Bahasa Indonesia

10 Coretan Terakhir

Kawih: Bulan Bandung Panineungan [Update]

Kategori: Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 23-06-2008 10:19:36 | 7 Komentar

Dal-IcoKénging nyutat tina albeum “Bandung Lembur Kuring” nu dipedalkeun ku Paguyuban Seniman Tembang Sunda. Nu ngahaleuangna Euis Komariah, juru tembang nu sohor téa. Kabeneran harita nyaksian pisan waktu rékamanana, da diajak ku Ceu Rina Oesman.

Pop Sunda - Gapura Cinta - Érna Arsylia

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 23-06-2008 10:11:56 | 1 Komentar

Dal-IcoJudulna gé pop Sunda, nya tangtos rada ngepop. “Gapura Cinta” nu dihaleuangkeun ku Érna Arsylia, nyaritakeun nu pajonghok di tempat ondangan (aya kitu?) nepi ka jadi papacangan. Hanjakal henteu acan kapaluruh saha nu nyanggi ieu lagu. Tapi wilujeng ngadangukeun baé.

9 Seratan Ukur Banyol

Kategori: Ukur Banyol | Dimuat pada: 23-06-2008 09:54:48 | 2 Komentar

Kasanggeukeun 9 seratan pondok “Ukur Banyor”. Da ukur banyol ieuh, janten ulah dilebetkeun kana manah. Kénging kutrat-kotrét jaman bihari. Matak seuri, mesem, atanapi henteuna mah, rélatif. Nyanggakeun saaya-aya.

Témbakan Calon Mitoha

Kategori: Ukur Banyol | Dimuat pada: 16-06-2008 12:56:35 | 6 Komentar

Ampir mareng jeung Piala Éropah, di désa kuring gé aya kompetisi maénbal. Nu miluanana ti saban lembur. Ari poé tadi, kuring nu jadi palatih Tim Buladig ti lembur Ciboléd, manggih kareuwas. Tapi, sigana lain kuring wungkul nu reuwas jeung keuheul téh, nu séjénna gé pasti kitu.

Nyiar Pacabakan

Kategori: Ukur Banyol | Dimuat pada: 16-06-2008 12:15:07 | 1 Komentar

Geus dua bulan hulang-huleng baé. Saprak di-PHK ti pabrik kurupuk, lebeng teu manggih deui pagawéan. Komo ayeuna dibéré BBM naék. Wah, kasusah téh teu euweuh-euweuh. Ngalamar mah geus ka ditu-ka dieu, ti mimiti pabrik sapatu nepi ka salon kecantikan. Angger euweuh nu metu. Padahal apan kuring téh boga kabeubeurat; pamajikan hiji keur meumeujeuhna resep balanja, anak dua keur meumeujeuhna beuki jajan.

Réa Kahayang

Kategori: Kutrat-Kotrét | Dimuat pada: 11-06-2008 11:51:42 | 1 Komentar

Kitu pan sipat jelema mah. Sok réa kahayang. Kahayang nu can tangtu kahontal. Kahayang nu mun dipikir-pikir mah asa ngarawu ku siku. Kahayang nu saenyana mah ngan diukur “jidar” duniawi. Kahayang nu boa antukna matak cilaka alatan dina ngudagna sagala didupak, sagala dirumpak. Kahayang ukur kahayang.

Babaturan hayang boga imah. Nu hiji hayang meuli meuli mobil. Nu hiji hayang sakola deui. Nu hiji hayang kawin. Nu hiji hayang nyandung. Sarua, babaturan gé réa kahayang.

Toponimi Tatar Sunda: Ramé di Girang, Géhgéran di Urang

Kategori: Arsip Cupumanik | Dimuat pada: 10-06-2008 18:44:21 | Tanpa komentar

ua-sas-dede-kosasih-medar-t.thumbnail.jpgMang Ayat (Prof. Dr. Ayatrohaédi) suwargi kungsi ngindonésiakeun istilah toponimi jadi widyaloka. Hartina mah éta-éta kénéh, nyaéta élmu ngeunaan asal-usul ngaran patempatan. Toponimi téh bagian tina onomatologi—aya deui nu nyebut anomastika (onomastics)—, nyaéta élmu ngeunaan sajarah ngaran.

Pikeun ngaguar ieu perkara, tangtu baé kudu weweg élmuna, teu kaci ari ningalina ngan tina hiji aspék mah. Malah mah kudu terang kana kasang tukang folklore nu aya di sabudereunana.

Tresnaning Tresna - Rika Rafika

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 09-06-2008 21:59:40 | Tanpa komentar

Dal-Ico“Tresnaning Tresna” téh sajak kénging Godi Suwarna, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Rika Rafika. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

Pangbalikan - Ani Sukmawati

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 09-06-2008 21:51:56 | 3 Komentar

Dal-Ico“Pangbalikan” téh sajak kénging Wahyu Wibisana, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

Hujan di Buruan - Iin Mulyani

Kategori: Lagu-lagu Sunda, Lalaguan Sunda | Dimuat pada: 09-06-2008 20:47:47 | 1 Komentar

Dal-Ico“Hujan di Buruan” téh sajak kénging Hadi AKS, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

Halaman 6 dari 32« Teranyar...«5678»...Terakhir »
Basa Sunda