(Sawangan Keur Buku Kumpulan Carpon “Oknum”)

Ku Dadan Sutisna
Oknum, buku kumpulan carpon Hadi AKS, dipedalkeun ku CV Geger Sunten Bandung. Saméméhna, Hadi can kungsi medalkeun buku sastra, ari lain buku pangajaran sakola mah. Ku kituna, Oknum téh buku kumpulan carpon Hadi anu munggaran.

Ti barang dipedalkeun ogé, Oknum téh geus aya di pabukon kuring. Dibaca éta ogé, tapi ukur sajorélat. Malah lolobana mah diliwat baé, sabab saméméhna loba nu geus dimuat dina média massa. Kakara maca judulna ogé, ingetan kuring geus eunteup manten kana carpon Hadi nu kungsi dibaca dina koran atawa majalah (réréana mah nu kungsi meunang hadiah sastra). Inget kénéh deuih kana eusina ogé, kana gaya pangarang anu sok mentingkeun pisan sétting. Malah harita mah, maké babalagonjangan sagala rupa, meureun ieu buku Hadi anu baris meunang hadiah sastra Rancagé téh.

Tapi geuning melengkung bekas nyalahan. Ceuk putusan juri Hadiah Rancagé 2000, Oknum téh tacan “meujeuhna” dibéré pangajén Rancagé. Dijieun nominasi ogé apan henteu. Alesanana mah, basa Sunda anu digunakeun ku pangarang kurang hadé. Atuh eusina ogé (ceuk juri kénéh) lolobana mah ukur nepi kana karikatur.

Jorojoy hayang maca (deui) Oknum. Enya kitu, basana téh kurang hadé, lebah mana kurangna? Terus anu disebut karikatur téh naha matak ngarenyu imut, atawa kumaha?

*

Carpon-carpon dina Oknum, lolobana mah nyaritakeun kahirupan masarakat leutik di pilemburan. Hadi AKS nu lahir di Pandéglang, malah geus deukeut pisan ka wewengkon basisir, bisa nyieun kasang tukang carita tina kahirupan para pamayang. Pon kitu deui, mitos-mitos di éta wewengkon, bisa méré warna kana carpon-carponna. Urang lembur mah apan loba anu percaya kénéh ka nu “ngageugeuh” hiji tempat. Hanjakalna, dina carpon-carpon Hadi nu dikupulkeun dina Oknum, mitos (anu diwakilan ku Nyi Munigar) téh ukur dicaritakeun sajorélat baé, malah kawas nu tamba henteu teuing. Padahal lamun digarap enya-enya mah, bisa méré warna carita nu béda. Bisa jadi, pangna nepi ka kitu téh, lantaran pangarang “ngarancabang” teuing dina milih jejer nu dicaritakeun. Henteu dihususkeun kana hiji masalah.

*

Bisa nyalsé jeung rinéh maca Oknum mah. Nyebut kitu sotéh, sabab taya tapsiran anu kudu dipikiran. Enya, pangarang téh lir ngudag réalismeu dina gayana, konvensional, atuh tokoh-tokoh nu ngalalakon ogé éstuning manusa sanyatana, nu puguh bungkeuleukanana. Téma caritana ogé rata-rata taya nu lampar, lir ngahaja beunang motrétan tina kahirupan sapopoé. Nu dicaritakeunana lolobana mah jelema-jelema kelas handap, ditilik tina sosial-ékonomina. Ngan palebah sétting anu disebutkeun unggul téh. Lebah ngayakinkeun ka nu maca ngeunaan asal-asul hiji tempat, atawa kaayaan (tempat, waktu jeung suasana) anu keur dicaritakeun ku pangarang.

Barang bray muka Oknum, urang baris disuguhan catetan hirup Rahma. Carpon Dongéng Biduan (kungsi dimuat dina Galura taun 1999) nyaritakeun “kuring” anu kahudang deui ingetanana sabada maca tabloid anu ngamuat Rahma. Carpon dina alur flash-back, ngalalakon kahirupan dunya artis jeung produsér. Taya nu anéh dina ieu carpon mah, ukur katapisan pangarang dina ngulinkeun kecap. Lantaran jejerna mah geus jadi rusiah umum, henteu muka cakrawala anyar. Lain barang anyar apan, lalakon nu hayang jadi artis, nepi ka téga ngorbankeun kahormatanana. Dunya artis anu hurung-hérang, dina sawangan pangarang mindeng dikotoran ku pagawéan nirca. Mojang nu hayang ténar, apan kudu “dités” sagala-sagalana; sorana, kawanina, jeung kahormatanana. Henteu nepi ka dinya, sanggeusna ténar ogé kahormatan (artis) téh mindeng dipaké adu-tawar.

Ditilik tina jejer carita mah, Dongéng Biduan lir béja (atawa panalungtikan?) anu dibéjakeun deui; nu kieu kahirupan dunya artis téh. Béja anu dipasieup deui ku pangarangna, dibebenah ku kecap-kecap puitis, malah kawas ngahaja semu “digalindengkeun“. Langka manggih kecap nu ngaganggu deuih, ari lain salah citak mah. Éta ogé, aya sawatara kecap anu kawasna mah geus ilahar dina dunya artis, saperti show, lighting, ketat (maksudna kana baju artis nu merecet), meledak (kana popularitas artis) jeung dry-ice.

