Carita bacaaeun barudak téh penting, lantaran jadi pamiangan pikeun barudak diajar maca jeung ngarti kana eusi hiji karangan. Malah bisa jadi, nya carita nu dibaca waktu keur budak nu sakapeung terus napel téh. Geuning réa kolot nu masih kénéh manteng kana buku Roesdi jeung Misnem atawa Taman Pamekar, nu dibaca waktu aranjeunna keur budak.

Dina basa Sunda, buku carita barudak téh kaitung langka. Hadiah Samsudi pikeun buku bacaeun barudak nu mayeng dipasrahkeun ku Yayasan Rancagé, kungsi sababraha kali copong lantaran taya karya nu merenah diajén.

Mun dipasing-pasing mah, aya dua rupa nu disebut carita barudak téh. Kahiji, karangan nu dijeun ku barudak. Kadua, karangan nu diajangkeun keur barudak tapi ditulisna ku nu geus sawawa. Nu rék dicaritakeun dina ieu tulisan mah nu kadua.

Ngarang carita barudak, sabréhan mah siga nu énténg. Pira gé keur barudak, naon héséna. Tapi dina prakna mah bisa jadi réa bangbaluhna. Nu hésé téh, lebah ngiker-ngiker naha karangan nu dijieun téh cocog keur barudak? Boh basana, boh eusina.

Cenah nyieun carita barudak mah leuwih hésé manan nyieun karangan nu diajangkeun keur nu geus sawawa. Dina basa Indonésia, komo dina basa Sunda mah, pangarang nu husus nulis carita barudak mah henteu réa.

Keur nu ngarang dina basa Sunda, nyieun caria barudak téh leuwih réa barébédanana. Tina eusining carita, tinggaleun ku urang deungeun mah. Geura wéh mun nganjang ka toko buku, réréana buku carita barudak téh tarjamahan tina karya di nagara batur.

Tilu patokan

Saréréa gé tangtu ngalaman mangsa keur budak, tur geus papada terang yén nu disebut barudak téh “siga kitu”. Tapi lantaran alam pipikiran geus robah, tangtu baé milu mangaruhan kana karangan. Nya perlu ngawayahnakeun sangkan ulah “mawa karep sorangan”.

Méméh prakna nulis téh, urang perelu heula nyieun watesan-watesanana. Upamana, carita nu rék ditulis téh keur umur sabaraha taun, kumaha pilihan kekecapanana, kumaha biasana paripolah barudak umur sakitu taun téh. Malah mun katibang perelu mah, urang bisa ngarekam atawa nyatet omonganana, keur babandingan. Paripolah jeung kabiasaan barudak, umumna robah ti mangsa ka mangsa, nuturkeun kaayaan jaman.

Mimindengna, bangbaluh nulis carita barudak téh pakaitna jeung psikologi. Sakapeung nu nulis carita barudak ngarasa gagal lantaran sabada dibaca deui karangan téh “beurat” teuing keur barudak mah. Paling copél aya tilu patokan nu kudu disanghareupan ku nu rék nulis carita barudak téh.

Kahiji, diksi atawa pilihan kecap. Bisa jadi keur carita dina basa Sunda mah keuwih hésé, lantaran urang kudu terang kumaha ari basa Sunda barudak ayeuna. Tangtuna gé lain hartina kudu tukuh kana kekecapan barudak ayeuna, tapi sahanteuna meunang babandingan.

Kadua, dialog. Wangkongan barudak ayeuna, geus béda jeung buku Kabandang ku Kuda Lumping, upamana, da éta buku mah ditulisna gé taun 1970-an. Dunya barudak mah pinuh kagumbiraan, atuh dialog nu “seger” jeung “spontan” téh perelu pisan.

Katilu milih jejer. Sakapeung sok aya nu bingung, siga kumaha jejer carita nu cocog keur barudak téh. Idé mah moal aya saatna, tapi nu hésé téh nangtukeun pilihan jejer nu cocog keur barudak.

Jejer carita bisa dimimitian tina konflik, salah sahiji trik keur ngahudangkeun kapanasaran. Upamana, aya carita nu dimimitian ku kalimah kieu:”Éta budak téh ngahuleng sorangan dina bangku, di jero kelas. Maké kénéh saragam. Ti kajauhan kadéngé sora adan Isa.”

Tapi da bahan carita mah réa naker. Urang bisa ngimeutan barang nu dipaké ku barudak, nepi upamana nyieun judul “Misteri Bros Beureum”. Bisa ngaréka tina dongéng nu geus nyampak, tina sasakala, carita ngeunaan sasatoan, atawa carita ngeunaan kajadian ahéng luareun dunya siga planét. Réa carita barudak nu teu asup akal, matak kerung, nepi ka nu maca nyebut “euleuh”. Nu penting mah jejer nu dipilih ku urang téh nyambung keur barudak,boh caritana, boh logikana.*** (Dadan Sutisna)


Tags: , , , , , ,