Ku Dadan Sutisna
SOK ras ka jaman keur budak, sakola téh di tengah sawah. Wangunan mencil dipegatan ku walungan. Nenggang jauh ka ditu ka dieu. Barudak nu rék sarakola, jalanna tuturubun meuntas walungan, mapay sawah. Asa tara katémbong aya budak nu luis, eukeur mah tara disendal (komo disapatu mah) katurug-turug mapay jalan nu sorompod.
Ari wangunan sakola, asana téh dapon jleg wé. Dingdingna maké kénéh bilik, ka luhurna dikulibeng ku eram kawat. Lanténa bororaah ditéhel, teu dipelur-pelur acan. Taneuh ngebul semet mumuncangan, matak hurik nepi kana tuur. Taun 1985 éta téh, basa kuring sup ka SD. Asana can baréto-baréto teuing.
Ayeuna taun 2006, geus sagala robah, urang lembur gé geus barogaeun hapé. Tapi nu ngaranna wangunan sakola-enya gé geus diréhab-angger wé asa jaman béh ditu kénéh. Nu geus robah téh meureun barudakna, ayeuna mah geus bareuki jajan, ka sakola kudu waé mekel duit.
Bisa jadi, sakola nu nungtutan rugrug gé sésa jaman baréto. Asa mindeng pisan atuda, dina koran ningal gambar sakola runtuh téh. Ka béhdieunakeun kanyahoan, horéng di Jawa Barat 97.210 rohangan kelas ruksak (Kompas, 20/4/2006). Aya nu témbokna bolongor, kenténg bocor, malah sawaréh mah bra-bri-bru runtuh.
Aya béjana, pamaréntah ngaliwatan Dinas Pendidikan Jawa Barat geus nyadiakeun waragad 2,8 triliun keur ngoméan sakola nu ruksak téh. Da anggaran atikan geus naék ieuh, sigana nyayagikeun duit sakitu mah moal kudu leuleuweungan, sanajan ari picukupeun mah biheung. Apan leuwih ti 50% wangunan sakola di urang mah henteu nyumponan standar. Antukna nu diajalar henteu jongjon. Nu kasawang téh, réa guru nu sajeroning rét deui rét deui kana lalangit, sieun ujug-ujug ngagebru. Atawa barudak nu diomat-omatan ku kolotna, da nyahoeun kaayaan sakola bisa ngadatangkeun balai.
Mun diajar waé henteu jongjon, nya tangtu réa pangaruhna kana kualitas atikan. Tacan deuih pabeulit jeung urusan ti sisi ti gigir: kurangna karaharjaan guru, kolot nu geus henteu mampuh ngawaragadan sakola anakna, kurikulum pangajaran nu remen diuma-omé. Aya béjana deuih, gegedéna korupsi di Indonésia téh dina widang atikan.
Kituna mah barudak sakola di urang kawilang tawekal, cacak fasilitas nu lir saayaana. Asa kayungyun ku budak nu bisa mawa ngaran Indonésia ka dunya internasional, jadi juara olimpiadeu fisika. Cenah éta pamorna éléh ku nu jadi juara AFI, keun wé da di urang mah geus biasa.
*
Mun téa mah ajén atikan di urang éléh ku nagara saperti Viétnam, tangtu lain salah barudak sakola. Taun 70-an Malaysia nepi ka nguyang ka urang keur ngaronjatkeun ajén atikan téh, nepi ka réa guru ti Indonésia nu diangkir ka ditu. Ayeuna mah apan sabalikna. Malaysia leuwih maju widang atikanana.
Boa nepi ka ayeuna widang atikan di urang masih kénéh kaeurad ku sistim nu teu merenah, atawa sistim atikanana henteu daék robah. Éta sistim geus dipelakeun ka barudak ti mimiti maranéhna asup sakola. Peunteun kuantitatif lir hiji-hijina ukuran keur nangtukeun pinter henteuna hiji budak. Padahal apan éta mah ukur réngkolna angka di rapot murid. Angka bisa kénéh diakalan sina jadi tibalik, upamana budak nu kuduna peunteun 6 nulisna bisa jadi 9 lantaran aya haréwos ti sisi ti gigir.
Nu matak kerung, sakapeung barudak téh sok dijieun pakakas keur nangtukeun “kualitas” hiji lembaga atikan. Barudak dijejelan rupa-rupa pangaweruh, satengah dipaksa. Mun keur ujian peunteunna kudu alus. Da éta cenah, sakola nu pikareueuseun téh mun 100% muridna lulus.
Tina dongéng peunteun kuantitatif téh pan réa rambat kamaléna. Sawatara kolot sok nyentak mun budakna boga peunteun nu goréng, bari jeung henteu nengetan psikologis budak. Ari sawatara sakola, udaganana siga lain minterkeun budak, tapi néangan tarékah sangkan barudak peunteunna alus. Sistim siga kitu téh kaalaman ku Ki Sobat nu jadi guru di salah sahiji sakola swasta. Dina mangsa ujian nasional, Ki Sobat diharéwosan ku Kepala Sakola sangkan milu mangeusiankeun soal keur barudak, ngarah peunteunna aralus. Ari hég Kepala Sakola gé meunang paréntah ti atasanana.
Jadi, teu kudu anéh mun di urang aya kajadian jual-beuli peunteun, atawa soal ujian nu bocor, atawa kolot nu nyogok guru ngarah peunteun budakna bisa dikatrol, da nu diudagna ukur angka.
*
TANGGAL dua Méi dipiéling jadi Poé Atikan Nasional. Disdik Jabar ngagedig kénéh hayang ngudag program wajib belajar salapan taun. Tangtu lain barudak wungkul nu didongsok kudu nganggeuskeun sakola téh. Sistem atikan, kawijakan kana pangwangunan sakola, bawirasa perlu disakolakeun.***
Tags: Anak-anak, Kampung, Sawah, Sekolah, Terpencil
Yan Haryanto - 07-07-2008 pukul 12.52
Ari ti jaman abdi kapungkur asa paribasa: nyakola tapi teu nyamen.
Upami teu lepat mah hartosna téh sakola tapi teu tamat(?)
Leres kitu?