–Catetan “bapana” Arma Djunaédi–

BASA ceuk Étti “nakolkeun palu” yén PP-SS rék ngayakeun naskah drama, Juni 2007, aya nu nanya, ari pangurus PP-SS meunang miluan? Dijawab ku saréréa: MEUNANG. Alesanana, méh kabéh pangurus PP-SS téh pangarang. Ulah nepi prosés kréatif kahalangan ku lantaran jadi pangurus PP-SS. Kitu cenah.

Aya di antarana pangurus PP-SS nu miluan téh: Dhipa Galuh Purba jeung Dian Héndrayana. Nya cék haté, da pangarang ieuh, enya gé langka nulis naskah drama, rék lah-lahan wé.

Basa nganjang ka Kuningan, awal Séptémber 2007, mimiti manggih idé. Keur ulin di imah Kang Ajun Mahrudin, kapilanceuk. Saenyana mah lain idé anyar, ngan kabayang sigana pantes mun didramakeun. Bagalna mah kungsi ditulis dina carita pondok.

Balik ti Kuningan, der baé nulis. Teu kaur laju, malum réa uruseun. Kakara lima lambar, pegat mantén. Nulis deui, pegat deui. Biasa, kasakit pangarang. Malah ka dituna mah, idé nu basa di Kuningan téh asa teu cocog waé. Tungtungna nyieun deui nu anyar, dijudulan “Nagara Angar”.

“Nagara Angar” gé teu laju-laju. Malah kapikir nu ieu mah asa bakal kéwes mun maké multimédia. Ras inget ka KTT (Komunitas Téater Tradisi) nu geus lawas teu nyieun produksi. Ah, sigana nu ieu mah hadéna keur KTT baé. Basa keur “rapat” di Cinunuk, jeung Téh Euis katut Apip, eusining “Nagara Angar” téh dicaritakeun. Ngeunaan lingkungan.

“Saé!” ceuk Apip harita.

Obrolan di Cinunuk téh geus nepi ka soal artistik sagala rupa. Diiker-iker hayang dipéntaskeun dina Hari Lingkungan Hidup.

Waktu beuki nyérélék. Dua poé deui naskah kudu dikajurikeun. Mimiti labil antara miluan jeung entong. Mun miluan, naskah mana nu kudu dianggeuskeun. Terus mun miluan, kumaha mun aya anggapan nu lain-lain. Enya gé euweuh aturan yén pangurus PP-SS teu meunang miluan, tapi haté asa teu méréan. Éta ti barang prung pasanggiri urusan naskah mah dipasrahkeun ka Agung (urang Cupumanik).

Mun miluan terus éléh, teu masalah. Ngan mun meunang? Bisa waé nimbulkeun sababaraha masalah, di antarana:

  • Cik atuh ari pangurus mah mani pipilueun milu saémbara (enya gé diwenangkeun).
  • Pantes wé meunang gé, da pangurusna, jsb.

Éta téh ukur meureun, dipapantes. Tapi bisa waé aya nu nyarita kitu.

***

DUA poé deui. Nu hiji, kakara 5 lambar. Nu hiji deui, kakara nepi kana bagalna carita, ringkesan unggal babak jeung adegan.

Nya tungtungna mah digeder sapeuting. Anggeus. Teu diédit deui, langsung di-print. Kandelna 32 kaca. Dijudulan “Rorongo”, tina idé nu di Kuningan téa. Euweuh ngaran nu ngarangna. Beurangna langsung dibikeun ka juri, dihijikeun jeung nu séjénna.

Ari “Nagara Angar” téh, geus dikayidkeun, keur Komunitas Téater Tadisi pingpinan Euis Balébat nu tos lami pakeum téa. Basa naskah nu geus dibikeun ka juri dibaca kopianana, karasa pisan loba nu perlu dirobahna téh. Tapi dalah dikumaha, piraku dicokot deui mah, teu kaci. Di antarana nu matak hanjakal téh:

  •  Aya tokoh nu maké kénéh kabaya, padahal dicaritakeun kajadianana dina jaman kiwari. Najan di lembur, ayeuna mah geus langka nu maké kabaya, kajaba nini-nini.
  • Bisa jadi kekecapan para tokoh rada nge-plét, najan saenyana mah ladang nalungtik tina omongan-omongan urang lembur (punten, di sawatara tempat mah nyebut aing téh tos biasa, lumbrah, tara disebut kasar).
  • Bet asa siga naskah longsér? J
  • Henteu diécéskeun kajadian nu tumiba ka Nini Asmi, nu aya patalina jeung Pa Kuwu.
  • Jrrd.

Di Rumentang Siang, bulan puasa, aya rapat juri nu baris mutuskeun saha nu meunang. Panitia mah ngadagoan di luar, juri (Kang Godi, Kang Arthur jeung Kang Dadi) sina anteng hoghag.

Geus bérés ngajurian, panitia ngariung deui. Juri ngasongkeun judul-judul nu jadi pinunjul. Terus Ceu Étti ngarérét: “Cik buka, saha waé cenah nu meunang téh?”

