Serat Salira, baheula mah sohor naker ieu. Nu mimiti ngahaleuangkeunana ku Ijah Hadijah, dina wanda kiliningan. Nu disimpen di dieu mah, nu dihaleuangkeun ku Euis Komariah. Mangga geura, asa matak nyérédét da.
Serat salira, wengi tadi tos katampi
kantenan jungjunan, kantenan mungguh éwuhna
disangki serat katresna, sabudeureun cinta urang
geuningan lepat dugaan, mundut mundur pipisahan
Serat salira dina jajaran kalima
unggelna teu wasa, mun kedah midua haté
teu sapuk sareng aturan, sok sieun teu kabadanan
cangcaya moal laksana, mendak bagja sasarengan
Teu nanaon jungjunan, teu nanaon
mun kitu kapalay salira
lelembutan ngajerit nungkupan diri
teungteuingeun téga téh kamalinaan
Nu munggaran urang tepung luhur panggung
sutra genas nu nyacas kiwari kantun ngahelas
imut-imut nu kamari, teuteup surti nu kamari
Ayeuna duka kumaha, pajar urang pileuleuyan
Tags: Euis Komariah, Lagu Sunda
herni - 31-05-2008 pukul 17.12
leres kang, nyérédét pisan. nu atos mah atos nya, teu kedah diemutan deui, pami badé pileuleuyan mugia teras janten kasaéan heu…heu…heu…. (asa teu nyambung). Haleuangna mana atuh??? kirang lengkep ahhh….
Yan Haryanto - 04-06-2008 pukul 08.39
Ngaos sajak di luhur teh, ati seseredetan, deudeu teuing ka nu dikantunkeun.
Sabar we, nyai …
hidayat - 04-06-2008 pukul 15.38
Asa emut jaman kapungkur waktos pun bapa osok ngacapi keneh sareng pu biang anu ngawihna. Ayeuna mah tos pada sepuh. Nuhun kana laguna .
Nyuhunkeun ditambihan deui
qtahu - 06-06-2008 pukul 08.55
Bet tega nya ari cinta… lir ibarat kadu panginten… rupa karadak.. rasa teu sabaraha, bauna we manu sumeleber dugi kana sumsum tur embun-embunan… emh kutan teh…
qtahu - 09-06-2008 pukul 08.31
Muhun haleangna diantos pisan nya…
jalu - 01-07-2008 pukul 21.54
jadi inget ka urut ka bogoh duka iraha rek janten randana.
cep dada - 19-07-2008 pukul 20.49
Sing sabar geulis nya, saestuna akang oge di dieu masih keneh miharep salira, mugia dina hiji mangsa engke urang sing tiasa hirup babarengan, sauyunan. mugi Alloh SWT marengkeun …. Aaaaammmiiiiiin ……
ibun lungsur - 20-08-2008 pukul 10.19
Eehhmmmm………….
Lepat ngintunkeun serat…
Sanes kanggo Nden eta mah….
Yan Haryanto - 09-09-2008 pukul 14.05
Deudeuh teuing, neng euis …
Pajar teh lepat ngantunkeun serat (saur kang ibun)
. Ulah diemut deui, neng Euis, aya akang di dieu lah … 
ibun lungsur - 19-10-2008 pukul 00.24
Nden….
Dimana atuh Nden teh…
Nden bendu..?
Hapunten Nden, da eta mah polahna Kang Yan, hayoh wae eta serat teh di kintunkeun ka Nden, padahal mah tos di wanti-wanti ulah ka uninga ku Nden… ari iyeu di kintunkeun ke Nden… kahartos ku kitunamah da anjeuna teh aya manah ka Nden…
anak paraji - 01-11-2008 pukul 12.48
emmmmmmmmmm
mak nyos lah