Ku Hawé Setiawan

ÉTTI R.S. mawa binih tangkal saéh. Meunang ménta ti Téddi Permadi, cenah. Téddi téh kiwari keur muka lahan pabinihan saéh di Garut téh.

Ceuk Étti, tangkal saéh téh pohara pentingna keur urang Sunda mah. Mun melakna jadi, tangkalna baris jangkung ngalekeceng siga waru. Baheula mah kulitna sok dijieun keretas daluang. Sawatara naskah Sunda buhun kapan ditulisna téh dina daluang. Atuh ayeuna gé layang pangajén Hadiah Sastra Rancagé ditulisna dina daluang deuih.

Bareng jeung balad-baladna ti Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), Étti indit ka Babakan Siliwangi anu sok disingget Baksil téa. Jog ka dinya terus ngagabung jeung sawatara seniman Bandung lianna, mahasiswa nu micinta alam katut wartawan. Nu séjén gé marawa binih tatangkalan deuih, saperti binih mahoni.

Breng wé saréréa melak tatangkalan di dinya, minangka simbul tina kahayang koléktif pikeun ngajaga leuweung di tengah kota. Mungguh Baksil anu perenahna di pudunan Jalan Siliwangi, Bandung, téh kasebut salah sahiji leuweung kota nu masih kénéh nyésa.

Poé Jumaah, mimiti pisan puasa taun ieu, keur sumedeng morérétna panonpoé, ana gur téh seuneu ngaduruk Baksil. Sakur saung anu hateupna tina injuk, urut rumah makan anu terus sok diparaké tempat latihan atawa tempat manggung ku sawatara seniman Bandung, ludes teu nyésa saeutik-eutik acan. Atuh tatangakalana réa anu karérab. Éstu matak prihatin.

Ti antara nu sok ruang-riung di dinya teu saeutik anu nyangka yén Baksil téh aya nu ngahaja ngaduruk. Cenah, seuneu datangna tina suhunan salah sahiji saung di dinya, anu tangtuna gé handapeun jalan raya. Ku ngalungkeun kuntung roko kana hateup injuk gé cék paribasana moal teu gancang hurung.

Ongkoh sasat geus jadi kabiasaan deuih, mun hiji patempatan rék dirobah, sok aya “kahuruan” heula. Remen pisan aya pasar rahayat alias pasar tradisional anu kahuruan, tur teu lila ti harita ujug-ujug geus jleg wé aya wangunan anyar mangrupa mal atawa plasa.

Méméh Baksilna pisan anu kaduruk, kungsi aya nu ngaduruk sababaraha karya seni instalasi beunang Tisna Sanjaya anu keur dipintonkeun di dinya. Nu ngadurukna Satuan Polisi Pamongpraja Kota Bandung kalawan alesan “panyana téh runtah, lain karya seni”. Atuh puguh Tisna saparakanca ngarasa dihina. Tepi ka unggah baléwatangan sagala kapan, malah sidangna gé apan masih kénéh lumangsung.

Ti keur jaman Walikota Aa Tarmana kénéh gé geus pada nyaho yén Pamaréntah Kota, tangtuna gé kalawan gawé bareng jeung tukang usaha, rék ngadegkeun wangunan anu sakirana baris ngahasilkeun. Harita mah nu diributkeun téh béja yén aya nu rék ngawangun kondominium di Baksil. Réa nu protés, babakuna kalangan seniman. Tepi ka Aa Tarmana marén, berekah kondominium téh teu jadi diwangun di dinya.

Orokaya dina jaman Walikota Dada Rosada ayeuna gé boh pémkot boh tukang usaha siga nu ateul mun nénjo aya tanah nu taya wangunanana téh. Teu weléh hayang ngawangun, ngadegkeun mal nyulap leuweung jadi plasa. Tatangkalan ditaluaran, leuweung dibukbak. Hawa jadi panas cai jadi ngorotan gé sasatna dikajeunkeun. Hanas éta réa nu protés, hih da norék baé.

Éta tuda panyileukanana téh taya lian iwal ti PADS (Pendapatan Asli Daérah). Ngan kauntungan materil wé nu dipentingkeun téh. Ari kamaslahatan balaréa sasat teu pati dipiroséa. Cék légégna mah tungkul teuing kana profit bari jeung mopohokeun benefit.

Tong héran upama di Bandung ayeuna urang geus méhméhan leungiteun pisan ku leuweung kota atawa patamanan tempat rajegna tatangkalan. Kota téh lir waruga nu geus teu bogaeun bayah.

Jadi, kaharti upama sanggeusna aya nu ngaduruk Baksil, sawatara seniman katut masarakat lianna satékah polah umajak ka balaréa sangkan di Baksil téh tong diadegkeun wangunan naon-naon. Leuwih hadé antep sina jadi leuweung cara sabihari keur kapentingan ékologi kota katut kamaslahatan balaréa. Nyaah ku cinyusuna, nyaah ku tatangkalanana, nyaah ku ajén-inajén budayana.

Basa Étti R.S. mawa binih saéh téa, teu saeutik nu antusias, bari ngawawaas mun seug Baksil dipiara tur dijaga minangka salah sahiji leuweung di tengah kota nu balaréa. “Mun urang melak saéhna, kapan bisa tah urang ngayakeun workshop ngeunaan padika nyieun daluang upamana,” cék Étti.***