Ku Hawé Setiawan

Nu dalit mah lumrahna gé sobat, lain bet musuh. Puguh nu disebut musuh mah di antarana ngandung harti batur nu henteu dalit jeung urang. Tina henteu dalit biasana mah sok tuluy timbul harengheng, tuluy pagétreng. Brasna mah nya kana mumusuhan téa.

Mun disawang ti lebah dinya, kécap “musuh dalit” tangtu nimbulkeun kahémeng. Mun cek para ahli élmu mantik téa mah, contradictio in terminus meureun. Hiji pangawéruh nu diwangun ku dua katerangan nu patukang tonggong. Cindekna, teu kahontal ku akal, teu karampa ku logika.

Tapi pan hirup téh réa mahiwalna. Nu ngaco ceuk logika tacan tangtu pamohalan ceuk pangalaman. Tah, lebah dieu mah urang bisa ngialenyepan buku Asis Nandy, The Intimate Enemy: Loss and Recovery of Self Under Colonilism. Mun téa mah kudu disundakeun, kecap “the intimate enemy” téh kapan satata jeung “musuh dalit”.

Na saha atuh musuh dalit téh? Kolonialismeu, ceuk Nandi. Ari pangna disebut dalit kulantaran keukeuh maneuh dina uteuk, salwasna kabawa dina jiwa, ngan wé, meureun, urang teu pati ngarasakeun ayana , sasat geus kitu baé kuduna. Teu karasa, ajen-inajen sarta tingkah paripolah urang nu sakitu réketna jeung rupa-rupa pangawéruh kolonialismeu nu ngajorag pakumbuhan urang. Cindekna, urang téh sasat dalit pisan jeung nu jadi musuh.

Éta téh ciri bukti yén kolonialismeu, sakumaha nu ditandeskeun ku Nandi, lain ngan saukur nanjeb dina widang ekonomi jeung politik baé. Kolonialismeu téh, cenah gé, pangpangna mah nanceb dina alam pikiran, dina lebah lelembutan. Horeng koloni nu pangpentingna mah lain kebon entéh atawa pabrik gula: lain wewengkon administratip. Lain éta. Koloni nu pangpentingna nyaéta pikiran urang sareréa. Colonized mind, kitu ceuk Nandi ngabasakeunnana.

“Kolonialismeu téh hiji kaayaan kajiwaan deuih, nu akarna aya dina saniskara kasadaran sosial beh ditu, boh di pihak nu nyieun koloni boh nu dikolonisasi. Ieu kanyataan nembongkeun hiji kalumangsungan budaya sarta mawa hiji bahasi budaya,” ceuk Nandy keneh. (Colonialism is olso a psychological state rooted in earlier froms of social consciousness in both the colonizers and the colonized. It represents a certain continuity and carris a certain cultural baggagé).

Ku jalan niténan “struktur psikologis” (psychological structures) jeung “daya budaya” (cultural forces) masyarakat nu ngalaman kolonisasi, Nandy antukna bisa ngobet “kasadaran paska kolonial” (post-colonial consciousness). Demi kasang sosiologisna mah patali jeung pangalaman bangsa India nu kungsi dijorag ku Imperium Inggris. Kapan Nandy téh urang India. Ngan wé, noan wé nu diterangkeun ku Nandy asa meujeuhna mun disurupkeun kana pangalaman bangsa urang. Kapan bangsa urang gé kungsi dijorag ku kolonialismeu.

Réa warisan kolonialismeu nu nepi ka kiwari dipiara sarta geus jadi bagian tina identitas urang. Di antarana baé nya sastra Sunda (modern). Salah sahiji karangan nu dianggap naratas sastra Sunda modern téh kapan novel Baruang ka nu ngarora yasana D. K. Ardiwinata téa. Ieu novel mimiti medal taun 1914. Demi nu medalkeunnana Bale Pustaka nu tadina mah, ceuk Ajip Rosidi dina buku Eundeuk-eundeukan, ngarana téh Comissis voor de Inland School en Volkslectuur nu diadegkeun t aun 1908 ku pamarentah Hindia Balanda. Malahan D. K. Ardiwinata téh kapan editor bale Pustaka pisan. Ku sabab kitu asa teu kaleuleuwihi mun gélarna sastra Sunda modern téh minangka bagian tina proyek kolonialismeu di Tatar Sunda

Komo deui mun urang nuturkeun panalungtikan Mikihiro Moriyama ngeunaan proses ngajanggélekna deui basa jeung sastra Sunda. Di antarana sosobatanana Haji Moehamad Moesa jeung juragan kebon manten, K. Gusti Holle anu kacida dalit pisan jeung kacida pentingna. Malahan, sakumaha nu dicukcruk ku Mikihiro, éta sosobatan téh ngajurung Haji Moehamad Moesa nyiptakeun kaya sastra. Malahan Mikihiro ogé manggihan, yén sanajan ti beh dituna keneh geus aya karumasaan ngeunaan kasundaan dina diri urang Sunda, tapi ide ngeunaan identitas Sunda kakara jinek kabeh dieunakeun satutasna urang eropa nataan kecap-kecap Sunda. Cindekna, mun disawang ti lebah dinyana mah, nu disebut Sunda téh sasat produk kolonialismeu Eropa.

Boa nu jadi lantaran mun deskripsi ngeunaan tokoh Walanda dina satra Sunda aya kalana asa paradoksal. Geura wé baca deui carios Agan Permas yasana Joehana téa. Di dinya aya dua tokoh Walanda: Tuan Kawasa Van der Zwak jeung Tuan W. J. Human. Tuan nu ka hiji resep miara nyai, ari tuan nu ka dua guru sakola. Van der Zwak sok resep nganteur kahayang ku jalan kakawasaan, ari Human resep ngiouk pangarti ku jalan atikan. Dina basa Walanda, kecap Zwak ngandung konotasi hengker, gampang kagémbang, sok ngalajur napsu. Ari kecap Humaan nganding harti someah, resep nulung kanu susah, kebek ku perikamanusaan. Jigana Van der Zwak meujeuhna ditolak, ari W. J. Human pantes dipika heman. Duanana teu sarua, beda-beda pasipatannana.

Bisa jadi éta gé ciri bukti ayana kabimbang kasadarsan urang Sunda ngeunaan kolonialismeu. Deuk disebut sobat, da puguh ngamusuhan, deuk disebut musuh, da tetela dalit pisan. Ongkoh cuwa, tapi cinta.***


Tags: ,