Kategori: Dokumentasi Vidéo | Dimuat pada: 03-07-2008 17:14:17 | 1 Komentar
“Tresnaning Tresna” téh sajak kénging Godi Suwarna, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Rika Rafika. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.

TILU Nopémber 2007 kuring saparakanca nganjang ka Kabuyutan Ciburuy, salah sahiji tempat nyimpen naskah-naskah Sunda Kuno. Nu harita milu téh di antarana Ua Sasmita (ti Rumah Baca Buku Sunda), Tién Wartini (ahli naskah Sunda), Dédén Abdul Aziz (wartawan Koran Témpo), Téh Éndah (istrina Kang Dédén), Hawé Setiawan (ti Cupumanik), Atép Kurnia (éséis), Jullian Millie (urang Ustrali), Dhipa Galuh Purba (ti Seni Budaya), jeung Darpan (pangarang Sunda, matuh di Garut).
Basa poe Saptu 3 Nop 2007, kuring ngilu ulin ka Kabuyutan Ciburuy Garut, ngilu ka rombongan ti PSS, samobil pinuh, karunya anu kuru we, kadempet. Merenyeng hayang ngilu, pedah eta loba kacaturkeun apan di Ciburuy Garut teh tempatna intelektual Sunda jaman bihari, nepi ka loba karyana dina wangun tulisan dina media daun lontar jeung nipah. Anu geus katalungtik nyaeta naskah Amanat ti Galunggung jeung Sewaka Darma. Hayang nyaho kumaha bungkeuleukanana naskah dina daun lontar di lingkungan aslina. Rombongan teh aya dalapan urang, kaasup Ceu Tien Wartini filolog ti Musium Sribaduga, malah Julian Millie ge ngilu, Julian antropolog ti Australi anu keur nalungtik perkara manakiban.