Ku Dadan Sutisna
JANGKUNG, sok nyorén bedog pasrén, mun hahaok matak kasima. Bah Juréd ngaranna. Kakara nénjo ringkangna gé réa nu ngadégdég. Komo mun geus mesat bedog, saha nu teu kabur pangacian. Bedogna ngagurilap, nya panjang nya seukeut wantuning diasah unggal isuk-isuk.
Ayeuna Bah Juréd-kapiuwa kuring mah-geus maot. Tapi haokna mah asa kadéngé kénéh. Asa nongtoréng waé. Da puguh keur budak mah mindeng idek-liher di imahna, malah sigana lir ka anak sorangan, da kabeneran teu kungsi bogaeun anak.
Nu inget mah, di imahna nu dilingkung ku sawah téh, pinuh ku tatangkalan. Atuda resep pisan pepelakan. Lain ukur tutuwuhan saharitaeun-siga lalab atawa beubeutian-tapi tatangkalan nu umurna bisa nepi ka puluhan taun deuih. Geus karuhan ari bungbuahan mah, saperti jeruk, kadu, limus, jeung sabangsana.
Lian ti tatanén, Bah Juréd dipercaya jadi mandor leuweung. Nya ti harita mimiti kasohor galakna téh. Ari tugas mandor leuweung harita, ngajaga tangkal kai ngarah euweuh nu nuaran. Dongéng nu maling kai di leuweung, horéng geus aya ti béh dituna kénéh. Nu sok pangangguran gudak-gedok kana tangkal téh nya urang lembur, keur bahan keur nyieun imah-tapi tara ari nepi ka dijual siga dina kasus illegal logging mah. Da ukur satangkal dua tangkal, nuarna gé maké patik.
Saprak ditalingakeun ku Bah Juréd mah, cenah leuweung téh ngadadak aman. Tara kacaritakeun aya nu maling kai. Dalah nu rék ngadon ngala suluh gé, sok rerempodan, inggis nu nyorén bedog pasrén ujug-ujug ngajega hareupeunana. Kungsi cenah aya urang Cisitu nu diudag nepi ka buruan imahna, pédah kaperego keur ngagedok nuar kai di leuweung. Da nepi ka ampun-ampunan atuh.
*
TILU bulan katukang, kungsi indit ka leuweung, néang patilasan Abah basa keur jadi mandor. Aya limaanana nu ngabring téh, dibaturan ku Dhipa, Déa, jeung Ellin. Nu dijugjugna mah walungan Ci Harum-walungan nu caina hérang tur nyecep.

Tah, ieu jalan ka leuweung téh. (Foto Dadan Sutisna, 2006)
Enya wé, béda jeung baheula, basa keur budak sok diajak ngasruk ka dinya. Lebah tanjakan téh, baheula mah leuweung geledegan, gegek ku tatangkalan jeung kakayon. Ayeuna geus teu katémbong tunggul-tunggulna acan. Nu puguh mah dipaké melak sayuran ku urang lembur nu deukeut ka leuweung. Ngolah tanahna téh boro-boro maké sistim téraséring.
Éta téh di salelewek. Can ka beulah di dituna, sarua deuih geus angar, bulistir siga pasir beunang nyemir. Meureun di leuweung séjénna gé teu bina ti kitu. Boa mun dijumlah-jamléh mah geus sabaraha rébu héktar leuweung nu ruksak téh.
Ras deui ka Bah Juréd nu sakitu gumatina kana tatangkalan. Padahal nu maling kai jaman harita mah can maké mobil, ukur sakadugana dipanggul. Pamohalan deuih, aya jelema kaduga manggul kai nepi ka rébuan kubik. Nuarna gé, ari ukur maké patik mah, biheung anggeus sakitu bulan. Tapi ari kaperego mah nepi ka diuber-uber bari ngabar bedog.
Ari mandor leuweung jaman ayeuna, lebah galakna mah boa sarua. Ngan béréhanana gé moal aya dua. Réa kacaritakeuanana, leuweung ruksak téh lantaran aya oknum tukangeunana. Malingna gé apan teu kira-kira, komo di luar Jawa mah. Cenah, unggal detikna téh, leuweung di Indonésia “ngaleungit” sagedé lapang maénbal.
Geus baheula deui baé. Di lembur mah, melak tatangkalan téh geus jadi kawajiban. Turun-tumurun ka anak-incu.
“Ieu mah téangeun incu!” kitu basana nu nyecebkeun tangkal di kebon atawa di pakarangan téh. Tangkal kai téh terus dipiara, nepi ka gedé, nepi ka nu melakna maot. Engké ku incuna dituar, biasana sok dipaké nyieun imah. Tapi saratna, manéhna kudu melak deui tangkal keur gantina.
Ku nu sok pirajeunan melak tangkal kai mah, bakal karasa keselna kumaha ngadagoan éta tangkal nepi ka gedé téh. Tapi keur nu sok ngaruksak mah, pamohalan mikir ka lebah dinya. Tangtu maranéhna teu engeuh yén ngadagoan kai nepi ka sagedé beuteung munding téh puluhan nepi ka ratusan taun.
Hanjakal Abah geus euweuh. Cacak mun aya kénéh mah, boa terus singkil ngalugas bedog, ngontrog ka nu sok ngaruksak leuweung.***
Rizal Sabda - 27-06-2008 pukul 23.17
duh kang, keueung asa di hulu cai maosna. (tapi hulu cai kapungkur) kuring mah yeuh kang dadan, mun seug hayang ceurik tea mah, hayang ceurik bari sugan mun bisa mah bari gogoleran! sabab sami di lembur kuring oge, perenahna di kampung sukatani kabupaten purwakarta. tos sanes deui leuweung nu ilang teh, saleuheung di lembur kang dadan mah nembe nu ilang teh saret leuweung wungkul, teu dugi ka sareng gunungna. di lembur kuring mah yeuh kang dadan, nu ancur teh tos dugi ka batu gunungna _ledis digalian!!. tah ayeuna teh tina lima gunung anu nyesa, kur hiji nu cikeneh bisa disebutkeun sampurna tacan ka gunasika nya eta, Gunungcupu. Bubuhan eta oge pedah di handapeunana aya lembur kampung ci anting. nanging ari gunung kacapi sareng gunung sinalengis oge sareng nu sanesna, aduh………. teu wasa kuring mah nyebutkeunana!! tos pada-pada ngababatang jaranten kubang… kuring mah sok mindeng mikiran hal ieu boh di bandung boh di lembur. boa jadi hiji mangsa lembur kuring baris juuh ku cimata getih. duka isuk duka pageto ngan nu puguh mah ,moal kantos dietang langkung tina 3 jari. Geura anjangan ka lembur kuring desa sukatani kacamatan sukatani kabupaten purwakarta. dijamin kang dadan sabada neuteup sengserang panyawang baris ceurik balilihan… kuring mah sok sirik ka lembur kang dian hendrayana. sabab da anjeuna mah cikeneh lemburna masih tingtrim jauh tina rupa-rupa sora dozer sareng sora treuk nu ngangkut batu sareng pasir.
Dadan Sutisna - 28-06-2008 pukul 00.27
@Rizal Sabda
Nyaéta Jang Rizal, boa anak-incu urang mah jaga biheung nyarahoeun leuweung….