
Sabubuhan munding keur diangon di wewengkon Guha Lalay, Cikelét, Garut. Guha Lalay téh salah sahiji tempat wisata di pakidulan Garut nu teu pati kapaliré. Di dinya aya gawir nu nangtawing, numbu kana beungeut cai laut, tapi méré panorama nu éndah. Pangna disebut Guha Lalay pédah dina gawir aya guha nu dipaké nyayang rébuan lalay. Lian ti Guha Lalay, Garut Kidul boga asét wisata basisir lianna siga di Santolo, Pameungpeuk jeung Rancabuaya. Hanjakal ku pamaréntah Garut teu pati dibebenah.
Yan Haryanto - 03-06-2008 pukul 15.44
Informasi yang bagus! Hatur nuhun …
darma - 01-07-2008 pukul 17.03
Ieu teh leres foto Guha Lalay di Garut? Meni endah kitu katingalina.
Aang zaeni garut - 20-08-2008 pukul 15.40
aduh abdi rumaos urang garut manglebar keun pisan nya ka pamarentah naha tempat sakitu saena henteu di urus jeung di bebenah….
Sok atuh pamarenntah tinggali prospek wisata garut.!!!
ILLa - 30-10-2008 pukul 11.49
Euleuh… gening teu kedah tebih-tebih teuing wisatatehnya, di garut oge aya tempat anu endah…
hatur nuhun informasina
Sok mangga atuh ka pamarentah satempat geura bebenah , sangkan wisata urang jawa baratteh maju teu kawon ku daerah sanes…