Ku Dadan Sutisna
URANG Sunda geus boga tatapakan pikeun ngamekarkeun basa, sastra jeung aksara Sunda. Mimitina, aya Peraturan Daérah (Perda) Propinsi Jawa Barat No. 6 taun 1996. Taun 2003, gubrag deui tilu Perda nu eusina leuwih jembar batan perda nu ti heula. Cék perda nu disebutkeun pandeuri, basa daérah di Jawa Barat téh nyaéta basa Sunda, Cirebon jeung Malayu Batawi.
Éta perda baris jadi pamiangan pamaréntah keur ngocorkeun waragad sangkan bisa ngawangun imah-balé kabudayaan daérah nu weweg tur pageuh. Tapi, can puguh bisa ngadeg téréh-téréh mun nu ngurusna kurang bisa ngeureut-neundeun.
Saméméh ngahanca garapan nu dikotrétkeun dina Perda, balaréa perlu dibéré nyaho heula. Sosialisasi téa. Tanggal 15 Nopémber 2003, éta perda diémbarkeun ku Dinas Kebudayaan & Pariwisata (Disbudpar) Jawa Barat. Nu diondang aya ratusna, dibagi buku Perda nu cenah rék dicitak deui lantaran réa salah citakna. Ari masarakat, réréana can nyahoeun siga kumaha “bungkeuleukan” éta Perda. Saheulaanan mah urang anggap baé geus papada nyaho.
Pikeun ngalaksanakeun éta perda, aya dua instansi nu dibéré wewenang: Dinas Pendidikan jeung Disbudpar. Cukang meureun kasebutna, da dina emprona mah waragad tina APBD téh kudu nepi ka nu ditujulna. Duka tah kumaha ngalarapkeunana? Upamana, tina 9 bab jeung 14 pasal dina Perda No. 5, nu mana nu rék diheulakeun, dijieun prioritas unggal taunna? Saha deuih nu nangtukeun prioritasna, nu badamina?
Nu sidik, mun imah-balé kabudayaan daérah di Jawa Barat hayang manjang nepi ka jaga, perlu ditataharkeun deuih, saha nu rék ngeusian éta imah ka hareupna? Harianeun mun nepi ka nambru alatan geus euweuh nu daék nyicingan mah. Barudak, nya maranéhna pisan nu baris nyicinganana. Meureun urang ulah kendat ngalongok jeung ngolo maranéhna, bisi pangeusi nu ayeuna kaburu ropoh.
*
KA Ibu Éti geura mapaykeunana. Manéhna mah wanoh pisan ka barudak téh. Réngkak paripolahna, omongan-omonganana, sasatna katiténan unggal poé. Geus aya kana sapuluh taunna ngajar basa Sunda di SMP Negeri di Tanjungsari, Sumedang.
Hésé cenah ngajarkeun basa Sunda téh ka barudak ayeuna mah. Malah di sakolana kungsi aya kajadian nu matak kerung: keur diajar basa Sunda, aya budak nanya maké basa Indonésia. Urang Sunda pisan.
Hésé téh lain waé cék guru. Kolot barudak aya nu nyebutkeun yén pangajaran basa Sunda téh leuwih hésé manan pangajaran basa deungeun. Jaman kiwari mah, réa kolot nu walahwah-weulweuhweuh mun pareng budakna dibéré PR basa Sunda.
Bisa jadi geus kitu prahna. Basa Sunda dianggap basa deungeun di lembur sorangan. Barudak téh tong boroning dititah nyarita basa Sunda nu bener tur pantes, dititah maca gé apan gagégog kénéh. Pantar budak SMP éta téh.
Brasna kana tradisi maca nu pegat téa. Barudak kiwari geus euweuh kasempetan macaan buku atawa naon baé nu maké basa Sunda. Di pabukon sakola, buku Sunda téh langka. Padahal apan pangaresep nulis-bisa jadi nyarita deuih-pamianganana téh tina maca.
Bu Éti kapaksa ngumpulkeun majalah urut, atawa naon baé nu maké basa Sunda. Pangna kitu téh lantaran di sakolana henteu nyampak. Ari Bu Élis, guru SMP swasta di Sumedang, kapaksa nyongcay gajihna keur meulian buku Sunda injeumkeuneun ka barudak.
Perdana geus aya. Tapi nyadiakeun bacaan keur sakola sakumaha nu diatur dina pasal 7 Perda No. 5 duka iraha dimimitianana. Saenyana, Dinas Pendidikan nu jadi papayung sakola di Jawa Barat, bisa ngayakeun idéntifikasi bacaan basa Sunda di sakola-sakola. Ti dinya baris katoong, sakola mana baé nu kurang bacaan téh, nya éta heula meureun nu jadi prioritas téh.
Dina ngadegkeun imah-balé kabudayaan daérah nu ditatapakan ku Perda téa, urang gé perelu ku nu teuneung jeung kritis. Ludeung tur wani nembrakkeun pasualan nu nonggérak dina kongkolak panon. ***
Tags: Budaya, Daerah, Jawa Barat, Pemerintah, Perda