Halimun di Suku Gunung jeung Dengkleung Déngdék anu disebut alus ku juri Rancagé téh, tapi cenah karasa ngambang, sabab loba teuing kecap anu henteu ilahar dina basa Sunda. Halimun di Suku Gunung, carpon pinunjul Hadiah DK Ardiwinata 1994. Jejerna nyaritakeun lalaki anu (kapaksa) kudu saimah jeung indung-téré. Saméméhna, Nyi Sarinah (indung téré tokoh “kuring”) téh sindén anu jadi rebutan lalaki. Kaasup “kuring” ogé aya haté. Naha atuh, ari pruk kawin ka bapana.

Najan bari antaré, henteu gurung-gusuh, reuhreuy naker pangarang nyaritakeun ngagolakna batin Si Tokoh. Henteu ujug-ujug kana masalah deuih, lir ngahaja disumputkeun heula. Kalah nyaritakeun suasana di basisir, kahirupan rayat leutik anu pakasabanana ngala lauk (ieu minangka “ciri” pangarang anu mentingkeun pisan sétting téh). Marudahna haté, konflik anu “piraméeun”, lir ngahaja dialonkeun. Eta ogé aya “pikiraneun” nu maca téh, kajadian anu kawas ngahaja disumputkeun ku pangarang. Nyi Sarinah mindeng ditinggalkeun ku salakina ka laut. Tinggal “kuring” jeung Nyi Sarinah nu aya di imah téh, boh beurangna, boh peutingna. Naon anu geus kajadian? Kawas ngahaja disumputkeun, najan di ahir carita basa Nyi Sarinah keur dipencétan ku “kuring” aya kalimah : “Ké atuh urang buka heula kutangna, bisi ngagokan!” jeung lalaunan aya nu metot implengan kuring ka hiji tempat biheung di mana.

Pungkas carita ogé bangun ngahaja dina ngagantung. Bapa “kuring” ngereles teuing ka mana, ngejat pédah anak awéwéna maot. Nyi Sarinah anu geus ngarasa henteu boga salaki, terus kawin ka mandor perkebunan.

Enya, dina Halimun di Suku Gunung mah loba kecap anu henteu ilahar. Naha éta kecap-kecap kaasup basa wewengkon? Duka tah, palebah dinya mah. Lantaran kuring henteu apal kana basa wewengkon Pandéglang (henteu diémbohan ku catetan kaki deuih).

Ieu sugan anu matak harenegna téh. Upamana kecap : mangsa popoék, r[nclang, lengkungan, ngaliuk (meliuk - Ind.?), cuaca, nyemburkeun, kalindungan, anggeran, ngalaut (tina melaut), ngalingkungkeun, ninggal (kana maot), panongton, nyababkeun, keras, leungeun nasib, beku, dtéangkeun, ngaginggeung, teu jadian, ngaleupaskeun, momot, luluapan, jeung sajabana.

Dengkleung Déngdék, carpon anu kungsi jadi nominasi Hadiah LBSS 1998. Dengkleung Déngdék nyaritakeun hiji kolot (Nini Ajuk) anu cuang-cieung di lembur lantaran anak-anakna geus kurenan. Ku anakna, Nini diajak cicing di kota, tapi embungeun. Ari haben diolo mah, Nini Ajuk teu burung daék. Tapi sanggeusna cicing di kota, henteu betah da puguh suasanana sarwa béda. Pamustunganana mah, sabada teu diidinan cicing di Panti Jompo, Nini Ajuk balik deui ka lembur.

Carpon ieu meureun, anu ceuk juri rancagé leuwih “déngdék” kana réalismeu téh. Malah bangun ngahaja sagala ditémbréskeun, taya anu disumput-sumput. Atuh dina pungkasna carita ogé, “kahareneg” téh ukur sakedapan baé. Lantaran naon anu karasa ku Nini Ajuk, geus dijéntrékeun maké kecap-kecap anu (bisa jadi) matak ngangres.

Dina Dengkleung Déngdék, pangarang lir hayang némbongkeun kanyataan anu geus mindeng kapanggih dina kahirupana sapopoé. Pajauhna anak jeung kolot, boh tempat boh rarasaanana. Dina seuhseuhnana mah, balukar tina kahirupan modérén anu mentingkeun hurung-ngempur dunya barana. Nepi ka kawas aya kelir anu misahkeun kahirupan anak jeung indung. Nini Ajuk dina sawangan pangarang, mangrupa manusa korban jaman modérén, anu hirupna kasérédkeun sabada anak-anakna diwowoy ku dunya barana. Hanjakalna, konflik anu sakuduna mah leuwih matak ngangres, digarapna antaré pisan. Malah kawas ngahaja diliwat kitu baé, henteu kapaliré. Bisa jadi, pangna nepi ka kitu téh, lantaran pangarang anteng teuing ngagambarkeun sora haté Nini Ajuk.

*

Dina carpon Barun jeung Sakadang Beruk (BSB), sétting-na di wewengkon Talang Beliung, pilemburan anu pangeusina rupa-rupa sélér; Sunda, Jawa, Ogan, jeung sajabana. Anu némbrés dina BSB, manusa téh geuning aya nu leuwih kejem ti batan sato. Barun néwak anak beruk ti leuweung, keur jualeun. Tapi indung beruk téh terus ngukuntit, siga nu rék males kanyeri. Buktina, budak Barun anu keur ulin di pipir, diiwat ku indung beruk téa. Dijieun tandon ti dituna mah. Kakara budak Barun dibikeun deui, basa anak beruk geus dileupaskeun. Naha atuh, ari jelegér téh indung beruk anu keur sosonoan jeung anakna, ditémbak ku Barun nepi ka paéhna.

BSB mah ukur matak ngahuleng sajongjongan, milu ngangres jeung kagagas kana nasib beruk. Ka dituna mah, geus lain barang anyar deui carita “nu asih dipulang sengit” kawas BSB téh. Turta geus kajudi deuih, lamun pungkas carita henteu sina “tragis”, bakal karasa leuwih ngoléang. Kilang kitu, aya hal anu kawas dijieun-jieun, malar carita leuwih ramé. Beruk téh apan sato, naha bet apaleun anu diiwatna téh anak Barun?

Carpon-carpon nu séjénna, umumna mah nyaritakeun rayat leutik anu katideresa. Taya nu nyéngcélak ku gagasan, téma-témana ogé ilahar baé. Digarapna maké gaya konvensional, tur di sawatara bagéan euyeub kalimah-kalimah puitis, upamana : Geus datang deui angin selatan, noélan régang-régang, lulumpatan dina pucuk eurih (Hiji Waktu nu Kalarung), angin laun ngulangkeun daun-daun kalapa (Halimun di Suku Gunung), jeung sajabana.

Carpon Tuan Jansen deuih, anu sétting-na kaasup lampar téh, di nagri Walanda. Nyaritakeun tokoh “kuring” tepung jeung urang Walanda, anu cenah kungsi nganjang ka Indonesia. Taya nu hog-hag dina ieu carpon mah, taya konflik anu manjang. Malah karasana ngaguluyur pisan. Kuring minangka bangsa anu kungsi dijajah, bet bisa langsung akrab jeung Tuan Jansen, anu kungsi ngajajah. Bisa jadi kuring téh henteu boga niat “ngusik-ngusik ula mandi”. Malah sabalikna, kalah anteng ngabandungan dongéng Tuan Jansen (malah nepi ka kagagasna) waktu perang ngalawan Jepang. Bet henteu kasabit-sabit, kumaha peurihna rayat Indonesia waktu dijajah ku “karuhun” Tuan Jansen.

Sabada diimeutan, ukur carpon Oknum anu karasa nenggang téh. Nenggang palebah nyokot téma (najan dina seuhseuhanana mah jelema anu katideresa kénéh). Nenggang dina gaya nyaritakeunana, maké jelema “katilu” jeung “kahiji”. Bisa jadi, ieu carpon mangrupa gambaran kahirupan Ordeu Baru, jelema anu dianggap “mancangah” sok terus dicerek. Ninggang ka Uhén, nu jadi tokoh dina ieu carpon, jelema leutik anu teu nyaho nanaon. Manéhna dicerek alatan disangka geus ngaduruk bandera. Uhén mah ukur tangtungan manusa anu teu walakaya, jadi korban pitenah, malah boa nepi ka hanteuna; manéhna balik deui ka lemburna, dianteurkeun ku ambulan.

*

Nu disebut ngambang jeung karikatur ku juri Rancagé, bawirasa palebah gaya nyaritakeunana. Najan henteu disebut “ngayayay” ogé, carpon-carpon dina Oknum (lebah nyaritakeunana) aya nu ngaharib-harib kana dongéng. Upamana, lebah nyaritakeun kaayaan tempat anu ditéték nepi ka akar-akarna, atawa bagéan-bagéan carita anu rada méngpar tina jejer. Nu matak langka kapanggih aya konflik dina awal carita téh.

Lebah nembrakkeun pamanggih, bet asa rada nerag. Nepi ka sakapeung mah “kacindekan” téh geus dialas, turta nu maca mah tinggal ngabandungan baé; moal henteu, patali jeung eta pangwangunan obyek wisata, lamun kamari-kamari kabejakeun riceuwna kasus pembébasan tanah di basisir kulon (Bumi Tanjung).

Bawirasa, Oknum téh bisa kénéh dibebenah. Sabab medalna ieu buku bangun anu rusuh, nepi ka kasalahan élémént[r ogé loba anu henteu karoris. Pon kitu deui kecap-kecap anu ngagokan (ceuk juri Rancagé mah tarjamahan langsung tina basa Indonesia) bisa kénéh dioméan, saméméh diterbitkeun jadi buku. Meureun gaya pangarang anu lirih ngagalindeng téh bakal jongjon dibacana.

*

Bandung, 2001