(Kuningan, 25 Maret 1945 - Bandung, 1 Juni 2006)
Taun 1998 mimiti tepang langsung sareng Pa Edi suargi téh. Harita kuring keur jadi wartawan Majalah Manglé, ditugaskeun pikeun wawancara jeung anjeunna. Nya jangjian di Gedong Fakultas Sastra Undap, di Jatinangor, Sumedang. Ti barang gok gé, geus karasa yén anjeunna tokoh nu basajan tur handap asor. Jengléngan profésor nu weruh ku élmu, tapi henteu ngatarakan sumawonna umangkeuh yén anjeunna jembar pangabisa.
Taun 2002, basa ngadeg Pusat Studi Sunda di Bandung, kuring diajakan ku Hawé Setiawan jadi salah sahiji pangurus harian. Pa Édi jadi ketuana. Tah, nya harita mimiti wanoh pisan mah. Malah sok sering diangkir ka bumina, mun aya hal-hal nu perlu dibéréskeun patali jeung Pusat Studi Sunda. Sakapeung sok ngumaha hayang dipangmenerkeun komputer mun aya masalah.
Unggal lebaran, Pa Édi sok nyaur ka bumina. Song ngasongkeun amplop. “Lumayan kanggo mayar fitrah”, pokna. Lain ka kuring wungkul, sakanyaho, Pa Édi mah teu weléh merhatikeun ka saha waé. Mun pareng kagungan rejeki, tara asa-asa barangbéré. Geus karuhan ari ka Pusat Studi Sunda mah, sasatna totomplokan pisan.
*
Profésor Édi S. Ékajati téh ahli filologi jeung sajarah Sunda. Ngaréngsékeun program doktor di UI (1977-1979) kalayan yudisium cum laude. Nu ditalungtik dina disertasina ngeunaan Carita Dipati Ukur.
Prof. Édi aktif nulis buku jeung ngayakeun panalungtikan dina widang sajarah. Hasil tulisanana: Fatahillah Pahlawan Arif Bijaksana (1974), Penyebaran Islam di Jawa Barat (1975), Wawacan sajarah Galuh (1981), Cerita Dipati Ukur: Karya-karya satra Sejarah Sunda (1982), Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya (éditor, 1984), Kebudayaan Sunda (1991), jeung Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah (1995).
Kungsi deuih jadi redaktur Kalawarta Kudjang (1970-1974), Bungarampai Ilmu Sastra (1983-1984), terus milu ngokolakeun Sundanologi (1984-1987), Kepala Museum Konférénsi Asia Afrika, Dept. Luar Negeri (1980-1989). Milu marajian jeung ngokolakeun Pusat Studi Sunda ti taun 2002. Kungsi jadi dosén UNPAD, Dékan Fakultas Sastra, tur ti taun 1994 diangkat jadi Guru Besar UNPAD.
Nuju kacida sumangetna ngokolakeun Pusat Studi Sunda, anjeunna kabujeng teu damang. Dirawat di Rumah Sakit Al-Islam kénging sasasih, dugi ka ngantukeunana ping 1 Juni 2006.***(Dadan Sutisna)
Tags: Edi Ekadjati, Pusat Studi Sunda, Unpad