(Catetan Buku “Panggung Wayang” Aam Amilia)
Ku Dadan Sutisna
Éling-éling masing éling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan baé
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
napsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan
(Asmarandana Lahir Batin, R.A. Bratawidjaja)
Rumpaka pupuh asmarandana di luhur, taya hubunganana jeung buku Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang karya Aam Amilia. Aya éta ogé anu nyabit-nyabit pupuh mah, tapi pupuh dangdanggula jeung sinom, lain asmarandana. Ngan bawirasa, rumpaka pupuh Asmarandana di luhur geus ngawakilan téma Panggung Wayang sagemblengna.
Panggung Wayang, nya badag nya kandel. Langka pisan buku kumpulan carpon, nu kandelna nepi ka 412 kaca. Minangka babandinganana téh, Mirah Dalima beunang Kis. WS. jeung Sawidak Carita Pondok. Buku kumpulan carpon séjénna mah, kawas Halimun Peuting beunang Iskandarwassid, Jajatén Ninggang Papastén beunang Yus Rusyana, Serat Sarwa Satwa beunang Godi Suwarna, Awéwé Dulang Tinandé beunang Tjaraka, jeung réa-réa deui, kandelna langka nu ngaleuwihan 300 kaca. Atuh eusina ogé ukur wewelasan judul.
Lain baé “dedeganana” anu kandel kedewil, da eusina ogé kawilang euyeub, nepi ka 50 judul. Sawidak Carita Pondok ogé nepi ka 60 judul, tapi apan éta mah nu ngarangna leuwih hiji, malah nepi ka aya puluhna. Ku kituna, ditilik tina jumlah judul mah, Panggung Wayang beunang disebutkeun unggul. Bisa jadi, lantaran eusina carpon-carpon ti mimiti pangarang cacarakan ngarang, nepi ka kasohor jadi pangarang moyan. Najan sabenerna mah hésé dikatarakeunana kumaha robahna gaya tulisan, ti carpon anu munggaran nepi ka anu pamungkas. Bisa jadi, lantaran saméméh dibukukeun téh dibébérés deui. Tapi upama nilik kana téma carita mah, katémbong aya robahna ti mangsa ka mangsa téh.
Panggung Wayang dipanganteuran ku Abdullah Mustappa, pangarang jeung kritikus sastra, hususna sastra Sunda. Sasangkleng pisan deuih, disurupkeun jeung kandelna buku, panganteurna ogé nepi ka 12 kaca. Dimimitian ku pedarann ngeunaan media massa Sunda nu terbit taun 60-an, nepi ka prosés kréatif Aam Amilia dina nulis carita pondok. Palebah nyaritakeun kahirupan pangarang nu aya patalina jeung sastra Sunda, “béak beresih” ditéték taya nu kaliwat. Nepi ka saméméh maca judul munggaran ogé, nu maca geus dibekelan heula katerangan ngeunaan diri pangarang, dina lebah dieu Aam Amilia.
Lolobana, judul buku kumpulan carita pondok, sok nyokot ti salasahiji judul carpon. Tapi dina ieu buku mah, taya carpon anu judulna Panggung Wayang, aya ogé Lalajo Wayang. Bawirasa, perkara judul buku mah nyokot tina eusi sakabeh carpon. Tina kituna, jadi inget kana rumpaka pupuh Asmarandana tea; hirup téh darma wawayangan baé. Hartina, judul Panggung Wayang geus ngawakilan sakabeh téma carpon dina ieu buku.
*
Kurang leuwih 30 taun Aam ngumpulkeun carpon keur Panggung Wayang téh. Kawasna mah, Panggung Wayang buku kumpulan carpon Aam nu pangkumplitna, malah disebutna ogé apan rétrospéktif anu munggaran dina sastra Sunda mah. Kumplit upama ditilik tina jumlah judul, waktu pikeun ngumpulkeunana, jeung téma-téma carita anu méh ngawengku saniskara “kahirupan” manusa. Saméméhna, Aam ogé geus nerbitkeun welasan buku, pangpangna dina wangun novél. Malah kabéhdieunakeun, Aam sok nyieunan novél anu “ngepop” tur séttingna aya di pakotaan; Tempat Balabuh (Rahmat Cijulang, 1994) jeung Kalakay Budah (Geger Sunten, 1994).
