Ku DADAN SUTISNA

Ari ayeuna, geus lima taun lilana, manéhna datang deui ka lembur. Bet asa nimu deui mutiara anu kungsi leungit harita. Ceuk béja ti tatangga, ayeuna mah Anis téh rék tumetep di lembur kuring. Kuliahna geus bérés, malah geus katarima digawé,  di  kantor Diknas kabupatén.

Kakara ngadéngé béjana ogé, jajantung geus miheulaan ratug. Bet ngalangkang deui tangtungan lenjang téh, tangtungan anu pikeun kuring mah teu kungsi manggih bangsana. Bet kapireng deui lagu Gandrung Gunung anu ku manéhna kungsi dihaleuangkeun harita. Sorana nu semu ngageuri, nongtoréng kénéh dina ceuli. Bet kadeuleu deui buukna nu panjang diuntun dua, imutna anu saeutik téa.

Tadina mah geus ngagutrut rék nyieun surat. Can wani ari nepungan ka imahna mah. Inggis kawas ti heula deui, ukur nepi ka buruan. Tapi kaburu datang mantén surat ti manéhna. Eusina geus pondok deui baé :

Upami aya widi Manten-Na.

Kumaha upami  urang ngalanglang Tegal Eurih.

Enjing pasisiang, diantosan di péngkolan.

Sapeuting éta mah henteu daék saré. Malah terus mikiran picaritaeun, naon anu rék dikedalkeun ka manéhna poé isuk. Surat-surat ti manéhna dibacaan deui, itung-itung ngaguar lalakon lawas. Geus disusun, tah ieu nu rék diomongkeun téh. Mun manéhna nanya kitu, kudu kieu ngajawabna.

Isukna, enya baé manéhna ngadagoan di pengkolan. Buukna angger panjang. Maké erok landung warna konéng saheab. Ka luhurna kaos bodas, rada nyitak awak. Rada kapangaruhan ku dangdanan kota sigana mah. Tapi mungguh téténjoan kuring, asa kéwés baé katémbongna téh.

Barang gok, kalahka paheneng-heneng. Manéhna teu lémék, kalahka tungkul. Sakedapan ngajengjen, kawas dua patung nu anyar dijieun. Tapi lila-lila, manéhna ngarérét. Terus leumpang ka lebak. Kawasna mah geus apaleun  jalan Tegal Eurih téh. Teuing ti saha nyahona. Teuing lamun sabot nungguan kuring manéhna tetelepék ka urang lembur.

Di jalan téh estuning jempling, taya nu nyoara. Henteu déhém-déhém acan. Sakitu nyorang jalan gurawés, manéhna mah tonggoy baé. Pantesna néangan pamuntangan, da apan manéhna téh henteu sorangan. Kuring sorangan henteu wani ari hihidenganan nyekelan leungeunna mah. Eukeur mah ti baheula ogé teu biasa, katurug-turug anyar kénéh papanggih. Lima taun téh apan lain waktu anu sakeudeung.

Ayeuna, kuring jeung manéhna geus aya di Tegal Eurih. Ayeuna manéhna neuteup kénéh pasawahan. Sarta kuring ukur bisa maling rérét, nelek-nelek robahna tangtungan sanggeus lima taun teu tepung. Katembongna geus leuwih déwasa manéhna téh. Beungeutna henteu sabaraha robah, kalahka asa beuki pantes baé. Komo apan lila cicing di kota. Ari di kota téa, urusan ngajaga karancunitan mah, dinomer-hijikeun.

Sababaraha kali kuring ngambeu seungit awakna, hihiliwiran sabudeureun Tegal Eurih. Teuing parpum nanahaon nu dipakéna, da mani asa anteb kana irungna téh. Ongkoh apan dibarengan ku pangaresep téa, najan bau késangna ogé, boa seungitna alah manan minyak kastori.

Diuk téh ngised ngadeukeutan. Tina sadeupa, ayeuna mah anggangna téh kira-kira sapanjang leungeun. Tapi manéhna haré-haré baé. Atawa tacan anggeus kitu, ngungkaban lalakon lawas. Lalakon “nu teu kungsi kalisankeun téa”, ceuk Abdullah Mustappa mah.

“Piraku ngahuleng baé, Nis?” ceuk kuring, tapi ari kedal mah henteu. Atuh ana kitu mah, meureun kudu kuring anu miheulaan nyarita téh. Bisi manéhna éra kénéh, atawa asa-asa, atawa henteu daék pok.

Renghapanana katara turun naék. Uyuhan teu cangkeul, ti tatadi ngajentul di dinya. Uyuhan teu bosen neuteup pasawahan. Naon atuh anu dipalar ku manéhna pangna ngajak ka Tegal Eurih téh?

Nu galécok téh kalahka dina haté kuring sorangan. Dipapantes lamun kuring nanya kieu, manéhna baris ngajawab kitu.

“Emut kénéh, Nis, lagu Gandrung Gunung?” tangtu manéhna kagagas ditanya kitu mah. Boa terus ngarérét ka kuring, sarta melong anteb naker. Boa terus ngahariring leutik, nembangkeun éta lagu, dina sora nu sari ngageuri téa.

“Kantenan atuh,”

“Emut kénéh basa urang sok susuratan?”

“Euh, kantenan. Seratna ogé ku abdi disimpen. Nu Akang aya kénéh?”

“Puguh atuh. Moal nepi ka ical. Panineungan éta mah Nis, moal hilap dugi ka iraha ogé,”

“Boa Akang mah tos milarian nu sanés, nya?” mani hayang naker ditanya kitu. Nanya anu semu timburu téa, bari baéud, tapi matak nineung ku baéudna.

