Ku Hawé Setiawan
Tadina mah jelema baragajul, manéhna téh. Tukang pulang-paling, miara ungkluk jeung ngadagangkeun madat. Lar sup ka pangbérokan geus jadi kabiasaan. Tapi antukna manéhna tobat, ngajait diri tina jungkrang nu lungkawing, unggah ka punclut gunung nu nyungcung. Ti dinya manéhna bisa ngudal piwuruk ngeunaan bebeneran ka balaréa. Saha atuh nu teu apal ka Malcolm X, pupuhu kaom muslim Afro-Amerika nu kakoncara dina taun 1960-an téa.
Mémang hanjakal manéhna teu kungsi panjang umur. Aya nu némbak nalika mingpin démonstrasi di Harlem, 21 Februari 1965. Balik ka jati mulang ka asal, padahal harita umurna kakara 36 taun. Tapi justru lebah dinya nu matak pikayungyuneun téh. Jero ngan sababaraha taun, manéhna bisa ingkah ti tempat nu sakitu poékna ka tempat nu caang narawangan, turta ngaranna jadi seungit tug nepi ka ayeuna.
Naon rusiahna? Tanwandé réa pijawabeunana. Kuring mah leuwih kataji ku cara manéhna nyiar pangawéruh atawa cara manéhna ngungkabkeun gagasan-gagasanana. Bawirasa, salah sahiji konci revolusi diri Malcolm X téh aya patula-patalina jeung perkara basa. Revolusi diri Malcolm X sasatna dimimitian ku jalan ngigélan basa. Kapan tadina mah manéhna téh “buta huruf”. Boro ampar bisa maca jeung nulis, ngambeu sakola formal gé jigana teu kungsi ngalaman. Nu digedékeun di jalan poék kitu atuh.
Tah, basa manéhna dibérok di Norfolk Prison Colony, mimiti aya kereteg hayang bisa maca jeung nulis. Réa pisan, cenah, kecap dina buku bacaan nu teu kaharti saeutik-eutik acan. Sumawona ngaruntuykeun kecap-kecap tinulis sangkan bisa kahartieun batur mah, lebeng teu bisa!
“Katempona taya deui jalan nu panghadéna iwal ti mukaan kamus - pikeun ngalenyepan sababaraha kecap,” cék Malcom X dina The autobiographi of Malcolm X sakumaha nu dicutat dina buku Languagé Awareness yasana Paul Eschholz, spk.
Ka sipir panjara, manéhna ménta kamus, kerétas jeung patlot. Hélok kabina-bina mimitina mah, cenah. Horéng, réa pisan kecap nu araheng. Teu nyaho deuih, kecap mana baé nu kudu diapalkeun. Papadaning kitu, minangka ngajinekkeun tékad, éta kecap-kecap nu aya didinya, ku manéhna disalin, diapalkeun hiji-hiji, sarta digorowokkeun ka dirina pribadi teu beda ti jalma kurang saeundan. Kitu jeung kitu baé dipigawé ti poé ka poé téh. Beuki lila beuki réa kecap nu napel dina uteuk jeung batinna. Antukna, manéhna bisa maca, nulis, sarta pamustungannana bisa biantara di mamana.
“Saennyana éta kamus téh teu beda ti ensiklopedi mini,” kitu cenah gé dina otobiograpi nu tadi téa.
Da jeung enyana. Kapan ari kecap téh apan réprésentasi tina pangawéruh ngeunaan naon baé nu aya dina pakumbuhan. Kitulah, mun teu salah mah, nu dibéjérbeaskeun ku Ferdinand de Saussure dina Pengantar Linguistik Umum-na nu kamashur téa gé. Cék Saussure, kecap “kuda”, contona baé, ngaréprésentasikeun pangawéruh urang ngeunaan kuda. Ana kitu mah, naon nu dipikirkeun ku batur bisa dituturkeun ku jalan ngalenyepan kecap-kecap nu dikedalkeunana. Cindekna, koléksi kecap nu disebut kamus téh saripati tina pangawéruh koléktip. Teu béda ti énsiklopédi.
Tayohna, ku lantaran sadar yén kamus téh kacida pentingna, batur mah miboga kamus nu réa pisan rupana. Contona baé, di perpustakaan British Council, Jakarta, aya erak buku nu eusina kamus basa Inggris wungkul. Matak resep ningalina ogé. Rupa-rupa deuih kamusna téh. Di antarana baé aya kamus umum, kamus Thesaurus, kamus étimologi, kamus dialék, kamus slang, jeung sajabana. Éta wé kamus The Oxford English Dictionary gé aya kana 20 jilidna. Aya deui kamus nu ngabéjérbeaskeun riwayat kecap, tapi béda jeung kamus étimologi. Ngaranna The Private Lives of English Word nu disusun ku Louis Heller, spk. Di dinya unggal kecap miboga riwayat “pribadi” séwang-séwangan. Contona baé, kumaha mimitina nepi ka urang Inggris wanoh jeung kecap “orang utan“. Éta cénah nu pangheulana nimu kecap “orang utan” téh Bontius, urang Walanda, dina abad ka-17. Nepi ka dinya tah batur mah nyieun kamus téh.
Atuh meujeuhna mun jelema jiga Malcolm X, nu tadina tuna kabisa nepi ka tapis ngigélan basa. Da éta geuning réa pisan kamus bukaaneunnana gé. Alus milik batur mah.***
Tags: Basa Sunda, Sastra Sunda