Dal-IcoJudulna gé pop Sunda, nya tangtos rada ngepop. “Gapura Cinta” nu dihaleuangkeun ku Érna Arsylia, nyaritakeun nu pajonghok di tempat ondangan (aya kitu?) nepi ka jadi papacangan. Hanjakal henteu acan kapaluruh saha nu nyanggi ieu lagu. Tapi wilujeng ngadangukeun baé.

Iber: ieu lagu disimpen dina situs babagi musik (http://www.imeem.com). Teu benten ti dina YouTube, kanggo ngadangukeun ieu lagu, diperyogikeun Adobe Flash Flayer 8 (atanapi nu langkung luhur ti eta), mudah-mudahan tos aya dina browser nu nuju dianggo ku Sadérék).



Dina gapura cinta

Anjeun datang, datang némbongan

Mawa pangharepan

Mekarkeun kembang katresnan

Dina jandéla rasa

Abdi pasrah dirangkul asmara

Teu daya nampi kaasih

Nu meulit jeroning ati

Munggaran kenal ku teu pira

Tepang na uleman

Waktos harita réréncangan

Pésta panganténan

Dina gapura nya di dinya

Janten panineungan

Salira neuteup semu geugeut

Imut bangun ngaheureuyan

Gapura cinta jalan nu munggaran

Medalna asmara

Gapura cinta lawangna kahéman

Pantona katresnan

Gapura cinta dipapaés kembang

Kembang pangharepan

Gapuran cinta weweg ajeg panceg

Lir asih urang duaan


Tags: