DINA pakumbuhan sastra Sunda, jangreu drama téh arang kacatur­keun. Padahal tradisi méntaskeun naskah drama jeung sabangsana, geus ditaratas ti baheulana. Ti jaman Walanda aya nu disebut “tunil” atawa sandiwara. Ditéma ku jaman longsér, gending karesmén, nepi ka drama mo­déren.

Sandiwara Sunda ayeuna mah lang­ka dipintonkeun. Béda jeung baréto, ubyagna nepi ka pilemburan, malah kungsi jadi kacapangan balaréa. Longsér pon kitu kénéh. Ari pintonan drama modéren Sunda, nu maneuh mah nya dina Féstival Drama Basa Sun­da (FPBS) nu ditaratas ku Téater Sunda Kiwari ti 20 taun ka tukang. Kitu gé ngan dua taun sakali.

Pangna jangreu drama melempem, cenah di antara bangbaluhna téh lan­taran seuseut naskah. Éta gé teu ka­béh pintonan drama maraké naskah, da baréto mah-pangpangna dina sandiwara jeung longsér-dialog téh “ditambul” wé. Tapi pan ayeuna mah langka aktor drama Sunda nu bisa nyarita basa Sunda kalawan “lancar”, komo entragan ngora mah. Cacak maké naskah gé, teu kurang-kurang nu balélol kénéh.

Teu réa pangarang nu sok nulis naskah drama Sunda téh. Malah ganjor pisan mun dibandingkeun jeung nu sok nulis carpon, sajak, atawa novél. Geura wé, mun urang néangan buku kumpulan drama basa Sunda, da hésé naker. Éta gé sakapeung sok aya naskah drama nu nyelap dina buku antologi, atawa dina buku pangajaran sakola. Tapi jumlahna teu réa.

Lahan keur ngamuat naskah drama gé samporét deuih. Méh taya média massa Sunda nu nyadiakeun rohangan keur ngamuat naskah drama. Aya kénéh harepan pikeun dipentaskeun. Tapi kitu gé mun kapaké ku sutradara.

Béda jeung carpon atawa novél, nulis naskah drama mah perlu di­émbohan ku pangaweruh séjénna. Tina cara nulisna gé pan geus béda. Lian ti jejer carita, nu kudu dipikiran ku pangarang téh kumaha mun éta naskah dipentaskeun. Naha matak ka­taji nu lalajo, atawa sabalikna.

Tamba kawaranan, aya sawatara patokan keur nu aya kereteg nulis nas­kah drama. Di antarana:

1. Jejer carita (téma). Naskah drama umumna nyaritakeun kahirupan sapopoé, boh alam kiwari, boh alam bihari. Aya nu motrét ka­hirupan masarakat leutik, tur sakapeung diselapan ku kritik sosial. Tapi teu kabéh naskah drama kudu napak dina réalita, teu béda ti carpon atawa novél, dra­ma gé bisa maké rupa-rupa aliran: réalismeu, suréalismeu, jsté. Boh dina wangun komédi boh tragédi.

2. Dialog. Naskah drama téh pentaskeuneun, ku kituna dialog penting pisan. Kalimah nu dipaké dialog tangtu kudu merenah dilisankeunana. Karasa sponta­nitasna jeung teu dijieun-jieun. Dialog dina drama bisa pagunem­an jeung papada tokoh, atawa paguneman jeung dirina sorangan (soliloquy). Pangarang gé kudu per­téla nerangkeun lentong jeung pari­polah tokoh sajeroning dia­log.

3. Babak jeung adegan. Naskah drama bisa dibagi jadi sababaraha babak, unggal babak diwengku ku sababaraha adegan. Adegan dina drama némbongkeun robahna ka­ja­dian carita, upamana ganti tokoh atawa ganti séting.

4. Nu ngalalakon. Nu ngalalakon dina drama bisa sorangan (mono­log), bisa lobaan, gumantung kana jejer carita.

5. Bubuka. Dina bagian awal naskah, pangarang méré pituduh ngeuna­an naskah nu rék dipentaskeun. Biasana dimimitian ku sinopsis, te­rus nataan sakur tokoh nu nga­la­lakon katut kateranganana; ngaranna, umurna, pasipatanana, paripolahna, hubunganana jeung tokoh séjén, jsté. Pangarang gé méré gambaran lilana éta naskah dipentaskeun.

6. Pituduh keur sutradara jeung nu maca. Waktu jeung tempat kaja­dian (séting) dina naskah kudu diécéskeun ka nu maca. Ieu téh baris jadi patokan pikeun sutra­dara deuih, kumaha hadéna mén­taskeun éta naskah. Najan teu wajib, aya hadéna deuih mun pa­nga­rang méré gambaran ngeuna­an ilustrasi musik jeung tata lam­pu.

7. Téks sisi. Mun aya kalimah atawa kajadian nu sakirana matak bi­ngung sutradara atawa nu maca, hadéna mah diterangkeun dina téks sisi (side text). Téks sisi di­teun­deun gigireun kénca atawa katuhueun naskah.

8. Nulisna. Cara nulis naskah drama tangtu béda jeung carpon atawa novél. Nu geus ilahar mah di an­tarana:

a. Narasi ti pangarang ditulis maké aksara gedé (kapital). Upamana, lebah ngadadarkeun séting, pasi­patan atawa tokoh, jsté.

Conto:

ADEGAN I

LAMPU CAANG LALAUNAN. DI PANGGUNG KATÉMBONG HIJI LALAKI KEUR DIHARUDUM SARUNG… jst.

b. Kalimah dina dialog ditulis ku aksara leutik, tapi méméhna disebutkeun saha-sahana nu rék cacarita.

Conto:

MANG DADAP

Geus reupreupan geuning. Naha Bi Waru can balik kénéh?

jst.

c. Katerangan dina dialog ditulis di antara tanda kurung, maké aksara déngdék.

Conto:

MANG DADAP

Geus reupreupan geuning (bari nguniang cengkat). Naha Bi Waru can balik kénéh?

jst.

d. Ka dieunakeun, ngaran tokoh sok dinomeran, dipérélékeun ti awal nepi ka ahir, ngarah nu rék méntaskeun leuwih babari ngapalkeun naskah.

Conto:

04. MANG DADAP

Tas ti mana wayah kieu karék kurunyung?

05. BI WARU

Naha maké tatanya sagala?

06. MANG DADAP

(Muncereng) Aéh-aéh, na teu meunang aing nanya?

Méméh naskah dipentaskeun atawa dikirimkeun ka média massa, hadéna mah dibaca deui jeung dipecakan heula ku nu ngarangna, bisi aya dialog nu nyalahan, séting nu teu merenah, atawa hal séjénna nu matak ngaganggu mun éta naskah dipentas­keun.—(Dadan Sutisna)


Tags: , , , ,