Ku DADAN SUTISNA
REBUN kénéh Somad geus nélépon. Maman kakara pisan hudang, da narima télépon téh bari lulungu.
“Rék digawé moal?” cék Somad dina télépon.
“Geus dua poé gé teu ngantor. Marni embung ditinggalkeun. Ari kitu aya naon?”
“Puguh rék ngajak ka ‘Sukma Photo’, ayeuna kénéh…”
“Rék naon?”
“Engké wé ngobrolna mah.”
“Ké atuh déwék mandi heula…”
“Dikuramas, teu?” Somad nyakakak.
“Nyao siah!”
“Ku déwék disampeur atuh, nya. Marni ajak bisi keueungeun mah!”
Jam tujuh isuk-isuk, Somad ngurunyung kana motor. Marni hideng nyuguhan cikopi. Maman kakara bérés disalin.
“Kamari mah déwék téh ngondang dukun sagala rupa,” cék Maman.
“Terus?”
“Terusna mah, dukun balik, nu ngahinghing aya kénéh. Kéder déwék gé.”
“Hayu ah, meungpeung isuk kénéh!” Somad cengkat.
“Cik terangkeun heula atuh, rék nanaohan ka ‘Sukma Photo’?”
“Aéh, heueuh. Kamari téh déwék tepung jeung pagawé ‘Sukma Photo’. Manéhna ngadongéng, cenah sababaraha peuting ka tukang aya lalaki nu ngadon nyitak poto panganténan téa, mamawa CD. Ngan matak nyurigakeun, da maké jeung maksa asup ka jero lab, nungguan hasil citakan…”
“Tah, tah, mimiti aya wewengan geuning.”
“Éta pagawé téh kerung pédah poto nu dicitak ku si lalaki sarua jeung nu dicitak ku déwék. Henteu gurah-geureuh cenah. Ngan mimiti curiga basa éta lalaki ménta CD kosong nu maké labél ‘Sukma Photo’…”
“Maksudna keur naon?”
“Nu matak urang ka ditu, ngarah écés. Kamari teu bisa ngawangkong panjang, da panggih di jalan, keur hujaneun deuih…”
“Abdi mah moal ngiring, Kang. Wios da aya Bi Darsih!” cék Marni.
*
BALIK ti “Sukma Photo”, Maman jeung Somad nepungan Bu Déwi, nu boga kontrakan. Sudma ngahaja disampeur heula.
Kontrakan Bu Déwi kawilang lega. Kamar-kamar nu dikontrakkeun aya welasna, paeunteung-eunteung jeung imah Bu Déwi. Tiiseun, da rada anggang ti jalan raya.
Somad rék nanyakeun bisi salila manéhna di lembur aya lalaki nu nginjeum konci, terus asup ka kamarna. Katerangan ti pagawé “Sukma Photo” méré kacindekan yén aya jelema nu ngaropéa potrét panganténan Maman jeung Marni. Ayeuna tinggal nalungtik jelemana.
“Euweuh sasaha da. Ongkoh ku Ibu gé moal dibikeun ari teu aya idin ti Jang Somad mah…” cék Bu Déwi. Ngadéngé kitu somad ngahuleng. Terus baé ngajak Maman jeung Sudma reureuh di kamar nu dikontrakna.
“Asa rieut déwék mah…” pokna ka Maman.
“Sigana salah déwék euy. Rumasa baheula nganyenyeri Lilis. Boa maotna gé alatan kanyenyerian ku déwék,” sora Maman dareuda. “Kuduna déwék nyekar heula ka makam Lilis méméh kawin téh.”
“Da geus kajadian atuh, rék naon deui.” cék Sudma.
Keur kitu Bu Déwi nyampeurkeun bari hariweusweus. Leungeunna ngajiwir ceuli Si Unéd, budakna nu kakara kelas dua SMP.
“Awas siah mun sakali-kali deui. Sok béjakeun ka Kang Somad…” pokna.