Dina gaya nyaritakeunana, boh dina carpon, boh dina novél, Aam tukuh kana gaya konvénsional, réalistis, ngaguluyur, sakapeung ngahudang kapanasaran. Dina novél Buron (Pustaka Dasentra, 1994), écés pisan pangarang ngamangpaatkeun kajadian alam (bituna gunung Galunggung) nepi ka disusun jadi leunjeuran carita. Gunung Galunggung bitu mah, ukur kasangtukangna baé, da eusina mah pangarang nyodorkeun rupa-rupa kahirupan (jeung bangbaluhna) antara jelema nu hiji jeung nu séjénna. Pon kitu deui carita detéktif Kalajengking (maké ngaran samaran Ana Mustikaati), pangarang milih carita anu bisa jadi kungsi kajadian di pakotaan. Sanajan dina Kalajengking aya logika nu kurang keuna, tapi geus méré kacindekan, pangarang téh lega wawasan. Henteu heureut dina milih téma-téma carita. Apan lolobana mah, pangarang wanoja anu saentragan jeung Aam, téma-témana téh ukur kahirupan rumah tangga jeung kulawarga, séttingna ogé lolobana mah ulukutek di pilemburan.
Carpon-carpon Aam Amilia loba nu mikaresep, pangpangna mah lantaran gayana anu konvensional jeung sari-sari ngepop. Umumna nu maca karya sastra Sunda, leuwih resep kana gaya populér jeung konvensional ti batan gaya absurd. Éces pisan, dumasar kana kritéria masarakat, carpon-carpon anu konvénsional jeung “ngaguluyur” anu pangmindengna dibaca téh, anu jalan caritana henteu bina ti sinétron dina televisi.
Ti taun 60-an nepi ka kiwari, Aam henteu kungsi pundah-pindah gaya dina ngarang carpon téh. Réalistis, nepikeunana téh éstuning saujratna. Euweuh anu disumput-belingkeun, ceuk istilah Wahyu Wibisana mah. Macana ogé éstuning ngaguluyur, henteu rarandegan. Tara loba tafsirkeuneun deuih, henteu kudu meres pikiran enggoning ngajugjugan maksud pangarang. Pangarang ukur ninggalkeun rupa-rupa rasa ka nu maca; rasa sedih, bungah, hanjelu, geregeteun, jeung sajabana, gumantung kana eusi carita. Dina carpon Di Cindulang Aya Kembang (kungsi meunang Hadiah Sastra MANGLÉ 1966), anu dicaritakeunana téh apan ukur hubungan tresna sapasang rumaja, anu dibungbuan ku timburu, sarta dipungkas ku suasana romantis. Dina éta carpon, anu maca mah paling ogé milu bungah ka tokoh anu ngahiji deui jeung kabogohna.
*
Panggung Wayang, 50 carpon petingan Aam Amilia. Ti mimiti pangarang nulis carpon nepi ka medalna ieu buku, geus ratusan carpon anu dijieun, saterusna dipilihan nu panggalusna sarta diterbitkeun jadi buku kumpulan carpon Panggung Wayang. Upama dibandingkeun jeung carpon-carpon pangarang entragan saméméhna, carpon Aam geus méré suasana anyar, pangpangna dina milih téma. Taun 60-an, lolobana mah téma-téma carpon téh ukur sabudeureun pilemburan baé. Tah, carpon Aam mah geus nyaritakeun modérenisasi. Éta ogé, lain carpon Aam wungkul anu milih téma kahirupan kota téh, tapi upama dibandingkeun jeung pangarang saentraganana, pangpangna pangarang wanoja, Aam beunang disebutkeun “pelopor” dina téma-téma modérenisasi mah.
