SOK aya nu nanya, kumaha cenah ngarah karangan dimuat dina média massa? Atawa, naha karangan nu geus dikirimkeun téh teu dimuat waé? Padahal, cék nu ngarangna, karangan téh henteu goréng-goréng teuing.

Réa alatanana mah. Tur bisa jadi enya, karangan nu geus dikirimkeun téh henteu goréng. Mun urang pareng maca hiji karangan nu dimuat dina koran atawa majalah, bisa jadi aya nu gegerendengan: “Nu kieu waé bisa dimuat. Asana bisa mun nulis leuwih alus ti ieu!”

Ajén karangan, alus goréngna hiji karya, lain hiji-hijina jaminan dimuatna karangan dina koran atawa majalah. Réa hal penting séjénna nu biasana mah kapopohokeun ku pangarang anyar.

Tujuan ngarang téh bisa jadi rupa-rupa. Aya nu keur bacaeun sorangan, upamana diari atawa catetan pribadi. Tapi teu kurang deuih nu hayang kabaca ku balaréa, dimuat dina média massa, béh dituna meunang honorarium keur ngagantian keretas.

Tuhu kana Aturan

Méméh ngirimkeun karangan, aya hadéna mun urang terang kana aturan nu geus ditetepkeun ku unggal koran atawa majalah. Ngarang mah bébas, rék panjang, rék pondok, moal aya nu ngahalang-halang. Tapi redaktur gé boga hak pikeun nangtukeun karangan nu kumaha nu cocog keur médiana. Aturan dimuatna karangan dina média massa téh di antarana:

  1. Katégori karangan. Unggal média béda-béda dina nangtukeun katégori karangan téh. Aya nu sok ngamuat sajak, éséy, carpon, atawa kabéhanana. Mun rék ngirimkeun carpon, upamana, nya kudu ka média nu sok ngamuat carpon.
  2. Panjang naskah. Réa karangan nu alus, tapi henteu bisa dimuat lantaran naskahna panjang teuing. Ku kituna, urang kudu terang heula kailaharan panjangna karangan dina hiji média. Naha 4 kaca, 5 kaca, atawa bisa nepi ka 10 kaca. Panjang naskah keur majalah tangtu béda jeung koran. Koran mah biasana leuwih ringkes. Ka dieunakeun, panjang karangan téh sok diukur ku jumlah huruf (character), kitu gé mun nulisna maké komputer.
  3. Karakter média. Unggal média boga karakter séwang-séwangan. Upamana, aya majalah nu dihususkeun keur barudak, kaom wanoja, atawa umum.

Mantuan Redaktur
Nu ngirim karangan téh lain urang wungkul. Komo dina koran mah, naskah nu asup téh boa nepi ka puluhan dina sapoéna. Mantuan redaktur lain hartina milu ngédit atau ngetik, tapi milu ngénténgkeun pagawéanana.

  1. Karangan urang kudu bisa dibaca kalawan écés. Jaman kiwari geus langka nu ngirimkeun naskah nu ditulis, réréana mah diketik. Ngarah karangan écés dibacana, gedé huruf, anggangna spasi, perlu dititénan. Mun ngirimna dina wangun file, upamana ngaliwatan émail, sarua deuih maké format nu babari dibacana.
  2. Mun nulis éséy, sabisa-bisa mah terangkeun heula, najan ukur dua jajar, perkara naon nu ditulis ku urang téh. Henteu kabéh redaktur boga waktu keur maca unggal naskah ti awal nepi ka ahir.
  3. Sabisa-bisa mah ulah ngirimkeun karangan nu eusina sarua ka média séjén.

Asak Anjang
Rupa-rupa cara ngirimkeun karangan téh. Bisa kana pos, émail, atawa langsung diingkig ka alamat médiana.

Nganjang ka kantor redaksi, bisa jadi leuwih réa mangpaatna batan ngirim ngaliwatan pos. Paling copél urang bisa wawuh jeung redakturna. (Dadan Sutisna)