“Mu… muhun. Enggeus atuh, Ma, kumaha mun ceuli uing rumpung?”
“Alah… kawas teu diparaban waé sia téh. Sok ngomong!”
Tapi Si Unéd anggur carinakdak. Nu tiluan olohok.
“Jadi kieu, Jang Omad,” cék Bu Déwi. “Harita aya lalaki nu ngolo ka Si Unéd, nitah mangnyokotkeun konci kamar. Nyaritana mah cenah lanceuk Ujang. Dasar budak atuh, diasongan 50 rébu téh mani haripeut.”
“Saha éta lalaki téh, Jang?” Somad neuteup ka Jang Unéd.
“Cenah mah lanceuk Kang Omad. Uing mah percaya wé, pédah manéhna némbongkeun potrét nu keur ngaréndéng jeung Kang Omad.”
“Potrét nu ngaréndéng? Siga kumaha potrétna?”
“Teu nyidik-nyidik. Ngan sisigaan téh keur dariuk handapeun tangkal jambu…”
“Rék naon cenah asup ka kamar?”
“Teu terang. Ngan isukna datang deui, mulangkeun konci kamar. Terus omat-omatan, cenah ulah bébéja ka sasaha. Ka Kang Omad ogé…”
“Naha atuh bet dibéjakeun?” Sudma nyéréngéh.
“Da sieun ku Ema…”
“Enya, Jang,” cék Bu Déwi. “Ku Ibu moal katangén da kamar Ujang apan pangsisina. Ari Ibu apan nguyek waé di tukang, tara pirajeunan laha-loho ka kamar Ujang. Terus kumaha, aya nu leungit, Jang?”
“Henteu, Bu. Muhun sigana mah éta téh pun lanceuk. Ké wé urang papaykeun…”
“Nya ari kitu mah…” Bu Déwi terus ngaléos dituturkeun ku Si Unéd.
“Silaing kungsi dipotrét handapeun tangkal jambu? Jeung saha?” cék Maman. Somad kalah ka ngahuleng.
“Di imah Lilis! Apan déwék nu motrétna ogé!” cék Sudma.
“Enya, déwék inget. Éta lalaki tangtuna gé Kang Rahim, lanceukna Lilis. Ana kitu mah…”
*
SAPRAK ditinggalkeun ku Lilis, Rahim téh siga ngadadak gering pikir. Kituna mah da Lilis téh adi hiji-hijina, dipikanyaah pisan, ari hég kalah ka maot dina mangsa keur meumeujeuhna rumaja putri. Nyaho adina dinyenyeri ku Maman, Rahim teu narima, nya ti harita ngunek-ngunek hayang nyieun balitungan.
Sanggeus ngariung di kontrakan téa, Somad terus nyusun stratégi. Mimiti ngadatangan deui “Sukma Photo”, némbongkeun potrét Rahim. Enya cenah, akur pisan, éta jelemana nu nyitak potrét pangantén téh. Tadina rék laporan ka pulisi, ngan ku Maman dicaram. Mending didatangan baé cenah, sacara kakulawargaan. Antukna Rahim diréntog ku tiluan. Mimitina mah ngangles, ngan pamustunganana ngaku, bari terus sanduk-sanduk ménta dihampura.
“Akang téh banget baluweng, da ari haté leutik mah teu mikeun kitu peta mah. Ngan Lilis asa ngalangkangan waé, asa ngagugujeg nitah Akang nyieun balitungan. Ah, boa éta mah ukur rarasaan pédah Akang keur kabungbulengan ku adi…” pokna, teu ku hanteu maké jeung reumbay cimata sagala rupa.
Maman teu lémék teu nyarék. Manéhna asa dosa kabina-bina, sasatna harita Lilis dipegatkeun bari teu puguh kasalahanana, da Lilis mah teu kungsi nyieun codéka. Dipegatkeun sotéh pédah wé Maman kagémbang ku Marni.
