PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda taun ieu ngayakeun saémbara ngarang sajak Sunda. Teu béda ti saémbara méméhna, ieu saémbara téh ngajembaran jeung ngahudang kréativitas pangarang kana karya sastra Sunda.
Katangtuanana:
- Saha baé bisa miluan ieu saémbara.
- Sajak ditulis dina basa Sunda.
- Unggal pamilon kudu ngirimkeun 5 (lima) judul sajak, ngawengku téma:
- Religi
- Alam jeung lingkungan
- Cinta (dina harti nu jembar).
- Sosial masarakat, jeung
- Patriotismeu/kapahlawanan.
Sajudul sajak diwakilan ku satéma.
- Sajak kudu asli, lain tarjamahan atawa saduran, tur tacan dipublikasikeun boh dina média citak boh éléktronik.
- Naskah bisa dikirimkeun via pos ka Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung 40262, dina diamplop ditulisan “Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS”. Naskah kudu katarima ku panitia paling leuir 30 Juli 2008.
- Naskah bisa dikirimkeun kana email deuih. Kintunkeun dina format doc/rtf/pdf kana email pangarangsunda@yahoo.co.id. Unggal naskah kudu dilengkepan ku biodata jeung foto nu ngarangna.
- Naskah nu diilukeun kana ieu saémbara jadi hak panitia pikeun dipublikasikeun boh dina média citak boh éléktronik. Hak cipta aya di nu ngarangna.
- Juri baris meunteun sakabéh naskah sarta netepkeun 6 (genep) pinunjul, nyaéta pinunjul 1,2,3, jeung 3 pinunjul harepan.
- Para pinunjul baris dibéwarakeun bulan Séptémber 2008.
- PP-SS nyayagikeun hadiah duit jeung piagem keur sakur pinunjul.
Bandung, April 2008
Panitia Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS
Tags: Saembara Ngarang, Sajak Sunda