Geus aya sataun mah arang ka warnét. Baréto mah méh unggal usik. Bari balik ka Tanjungsari sok nyimpang ka warnét di Jatinangor. Nya di dinya noongan pirang-pirang data nu aya di alam maya téh. Éta gé, arang ka warnét téh lain teu butuh ku internét, bané wé di kantor gé aya. Lila-lila mimiti karasa pentingna muka internét unggal usik téh. Ari keur di lembur? Rék bisa ngenét kumaha. Enya gé aya komputer, tapi da pamohalan konék ari kabelna dikaitkan kana sasampayan di buruan imah mah.

Ari lembur kuring pan jauh ka dayeuh anggang ka kota. Kakara aya listrik téh taun 1990. Mimiti datang (maksud téh nu kabedag meuli) HP taun 2004-an. Kasebut sisi gunung, harita mah asa pamohalan kaanjangan ku nu ngaranna internét.

Tapi singhoréng, ari jaman mah pan beuki maju. Taun tukang, maksakeun meuli CDMA Wifone, nu aya modeman. Mimiti konék tah. Ngan ambuing, unggal online asa dibeberik waé ku jurig. Meusmeus rét kana jam, geus sabaraha lila OL téh. Papada terang, samurah-murahna gé internét di urang. Mun diitung-itung mah, sajam téh nitih Rp. 7.000,- nyedot pulsana. Leuheung lamun pareng ngabelenyeng konéksina, ieu ari geus rarandegan, meusmeus pegat, meusmeus pegat. Diitung-diitung, mun sapoé konéksi 2 jam ogé, geus 14 rébueun tah. Itungan? Nya itungan wé, da asa teu kurup jeung panghasilan.

Kabeneran “nimu” HP Sony Ericsson, tipe K510i. Geus bisaeun GPRS. Nya nyobaan disambungkeun kana komputer maké kartu Simpati. Berekah, mani bebelenyengan. Ngan édas, ieu mah leuwih-leuwih ti dibégal. Dipaké browsing mah, geus wé matak béak modal. Kungsi sajongklokan béak 25 rébueun. Ku teu kira-kira étah Télkomsél, paingan téréh beunghar. Nya dipaké chatting mah rada leuheung teu ngajaul teuing pulsa téh. Tapi pan urusan jeung internét téh lain chatting wungkul.

Nya kamari nyobaan meuli GSM anyar, AXIS téa. Dipentés sinyalna di lembur, wah hadé, méhméhan mudal. Der wéh konéksi… berekah, teu awis teuing. Sigana pédah promosi kénéh kitu. Cobi wé, online ti isuk-isuk ngan béak 700 pérak (dipaké chatting, muka émail, jeung ngabales émail, tapi teu wantun ngadonlod vidéo tina Youtube mah, ceuk Aki Icon mah, bilih hapéna ngabeledug).

Koneksi GSM

Punten, sanés promosi AXIS mah, mung babagi pangalaman wé. Bilih aya nu badé mecakan online maké AXIS, boh keur PC boh keur laptop.

  • Sok mésér heula kartu perdana AXIS, basa simkuring mah pangaosna 10 rébu, di jero aya pulsa ngaréngkol Rp. 6.000,-
  • Lebetkeun éta sakadang AXIS téh kana hapé, tangtosna gé nu aya fasilitas GPRS/WAP.
  • Aktifkeun GPRS-na. Kantun SMS ka 2288 ku ngetik <WAP> <MérkHape> <TipeHapé>. Mun geus aktif, kakara disambungkeun kana komputer. Éta mah rék maké kabel data, atawa maké huntu bulao (bluetooth), teu langkung kaihlasan nu nganggona.
  • Sok ngadamel koneksi dina komputer. Upamina ngaran konéksina AXIS. Ulah hilap lebetan data-datana:
    • Connection Name : AXIS
    • Data Bearer : GPRS
    • Access Point Name (APN): AXIS
    • User ID : 3MMS
    • Password : 3MMS
    • Dial Number: #99#
    • Extra Command : AT+CGDCONT=1,”IP”,”AXIS”

Kantun ngadunga wé tos kitu mah. Upami kabagéan milik, insya Alloh konék. Berekah, tos dua dinten konéksi, nembé séép pulsa Rp. 700,- (sabatangeun Djarum Coklat). Pangaos konéksina Rp 0,1/Kbyte (dugi ka 10 Mbyte), ka dituna Rp 1/Kbyte.*** (Dadan Sutisna)


Tags: ,