Cék Rahim, mimiti kailhaman ngoprék poto téh pédah wé aya kasempetan. Basa Maman kawin, Rahim datang susulumputan. Manéhna nyaho nu motrétan téh Sudma, terus kamérana dipihapékeun ka Somad. Meunang saminggu mah Somad dikuntit. Rahim nyaho Somad balik ka lembur, aya kana tilu poéna, da tetelepék heula ka Si Unéd.
Ngaropéa photo jeung VCD, cenah nepi ka sapoé sapeuting, dibantuan ku babaturanana duaan. Rahim tapis kana élmuning komputer. Atuh teu hararésé hayang nyelapkeun nu ngebelegbeg hideung dina potrét téh.
CD nu jeung potrét-potrét nu asli diampihan, diganti ku meunang ngaropéa. Ngarah teu katémbong dirobah, labél CD disaruakeun jeung aslina, meunang ménta ti “Sukma Photo”. Kitu deui file-file nu dina CD, datana diakalan sangkan persis jeung aslina.
“Hanjakal aya nu kaliwat, da Akang teu nyaho kodeu-kodeu husus dina kaméra digital nu dipaké ku Sudma. Rusuh wé pangpangna mah…” Rahim maksakeun imut.
Nu tiluan, najan sakumaha keuheulna, teu bisa magar kumaha. Eukeur mah datangna masalah ti Maman deuih.
“Tapi Akang yakin, Lilis moal satuju kana paripolah Akang. Lilis mah awéwé soléh, moal males kanyeri ku kanyeri …” pokna dareuda. Maman beuki bareureuman.
Ka dituna Rahim balaka, cenah sora nu ceurik gé manéhna dalangna. Harita Rahim sailon jeung pagawé PLN, sina api-api menerkeun listrik, padahal neundeun sabangsaning radio nu geus dieusian ku sora-sora pikakeueungeun. Éta radio digital téh geus disét, sina disada unggal jam 12 peuting. Bakal terus disada deuih, sapanjang batréna can béak mah.
“Kakuatan batréna saminggu. Tapi mun kaganggu mah, cokot wé di para…” cék Rahim. Maman teu hayang tetelepék sual getih dina témbok tukang mah, da geus moal saha deui, cék pikirna.
*
“NEPI ka kituna nya, kalakuan batur. Cék urang mah kariweuh-riweuh. Euweuh gawé pisan,” cék Sudma ka Somad, sanggeus balik ti imah Rahim.
“Awahing nyaah ka adi meureun, hayang mangmaleskeun kanyeri,” walon Somad.
“Enya euy, tadina ku déwék rék dilaporkeun ka pulisi. Tapi asa teu téga…” Maman mairan.
“Keun baé, sing jongjon wé panganténan téh, moal aya deui nu ngaganggu meureun…”
*
TENGAH peuting Marni ngocéak. Maman keur di kamar mandi.
“Aya naon?”
“Cenah radio téh tos dicandak ti para, tapi naha aya kénéh nu ceurik?”
Maman ukur imut.***
ismangun - 07-08-2008 pukul 15.02
Duh serem banget nih ceritanya…
Eh punten akang, kedah nganggo basa sunda nya? Hehehe..
Yan Haryanto - 08-09-2008 pukul 10.48
Carita jurig mah memang sok asyik, sieun tapi bari hayang nyaho … hehehe …
aris_ - 09-11-2008 pukul 20.28
Leres, ieu karya anu kawilang sae. Teu aya dialog-dialog anu karaos mubazir. Malah nambahan wawasan, aya pakait sareng padamelan di dunia TI/digital. Teu semu klise deuih, teu sapertos carita-carita jurig bahasa Indonesia anu pikabosenen da langkung dipinuhan ku khayal sareng fantasi bari teu ilmiah tea. Leres, ieu bisa janten tandingan karya-karya teenlit kontemporer anu kadangkawis teu masihan wejangan dina substansi carita.
.
Salam,