Tanah karuhun kuring baréto, ti imah téh parat ka lebak, nepi ka walungan. Péréléanana mah kieu: imah kolot, kebon awi, kebon paranti pepelakan (jagong, sampeu, jsb), solokan, balong, sawah, walungan. Ti buruan kuring nepi ka walungan téh ngagawir, euweuh deui imah harita mah. Ari lebah balong aya tampian, pancuranana tilu.

Unggal burit jeung isuk-isuk, urang lembur ngabring ka tampian; nu nyoléndang anduk, nu ngélék boboko, nu mawa seuseuheun. Atuh pasosoré mah, di balong téh asa di pasar baé. Mani sahéng, awéwé-lalaki, kolot budak. Nini-nini ngabaragal muka kutang, gigireunana mojang keur ngosokan tonggong. Aranteng wé, bangun taya kaéra. Padahal mah, mun dipikir ayeuna, tampian kawas kitu mah moal matak jongjon. Da puguh henteu buni (ukur dipindingan ku sarigsig awi), sabataé orat téh katémbong.

Inget kénéh, basa umur kuring kakara 6 taunan, bujang-bujang di lembur sok aya gerakan noong nu mandi. Ngahaja nyieun panyumputan di beulah tonggoh, deukeut tangkal nangka. Ngawangun sasaungan, ditiungan ku daun kirinyuh, ditihangan ku tangkal jagong. Ti wanci lingsir ngulon ogé, sok geus ngadarapang di dinya. Aya nu bebekelan sagala rupa; mekel ududeun, mekel dahareun. Ari nu dianti-antina téh, mojang lembur nu rék ngoyok mandi. Aya béjana, para mojang mah ari mandi téh tara keudeung-keudeung, kudu baé sagala diruru. Béda jeung bujang nu mandina dapon lantis. Upama rentang-rentang aya mojang ditiung anduk, jep jempling, sada gaang katincak. Ambekan ditahan, malah mun bisa mah ulah ngarenghap-renghap acan, bisi ngagareuwahkeun nu rek ngoyok.

tangkal-nangka-tonggoheun-c.jpg

Tangkal nangka téa.

Tapi lila-lila mah, loba nu arapaleun ka nu sok noong téh. Kungsi hiji mangsa mah dibuburak ku Mang Uju, lalumpatan satengah notog-notogkeun manéh. Hanjakalna, basa kuring mangkat gedé mah, gerakan noong nu mandi téh geus lekasan. Bangkrut. Da puguh tampianana oge geus langka dipaké. Ka lembur geus aya cai beunang mawa ti Cisumengka.

Aya deui gerakan noong téh. Lain, lain di tampian ieu mah, tapi di saung lisung. Kuring ogé rada kabagéan adegan éta mah. Tonggoheun imah, ukur kahalangan ku tilu suhunan, aya saung lisung. Nu bogana Nini Ésih almarhumah. Rada lega saung lisung téh, husus paranti nu ngadon nutu. Jublegna aya 7 siki, lisungna aya 3. Saung lisung téh sasuhunan jeung kandang domba. Gigireunana imah Uyut (poho deui ngaranna mah). Barudak bujang sok ngagebreg di dinya, dadakuna mah maturan Uyut nu geus sakitu kakolotanana. Tapi mun pareng kadéngé sora halu diadu jeung lisung, mani paheula-heula néangan liang bilik. Anu diténjona, nya anu keur nutu téa. Éta cenah, gerakan nu nutu mah érotis pisan. Komo mun ninggang ka mojang keur meumeujeuhna. Gerakan awak, gerakan leungeun, ngawirahma jeung sorana. Palebah halu ninggang kana lisung, dina awak nu mojang téh sok katémbong aya nu eundeur. Tah, nu eundeurna téa nu sok ditengetan téh.

Biasana, indit ka saung lisung téh sok mawa boboko dieusi paré, aya ségon, aya ranggeuyan. Leungeun kénca ngajingjing nyiru. Dangdananana, maké kabaya, samping jangkung, ditiung wéh ku karémbong. Palebah nutu ségon, (biasana sok dina jubleg, lain dina lisung) suku katuhu sok diangkat kana jubleg. Kaharti maksudna mah, ngarah jubleg cicing upama ditinggang ku halu. Puguh baé, samping jangkungna sok milu nyingsat saeutik.

Kawas di tampian, gerakan ngintip di saung lisung gé henteu lana. Kaburu dibuburak manten ku kolot. Nya Uyut pisan anu ngadonina téh.