Ikon Internet GEUS mimiti karasa héséna ninggalkeun “mahluk” nu ngaranna internét téh. Ongkoh réréana, pigawéeun téh aya patalina jeung internét. Nu matak teu béda ti Aki Icon, boa matak huleng jentul mun sapoé teu OL téh. Teuing di geringna mah … Nya éta, pangna kitu téh lantaran karasa pisan pentingna. Nya tos papada terang naon pentingna mah, teu kudu dipedar deui sigana.

Baheula, basa mimiti wawuh jeung internét, kira-kira taun 1998, jaman keur jadi wartawan Manglé. Kungsi wawancara jeung bandar kentang di Pangaléngan. Ceuk Juragan Kentang téh: “mangga wé data-data sanésna mah tingal dina website.” Kituna téh bari ngasongkeun kartu nama dieusi alamat website.

Hulang-huleng, da puguh teu apal siga kumaha bungkeuleukanana website téh. Inget kénéh, peuting-peuting ngincid ka Jatinangor, néangan warnét. Éra-éra gé tetelepék wé ka nu boga warnét, nanyakeun kumaha carana muka situs. Na ari dibuka, éta website Juragan Kentang téh ngan aya tulisan dua kecap: “under contruction”, cenah.

Ti dinya bet panasaran, naha bet under contruction, naon sababna, kumaha carana sangkan teu bisa dibuka, jsb. Belenyeng ka Gramédia, néangan buku ngeunaan internét. Geus kitu sok ngahajakeun indit ka warnét. Bélaan sapeuting jeput nyileuk, néangan nu ahéng-ahéng. Harita keur meumeujeuhna resep kana program nyieun animasi, Macromedia Flash (méméh dibetot ku Adobe). Sakur artikel atawa conto file nu patali jeung éta program, dibetot kana kana diskét (can usum jeung can boga flashdisk harita mah). Nya lumayan, réa élmu nu kasampeur. Nepi ka taram-taram waé mah, aya sawatara program komputer nu kungsi diulik jeung jadi pavorit nepi ka ayeuna:

  • Macromedia Flash, ti mimiti Flash versi 4 nepi ka ayeuna Flash CS3. Tina ieu program sok nyieun animasi téks jeung gambar.
  • Dreamweaver, ieu paranti ngedit website, babaturanana Flash.
  • HTML, kode-kode dasar paranti nyieun website.
  • Javascript, PHP, ASP, jeung CSS, ieu nu kasebut rada beurat mah.
  • MySQL, sabada diajar ngulik website maké database.
  • Élmuning networking, nya ieu penting mun hayang apal jero-jeroanana internét.
  • Visual Basic jeung Bornald Delphi, wah, nu ieu mah lumayan matak jangar, demi udagan nu nepi ka ayeuna can laksana waé da kaeurad ku waktu: hayang nyieun Kamus Digital Sunda-Indonésia-Inggris.
  • Adobe Pagemaker, basa kuring dipentés kudu nyieun buku, jeung Quark Express, diajarna sajeroning lalajo urang Manglé nga-layout majalah.
  • Adobe Photoshop jeung CorelDraw, diajarna sabada resep ngoprék désain grafis.
  • Geus kitu aya tungtutan kudu mangéditkeun vidéo, nya diajar wéh Ulead Video Studio, Pinnacle Studo, Sony Vegas jeung Adobe Premiere.
  • Urusan ngédit sora sok maké ieu: Adobe Audition, Cool Edit Pro.

Nya ti dinya mimiti kabéngbat ku nu ngaranna program-program komputer téh. Bélaan teu boga udud batan teu kabeuli buku komputer. Bari harita mah teu apal keur naon, ukur pangaresep téh lain bobohongan. Nya ayeuna meureun mimiti karasa hasilna téh.


Tags: ,