Kategori: Carita Pondok | Dimuat pada: 12-08-2008 04:34:33 | 2 Komentar
Cartibag Dadan Sutisna
Bagian Hiji
RADA nyenghél basa maca tulisan deukeut panto téh. Teuing saha nu nulisna, da bangun dapon baé, diterapkeunana ogé siga nu rusuh, nyéngsol-nyéngsol acan. Bet babalagonjangan dina haté, sugan Pa Sukri - anu mimiti poé ieu jeneng jadi mitoha kuring - anu ngagawéanana téh. Éta wé, tadi bada asar, Pa Sukri nanyakeun keretas ka Si Adun. Tayohna téh dipaké nulis kekecapan nu matak réhé. Bet hayoh deuih diterapkeunana di deukeut panto, nepi ka saha baé ogé bisa maca.
“Upami badé nepangan pangantén, harap sabelum magrib!” kitu cénah.
Da jeung enyana, rada matih tah tulisan téh. Méméh magrib, kaayaan nu tadina ramé dadak-sakala jadi tiiseun. Tatangga anu tas babantu nungtutan baralik, sanggeus dibahanan berekat saayana. Anu matak kerung, lain ukur tatangga anu baralik téh, Pa Sukri sapiri-umpi ogé milu amitan.