Pon kitu deui dina Panggung Wayang, aya sawatara judul carpon anu nyaritakeun murub-mubyarna kahirupan kota. Sanajan dina enas-enasna mah, pangarang lir “ngalawan” budaya deungeun anu papalingpang jeung tatakrama di urang. Dina carpon Ratu nu Pangdusunna (kaca 85, tina Manglé No. 347, taun 70-an), pangarang nyaritakeun suasana di tempat Pasanggiri Modél. “Kuring” nu jadi tokoh dina éta carita, narah neruskeun pasanggiri lantaran kudu maké baju renang. Éces pisan, dina éta carpon lir aya paksaan kabiasaan ti kolot ka anakna. Pangaruh budaya deungeun nu geus mimiti nerekab. Dina Halimun (kaca 53), nyaritakeun “kuring” anu kapaksa kudu digawé di diskotik keur mélaan anak anu rék dioperasi. Harita mah, nu ngaranna diskotik téh apan kaasup barang langka, malah beunang disebutkeun ciri budaya méwah. Sanajan dina eusi caritana, ieu carpon ukur nepi ka déskripsi, tur geus mindeng digulang-gapér ku pangarang séjén dina rupa-rupa vérsi. Lantaran diskotik mah ukur nginjeum sétting wungkul, da ari jejer caritana mah najan dipindahkeun ka pilemburan ogé moal ngaganggu kana maksud nu rék ditepikeun ku pangarang.
Lain baé séttingna anu nyokot kajadian di kota, tapi tokoh jeung karakterna, pon kitu deui adat-kabiasaanana, nyata bogana urang kota. Nepi ka nu maca dibéré kayakinan, anu dicaritakeun lain ukur sadéngé-déngéna. Dina carpon Fatamorgana (kaca 155, Manglé No. 1019, taun 80-an) upamana, nyaritakeun tokoh Laras jeung Mami nu cicing dina dunya nu béda. Laras nu sapopoéna ulukutek di imah ngawulaan salaki, ari Mami figur wanita karir. Tapi dina seuhseuhanana mah, pangarang lir condong ka tokoh Laras. Lir henteu satuju ka awéwé anu mentingkeun karir ti batan ngurus salaki.
*
Téma rumah tangga deuih, anu mindeng némbongan dina Panggung Wayang téh. Ilaharna, pangarang wanoja mah sok nyaritakeun kahirupan rumah tangga, malah kawas geus jadi téma “wajib”. Rupa-rupa rereged dina kahirupan rumah tangga; rasa timburu, pasalia paham, kasang-tukang ékonomi, ditembrakkeun bari henteu karasa nerag. Sanajan dina téma ieu mah, pangarang leuwih ngutamakeun sora haté ti batan paguneman tokoh-tokohna. Pasualan-pasualan anu jadi bangbaluh tokoh carita, digambarkeunana dina leunjeuran carita nu ngaguluyur, sakapeung nyoréang alam ka tukang. Ngan umumna, pungkasna carita geus méré hiji kacindekan, henteu perlu pamikiran pikeun nyurahanana. Aya nu happy énding, tapi henteu karasa réhé. Ukur sawatara judul baé anu matak “gereget” tur méré “renungan” ka nu maca téh. Lolobana mah, ahir carita téh lir “ngalas rasa” ka nu maca. Naha perlu sedih, atawa sabalikna?
Dina carpon Talaga nu Liuh (kaca 26), nyaritakeun salaki-pamajikan anu silih sangka. Tapi pamustunganana mah bisa ngarepok, malah dipungkas ku kalimah : Muga-muga talaga téh sing angger anteng, caina sing angger liuh tur hérang, ngarah reugreug jadi eusi ieu dunya. Henteu perlu ngahuleng sabada maca téh, da geus puguh bulé-hideungna. Sabalikna jeung carpon Lipstik (kaca 139), nu maca baris milu hanjelu. Dina ieu carpon mah, salingkuh téh bet pahili jeung kajujuran. Méh sarimbag jeung carpon Sora (kaca 194).
Panggung Wayang loba dieuyeuban ku carita asmara, ti saban golongan umur. Guru nu bogoh ka murid, badéga nu bogoh ka dunungan, atawa lalaki geus rimbitan anu nineung ka popotongan. Umumna, carpon nu témana cinta mah dipungkas ku happy énding; rasa timburu anu “nyalahan” (Timburu, kaca 23), badéga nu bisa ngajodo ka dunungan (Rarakitan, kaca 68).
