Ku Hawé Setiawan
Saréréa geus apal dongéngna. Enya, dongéng Sangkuriang jeung Dayang Sumbi téa. Versina gé jigana kaitung réa, boh nu lisan boh nu tinulis. Minangka tatapakan enggoning nafsirkeun deui ieu mitos, asa meujeuhna mun urang ngajenan warisan Utuy Tatang Sontani. Taun 1962 Penerbit Bhratara, Jakarta, medalkeun naskah drama, Sang kuriang, yasana Utuy.
Nu dikarang ku Utuy, boh Sangkuriang boh Dayang Sumbi dina pamustunganana papada nyirnakeun manéh. Dayang Sumbi nu teu sudi dipaksa dipigarwa ku Sangkuriang ahirna nubleskeun kujang kana dadana sorangan. Nya kitu deui Sangkuriang, ku sabab manéhna gagal migarwa nu geulis téa antukna mateni diri sorangan. Sangkuriang jeung Dayang Sumbi juntrungan dua pamadegan nu patukang tonggong, dua génerasi nu teu bisa ngahiji.
Bawirasa nu jadi marga taya lian iwal ti perkara kahanan (eksistensi). Enya, kahanan manusa (Sunda). Ayana “kuring” téh ti mana jolma turta kumaha jujutanana? Kitu asana mah pertanyaan nu ngarobeda Sangkuriang téh. Epistemologi Sangkuriang, nyaéta padika nu dipilampah ku manéhna enggoning neangan pangawéruh ngeunaan eksisitensi dirina, ditanjeurkeunana kalawan radikal. Hartina, ku jalan ngabongkar pangawéruh nu geus ajeg nepi ka akar-akarna.
Sidik pisan, lebah dinya mah Sangkuriang memang mahiwal ti kaom awam. Manéhna teu ngarasa sugéma mun kudu percaya kitu baé yén ayana “kuring” téh geus kitu kersaning Nu Kawasa. Ceuk gandek, “Teu sae kabina-bina tatanya marga cangcaya. Langkung sae pasrah baé, da manusa mah teu wasa.” Kumaha ceuk Kuriang? “Bohong!… ceuk saha kula teu wasa?” Hartina, pikeun Sangkuriang mah, manusa téh miboga kabisa pikeun maluruh asal-usulna. Manéhna percaya kana kakuatan akal pikiran.
Pikeun Sangkuriang mah teu pisan kaharti ku akal yén manéhna ngabapa ka hiji anjing, Si Tumang téa. Teu, henteu kaharti ku akal yén manéhna éta génealogi alias silsilah modél kitu téh hina kabina-bina. Ngahina ka akal waras. Ku sabab kitu maehan Si Tumang téh keur manéhna mah konsekuensi logis tina pamadegannana nu rasional téa. “sabab nu disebut bener teu kaci leuwih ti hiji” cenah gé. Atuh mun manéhna bogoh ka Dayang Sumbi, pikeun Sangkuriang mah. Lain hartina manéhna bogoh ka indung sorangan tapi bogoh ka hiji wanoja nu geulis kawanti-wanti téa. Éta téh dumeh Sangkuriang teu manggihan bukti yén Dayang Sumbi kungsi ngandung manéhna.
Ari Dayang Sumbi? Inyana téh hiji pamadegan, hiji sistem pangawéruh, nu teu boga daya persuasi di hareupeun Sangkuriang. Manéhna teu bisa ngabejerbeaskeun éta pangawéruh kalawan ngayakinkeun. Dayang Sumbi ngan saukur nungtut kayakinan ti Sangkuriang yén Sangkuriang téh anak manéhna pituin. ” Anaking, wayahna Ujang, sing tarima ka papasten. Kana kersaning dewata, urang teu bisa kumaha,” cukup ku kitu persuasina téh. Ana kitu mah Dayang Sumbi téh hiji mistisismeu. Maksud téh hiji pangawéruh ngeunaan eksistensi manusa (Sunda) nu nyarande kana katerangan-katerangan ngeunaan mistis, nu teu kahontal ku akal.
Nu narik mah, basa éta dua pamadegan nepi kana waktuna kudu paaduhareupan kalawan ekstrim. Dayang Sumbi ngasongkeun sarat: cenah daék manéhna dipihukum ku Sangkuriang asal Sangkuriang bisa ngabendung talaga sarta nyieun parahu dina waktu sapeuting. Saenyana mah éta téh ngan saukur ekol, minangka benteng panungtung enggoning nyanghareupan pameredih ti Sangkuriang. Horeng, aya galagat yén Sangkuriang, nu dibantuan ku naon siluman téa, enyaan mampuh nyumponan sakabeh sarat, minangka réalisasi komitmen cinta manéhna ka Dayang Sumbi. Kumaha tah Dayang Sumbi basa kadeseh kitu? Manéhna milampah konspirasi jeung Arda Lepa saparakanca, ngaduruk leuwéung ti tébeh wétan, sangkan Sangkuriang boga sangkaan yén balebat kaburu ngajorelat manten. Naha ari bebeneran bisa ditanjeurkeun ku jalan nu teu jujur? Naha ari tujuan kudu ngahalakeun sagala rupa cara?
Nu sidik, éta dua pamadegan téh teu bisa diamprokeun bari lalugina. Ekstrim pisan konflikna téh. Patukang tonggong. Antukna, duanana ngajanggélek jadi tragédi. Tragédi Sangkuriang nyaéta tragédi rasionalisme. Demi Dayang Sumbi nyaéta tragédi mistisismeu.***
Tags: Basa Sunda, Sastra Sunda