), Begadang (Rhoma Irama), jeung sajabana. Malah Bing Slamet mah jenenganana pisan nu dipaké judul pilem téh: Bing Slamet Tukang Bécak, Bing Slamet Raja Jalanan, Bing Slamet Dukun Palsu, Bing Slamet Sibuk, jsb. Pon kitu deui Rhoma Irama: Oma Irama Penasaran, Gitar Tua Oma Irama, Rhoma Irama Berkelana, Rhoma Irama Raja Dangdut, jsb.

Réa pilem nu tina judulna bakal kajudi aya patula-patalina jeung Sunda, saperti Airmata Mengalir di Citarum, Toha Pahlawan Bandung Selatan, Rahasia Telagawarna, Bunga Ros dari Cikembang, Mégamendung, Musim Bunga di Selabintana, Paréh (maksudna paré), Nyi Ronggeng, Penunggang Kuda dari Cimandé, Cianjur, Mistéri Ronggéng Jaipong, jeung sajabana.

Tapi aya pilem nu siga teu harib-harib jeung Sunda, ngan eusina mah aya pakaitna jeung kajadian di Tanah Sunda. Contona Long March (Darah dan Doa) jeung Meréka Kembali. Nu dicaritakeunna téh lalampahan tentara Jawa Barat sapanjang perjalanan mulang ti Yogyakarta ka Jawa Barat, nohonan paréntah Panglima Besar Jéndral Soedirman. Ari pilem Mardi and the Monkey mah nyaritakeun saujratna kahirupan sapopoé barudak urang Sagalahérang, Subang.

Pilem Jual Tampang mah caritana heureuy Sunda, nu ngarangna Éddy D. Iskandar. Dimusikan ku Gunawi jeung Daséntra—ahli karawitan Sunda, katurug-turug nu maénna méh kabéh urang Sunda: Déssy Ratnasari, Rahmat Hidayat, Uyan, Kusye, Rudi Jamil, Us Us, Yétty Syarifah, Ujang Rukmana, Suryana Fatah, Aom Kusman, Us Tiarsa, jsté.

Hiji deui nu matak reueus téh, pilem Long March téa. Luhur pisan kalungguhanana dina pakumbuhan pilem nasional mah, sabab poéan dimimitianana suting ieu pilem—30 Maret 1950—dipaheutkeun jadi Hari Film Indonésia. Maheutkeunana dina Konperénsi Kerja Déwan Film Indonésia jeung Organisasi Perfilman nu lumangsung tanggal 30 Maret 1962 (sanajan ari dikukuhkeunana ku pamaréntah mah kakara dina tanggal 30 Maret 1992, sabada 30 taun ti barang dipaheutkeun, atawa 42 taun ti barang kajadianana).***(Supriatna)

(Nyambung ka Bagian 2)