Panggung Wayang ogé lir ngagugat lalaki kaum lalaki anu asa aing. Sabalikna, ngangkat harkat darajat kaum wanita dina tempat leuwih mulya. Téma-téma kawas kitu teh, kapanggih dina sababaraha judul. Dina Sabot Panonpoé Surup (kaca 44), anu jadi jejer téh tokoh kuring, lalaki purah ngaheureuykeun awéwé. Dina hiji mangsa mah kalakuanana malindes ka diri sorangan, lantaran adina pituin boga nasib nu sarua, kawas awéwé anu kungsi diheureuykeun ku manéhna. Dina pungkas carita, kuring ngarasa kaduhung ku kalakuanana. Kitu deui dina Deudeuh Mila (kaca 95), nyaritakeun lalaki balangsak anu papanggih jeung urut kabogohna, awéwé simpenan emangna. Lebah dieu, kateujujuran atra némbongan. Malah dina tungtung carita disebutkeun : naha geus kuduna kitu lalaki téh tukang ngabohongan ka pamajikan?
*
Panggung Wayang, téma umumna kahirupan manusa ti saban golongan; nu beunghar, nu miskin, nu kasep, nu geulis, nu jujur, nu salingkuh, jeung warnaning kahirupan séjénna. Aya kereteg haté anu kedal tina carpon-carpon dina Panggung Wayang téh. Kereteg haté anu sakapeung datangna tina kateuadilan, sakaligus mangrupa kritikan. Kereteg haté anu sakapeung ngagalura dina nepikeunana, sakapeung reuhreuy ampir henteu katara. Kereteg haté anu karasa prosais teuing, henteu hésé pikeun nyurahanana, tur lolobana mah mindeng ditepikeun dina karya-karya prosa saméméhna. Ketereg haté anu merenah kénéh disebut invidual ti batan universal, tapi karampa orisinalitasna.
Untungna téh, Panggung Wayang henteu tigebrus kana carita-carita hiburan, najan maké gaya nu “ngepop” ogé. Ku gaya nyarita nu komunikatif, sakapeung dipasieup ku humor seger, Panggung Wayang bisa kénéh dihartikeun maksud tujuanana najan ku nu “awam” kénéh kana sastra ogé. Réalistis, bisa diraragap najan macana sajorélat ogé.
Leuwih ti satengahna, carpon-carpon dina Panggung Wayang maké tokoh kuring keur nyaritakeun jelema kahiji. Naha lantaran tokoh kuring mah leuwih gampang, atawa ngarah leuwih anteb ngedalkeun eusi haté? Nu puguh mah, tokoh kuring bisa ngawasa jalan carita, rék ka mana léokna, rek dikumahakeun. Hanjakalna, palebah tokoh kuring téh lalaki, aya kesan henteu jujur. Karakter tokohna disamunikeun ku maksud nu rék ditepikeun. Palebah sora haténa, bet karasa leuleuy teuing, lemes jeung mentingkeun pisan parasaan, taya binana jeung sora haté awéwé. Tina kituna, carita téh jadi mindeng kasawang pianggeuseunana, bisa dikira-kira kumaha béhna.
Panggung Wayang, sacara tématis geus ngawakilan sakabéh kahirupan manusa. Ku lantaran henteu ngutamakeun imajinasi, atuh taya gambaran-gambaran nu dimaksud ku pangarang téh geus némbrak dina kecap-kecap anu babari dihartikeunana. Ngan aya gagasan pangarang anu katémbong nyéngcélak téh, najan henteu méré suasana anyar, tapi ditepikeun ku basa anu sahinasna, sajalantrahna. Kajujuran dina gagasan mah écés pisan, henteu karasa dijieun-jieun.
Karah kumaha ogé, Panggung Wayang mangrupa sumbangan nu gedé pikeun karya sastra Sunda. Paling copél, geus jadi buku munggaran rétrospéktif dina sastra Sunda, tur dikarangna ku hiji wanoja. Pamungkas, bet inget deui kana rumpaka asmarandana anu jadi téma umum ieu buku :
Éling-éling masing éling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan baé
……………………………
(1999)