Nu mimiti diilikan téh, nya judul-judulna, jeung kodeu naskah (naskah nu dibikeun ka juri maké kodeu, da apan teu meunang ditulis saha nu ngarangna). Nya éta atuh, rada ngoprot késang, barang ningali aya judul “Rorongo” di antara pinunjul téh. Nu mimiti kaimpleng téh wewengkon Kuningan. Beungeut ka Ajun Mahrudin. Mun anu disebutkeun ngaran Kang Ajun, kudu ménta idin heula. Piraku ari ngadadak nélépon mah, enya gé ka lanceuk, da itu para juri tos panasaran hayang apal nya nu ngarangna. Tungtung disebut wé: Arma Djunaédi. Mun téa mah hiji mangsa kudu diasongkeun jelemana, nya tinggal ngolo Kang Ajun wé, da sarua pangarang ieuh. Urusan itu-ieuna mah “belakangan”.

Katulah ku polah sorangan. Basa apal karya jadi pinunjul téh kalah ka bingung. Basa lebaran (méméh pamasarahan hadiah) panggih jeung Kang Ajun, silaturahmi ka imah. Tapi teu kaburu ngobrol urusan drama mah.

Basa acara pamasrahan hadiah, Arma Djuanaédi teu bisa datang. Da mémang euweuh. Kuring gé tungtungna mah teu wani kudu ngumaha ka Kang Ajun, da kapikir deuih, bisi nimbulkeun “beban méntal”. Ériyandi Budiman deuih nu euweuh téh. Basa ditélépon keur muriang.

Tungtungna, basa hadiah dipasrahkeun, Ériyandi Budiman diwakilan ku Méli, ari Arma Djunaédi diwakilan ku … kuring.

Nepi ka lebah dinya, can bérés. Dhipa keukeuh hayang maca sakabéh naskah pinunjul nu rék dibukukeun téa. Sapeuting ti harita, Dhipa nélépon.

“Uing mah moal kasamaran. Apal kana basana. Tapi da mémang cocog meunang hadiah.” pokna.

Kang Godi deuih nu mimiti curiga téh. Da éta, basa keur lalajo téh, kungsi nyarios kieu: “Ari pangarang naskah mah hadéna ulah lalajo. Ninggang keur goréng ngamaénkeunana, bisa-bisa matak struk.”

Terus basa kuring jeung Dhipa datang rék lalajo “Badog”, pokna téh: “Tah geuning, Badog jeung Rorongo ka darieu.”

Tapi angger kudu balaka, cék pikir. Engké wé mun bukuna geus medal. Da alesan mah geus aya:

  • Naskahna enya-enya beunang sorangan.
  • Euweuh larangan keur pangurus PP-SS miluan saémbara ngarang drama.
  • Euweuh aturan teu meunang maké sandiasma.
  • Mun nu ngayakeunana lain PP-SS naha maké kudu maké ngaran samaran.
  • Sabisa-bisa mah, hayang teu nimbulkeun kesan subjéktif ka juri.

Atuh ieu meureun pangémbohna:

  • Ka Arma Djunaédi, pun anak, nuhun geus mawa hoki.
  • Ka juri, teu pati kétang ka juri mah, da teu kituna gé mémang sajeroning ngajurian mah teu kénging uninga saha nu ngarangna.
  • Ka Dhipa Galuh Purba, nuhun geus bisa “nyekel rusiah” nepi ka ieu dongéng henteu betus ti nu lian.
  • Ka Ceu Étti, tos ti basa éta rék balaka téh. Ngan “sempit oléh lidah”, saterusna kaémut mending ditulis wé. Artos hadiah drama dianggo ngagadé sawah, ayeuna paréna tos jarangkung. Mudah-mudah tiasa dianggo karaharjaan pangarang Sunda. Mun téa mah tina ieu kajadian éta hadiah kedah diwangsulkeun deui, kantun dicandak wé sawahna ka Bandung, lebetkeun kana rekening PP-SS.
  • Ka Téh Ellin, mémang naluri lanceuk mah seukeut. Barang maca ngaran tokohna gé langsung nga-SMS: mending balaka, Dan. Leuh, kakara nyadar Ceu, pan ngaran Kuwu Iros jeung Ulis Oding téh mindeng dipaké. Kaasup dina naskah Longsér “Roh Ma Éroh”.
  • Ka Téh Euis, naskah “Nagara Angar” mah, moal disamar-samar. Jeung mudah-mudah moal dilila-lila. Si Apip tos teu kiat hayang nyéting.
  • Ka Si Ajang, punten harita Ajang dugi ka rieut néangan télépon Arma Djunaédi.
  • Ka Kang Dadi, insya Alloh drama Sunda baris maju, Kang. Hidup kiwari!
  • Pokona mah ka sadayana.

Sakitu panginten, nu sanésna tiasa ditaroskeun langsung ka jinisna.***


Tags: ,