Bahasa Indonesia

10 Coretan Terakhir

Madonna - Trio Ijar

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 13-05-2008 22:15:04 | 1 Komentar

Duka ka mana ngiles ieu grup Pop Sunda téh. Nu nyanyina tiluan, awéwé wungkul, carentil. Nu inget mah salah sahiji albeumna teh “Popéyé” (duka naon pihartieunanana). Nu kapidangkeun lagu “Madonna”.

Enjing Deui - Detty Kurnia

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 13-05-2008 21:52:09 | 1 Komentar

Detty Kurnia teh baheulana mah sok duét jeung Darso, dina lagu wanda calung. Nu kasohor mah upamana lagu “Maribaya”. Terus taun 90-an medalkeun albeum pop Sunda. Saperti “Rayungan” ciptaan Nano S., “Sologoto”, jsté. Ieu kasanggakeun conto laguna, “Énjing Deui”.

Balé Nyungcung

Kategori: Peperenian | Dimuat pada: 13-05-2008 11:50:50 | Tanpa komentar

Da nyungcung atuh kasebutna masigit mah, di mana-mana ogé. Nu matak aya babasan “ka balé nyungcung”, ngadon dirapalan. Akad nikah di imah tacan ilahar.

Inget-inget poho: Keur leutik kuring ceurik, hayang milu ka masjid. Deukeut kari meuntas alun-alun.

Indung kuring melangeun, saurna: “Bisi kasaréan.” Tapi bapa ngaheugkeun: “Hayu milu!” saurna.

Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén

Kategori: Peperenian | Dimuat pada: 12-05-2008 22:05:24 | 2 Komentar

Ieu seratan kénging simkuring waktos ngiringan Saémbara Nyérénkeun Pangantén sa-Jawa Barat di Hotél Lingga, taun 2004, minangka wawakil ti Kota Bandung. Saleresna mah seueur pisan naskahna téh, nanging kedah dikoréhan heula. Aya dua seratan, nyaéta pamasrahan ti sesepuh calon pangantén pameget sareng oanampian ti sesepuh calon pangantén istri.

Nu Kokoro

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 10-05-2008 03:35:38 | 2 Komentar

KOKORO téh miskin téa. Malah sakapeung mah sok diémbohan jadi kokoro nyoso malarat rosa, hartina miskin kabina-bina. Jalma kokoro sok dipapandékeun ka nu dahar soré henteu isuk, hésé néangan sandang pangan. Sababna mah bisa rupa-rupa, lantaran teu boga pagawéan, atawa (mun di lembur) keur kaserang paceklik panjang.

Lima Pangarang Sunda Dilélér Anugerah Gupernur

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 10-05-2008 02:46:18 | 2 Komentar

Asep Rumimat, Duddy R.S., Hawé Setiawan, Mamat B. Sasmita, jeung T. BachtiarSakumaha nu kungsi diémbarakeun, Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) gawé bareng jeung Pamaréntah Propinsi Jawa Barat baris ngalélér anugerah ka lima pangarang Sunda. Saha-sahana nu meunang anugerah, méméhna mah éstuning dibuni. Kakara diumumkeun téh peuting tadi, Juma’ah 9 Méi 2008, di gedong YPK Jl. Naripan No. 7 Bandung.

Nguyang Dahareun Sadunya

Kategori: Arsip Cupumanik | Dimuat pada: 09-05-2008 22:11:43 | Tanpa komentar

TAUN 2009 nu ukur bubulanan deui, pangeusi alam dunya bakal ngalaman nguyang. Kaku­rang­an dahareun. FAO, lembaga nu ngurus kaayaan pangan di PBB, geus nuduhkeun sabab-sabab pangna kajadian kitu. Nya­éta gagal panén, gangguan ben­cana alam, jeung sasayagian bi­nih nu beuki samporét. Réa akibat nu baris karandapan, nya­éta ngagejrétna produksi pangan jeung mumbulna harga kaperluan sapo­poé. Lian ti paré, gandum jeung jagong, dahareun séjén gé baris kabawakeun sisip. Kaasup bangsaning dadagingan. Akibat nu leuwih parna, manusa bakal nyanghareupan kakurang­an pro­té­in héwani jeung nabati, tur nandangan kasakit nu tacan aya piubareunana.

Instalasi Apache, PHP, dan MySQL dengan Apache2Triad

Kategori: Tanya Jawab Buku | Dimuat pada: 07-05-2008 12:10:23 | 5 Komentar

MySQLAgar Apache, PHP dan MySQL dapat berjalan satu sama lain, diperlukan konfigurasi setelah instalasi. Bagi yang baru berkenalan dengan ketiga program di atas, melakukan konfigurasi terkadang membingungkan juga. Untuk itu, pada buku ini, kita akan menggunakan Apache2Triad untuk instalasi Apache, PHP dan MySQL secara bersamaan.

Cara Mudah Menjadi Seorang Webmaster

Kategori: Buku Indonesia | Dimuat pada: 07-05-2008 01:55:14 | 4 Komentar

7 Langkah Mudah Menjadi WebmasterIstilah webmaster bukanlah hal yang asing bagi para penggila internet. Webmaster hadir memenuhi tuntutan era teknologi informasi telah merambah pada berbagai lini kehidupan. Mereka adalah para pekerja yang berurusan dengan script atau pengkodingan dengan bahasa pemrogaman tertentu.

Atikan nu Walatra

Kategori: Éséy Sunda | Dimuat pada: 02-05-2008 01:05:15 | Tanpa komentar

Naha enya waragad mangaruhan kana kualitas atikan (pendidikan)? Sigana mah can tangtu. Ningkatkeun kualitas atikan bisa waé ngaliwatan kreatifitas guru. Buktina, Bangladesh nu kasohor ajén atikanana handap, ayeuna geus bisa ngaliwatan Indonésia. Ayeuna prestasi atikan Indonesia aya dina itungan ka-11 di Asia Tenggara, ari Bangladesh naék ka itungan ka-9. Padahal mun nilik kana waragad mah henteu sabaraha, ngan cenah guru-guruna kréatif naker.

Halaman 8 dari 32« Teranyar...«78910»...Terakhir »
Basa Sunda