“Upami tos aya nu sanés, kumaha?”

“Abdi rék wangsul deui!” bari api-api cengkat, tapi terus diuk deui.

“Lima taun Akang ngantosan téh …”

“Naha henteu dijejegan genep taun?” manéhna ngadilak.

“Urang kota mah garandang, nya!”

“Duka, ah!”

“Ari Anis sok maca kénéh buku sastra?”

Manéhna ngarérét, asa diingetan. Terus unggeuk bari imut.

“Di rorompok Akang seueur, ngahaja haturkeuneun ka Anis!”

“Buku Galuring Gending aya?”

“Kantenan …”

“Tapi urang mah ulah kawas Saras sareng Panji, nya!”

*

Layung geus mimiti hibar di beulah kulon. Ngahibaran beungeut manéhna nu masih kénéh neuteup pasawahan. Katémbong ayeuna mah, kulitna nu kasorot layung, beuki ngempur cahayaan. Buukna angger kénéh ririaban. Sakapeung nyapuan tangkal mahoni.

Bet kawas patung sarérétan mah. Teu usik teu malik. Atuh kuring ogé bet milu ngajeten.

Naha bet asa-asa, ceuk kuring sorangan. Apan ayeuna mah geus papada déwasa. Naha maké jeung pabetem-betem. Manéhna tangtu capetang nyarita, piraku da mahasiswi UI. Kuring sorangan apan kungsi jadi juara pidato. Lamun pareng sina ngawangkong, piraku henteu nyekrup. Piraku aya waktu nu simpé tina obrolan.

Iraha deui atuh aya kasempetan nu alus kawas ayeuna. Paduduaan, di Tegal Eurih, jauh ka ditu ka dieu. Paling ogé dilalajoan ku pucuk eurih. Mun éra, éra ku saha. Mun sieun, sieun ku saha. Paduduaan ieuh, ukur kuring jeung manéhna.

Matak manéhna ngajak ka dieu ogé, meureun haténa téh geus méréan. Saha awéwéna atuh, anu daék dibawa ku lalaki ka tempat hara-haraeun kieu, lamun henteu dibarung ku kapercayaan. Apan tina sorot panonna, manéhna mah kawas yakin pisan, najan paduduaan di tempat sakieu sunina, kuring mah henteu boga niat goréng.

Geus meujeuhna ngedalkeun kereteg haté, satutas sakitu taun lilana diteundeun dina rasa nu pangjerona. Atuh upama kuring balaka, jawabanana  téh ukur dua kamungkinan, narima atawa nolak. Duanana ogé rék ditarima ku kasadrahan, ti batan ngerém katugenah, ti batan jadi pikiran. Lamun manéhna narima, hartina daék dipileuleuheungkeun ku kuring, meureun danget ieu téh jadi mutiarana wanci pikeun kuring mah. Mutiara anu tacan kapanggih saméméhna, jeung teu kungsi dikedalkeun ka awéwé séjén. Mun manéhna terus unggeuk, nyebut muhun atawa ngaenyakeun kana pamaksudan kuring, leungeunna tangtu dicekelan, moal asa-asa. Boa manéhna terus ceurik dina lahunan, ngabedahkeun cimata dina rupa-rupa rasa. Boa haté manéhna henteu béda ti kuring, keur ditalingkung bangbaluh, ditalikung héséna ngedalkeun kecap. Moal henteu beuki hibar layung téh, lamun manéhna kabiruyungan ceurik dina lahunan, inghak-inghakan sari ngageuri. Moal teu ngadadak cangra alam dunya téh, lir béngrasna langit nu keur ngiuhan ayeuna, ngiuhan kuring duaan.

Upama manéhna nolak, ku basa anu lemes tur henteu matak nyentug, meureun pasini téh henteu kungsi dikayidkeun téa. Turta kuring sorangan baris narima éta kaputusan, dibarung karumasaan. Rumasa yén anu dikemu salila ieu téh éstuning nogéncang, nyorangan, taya papasanganana. Naon anu perlu dipikasieun, da ceuk kolot ogé, lalaki mah ditampik paranti ditolak biasa. Moal bisa maksa kahayangna, lamun enya rék miceun téh. Malah bisa jadi panggeuing pikeun kuring, yén kuring téh henteu merenah nyandingkeun manéhna.

Nu matak ayeuna mah geus nyieun kaputusan, kuring téh kudu nyarita ka manéhna. Boa manéhna téh ayeuna keur nganti-nganti, da puguh awéwé mah dulang-tinandé, tara wani miheulaan.

Maké jeung babacaan heula rék nyarita téh, bisi salah pok. Geus diajam, rék ti dieu ngamimitianana téh. Moal loba ngalér-ngidul heula, rék langsung baé kana pokona. Ongkoh wanci beuki nyedek ka burit. Kumaha lamun poékeun di jalan. Moal hadé paduduaan di dieu nepi ka peuting mah, kuriak disangka nu lain-lain.

Tapi kakara ogé rék engab, geus sapok-pokeun pisan, manéhna kaburu ngarérét mah. Atuh ngelok mantén picaritaeun téh. Mabur teuing kamana. Da manéhna kalahka neuteup ku panon anu semu ceuleuyeu téa. Teuteup anu hésé ngahartikeunana, naha sumerah, atawa narah.

Lila ogé neuteupna téh, nepi ka kuring ampir-ampiran bobor karahayuan, samar polah teu puguh rasa. Ngan biwirna katémbong imut. Imut anu saeutik téa. Atuh kuring ogé ukur bisa ngabales ku imut deui. ***

Peuting Tepung Taun, 21-22 Pebruari 2002