Kategori: Ngundeur | Dimuat pada: 24-02-2008 16:26:15 | 1 Komentar
Mémang basa munggaran abad ka-20, atawa ahir abad ka-19, kungsi sumebar hiji ageman (kapercayaan) anu diluluguan ku Pangeran Madrais. Katelahna agama Sunda, kalayan teu saeutik anu milu aub nyepeng éta ajaran. Pangéran Madrais boga turunan, Pangéran Téja Buana, nu satuluyna neruskeun tapak lacak dina raraga nyebarkeun agama Sunda. Tapi dina taun 1964, Bung Karno (Présidén Indonésia ka-1) ngaluarkeun larangan pikeun ngagem agama Sunda, dumasar kana sababaraha tinimbangan. []