Keur anjeun
Nu kungsi nyaatkeun cisoca dina hiji peuting
Aya kereteg kangen nu geus napelkeun ieu ramo kana runtuyan tuts dina keyboard. Sugan baé ieu seratan bisa népakeun kasadaran ka kuring jeung anjeun, upama rasa lain ukur urang nu boga-sarta kageugeut henteu salawasna kedah dilakonan babarengan. Pamugi, paaduna imut henteu nyésakeun céda nu matak tibelat.
Aida,
Naha urang perlu ijid ka girimis, nu kungsi ngamalirkeun citangis tina damis kana damis? Naha urang perlu ceuceub ka sareupna, nu kungsi ngalawungkeun hurungna dua layung? Mun rék nanya saha nu salah, nya meureun bongan kuring nu hésé palér ku kelét. Béhna mah apan, sarupaning kapeurih téh sok sina ngadoni ka lalaki. Enya, rumasa, kakara wakca basa anjeun geus ngeunteupkeun teuteup, basa anjeun geus nyébakeun harepan, basa panon anjeun maledogkeun ogo. Binarung rusuh, ukur kaselang ku dua balébat, anjeun ngayidkeun pasini, turta ku kahéngkéran téa, kuring gé bet ngahaminan. Nya harita, basa wanci kasapih janari, urang babarengan nyawang béntang. Di ditu, cék anjeun, aya satria nu mawa kuda, seja eunteup dina lolongkrang nu kungsi raca ku “manéhna”. Sabada sawarsa tibra, nya kuring pisan anu cék anjeun geus mukakeun soca pikeun neuteup deui sinanglingna dunya.
Duh, geuning bet jadi kaewed nu pohara. Hampura, geulis, mun ieu carita matak ngarorocét haté. Nanging apan teu hadé mun diengkékeun, kuriak nambahan baluas manah. Satemenna, urang panggih téh ukur dina impian. Sabab di antara baranangna béntang nu harita keur di sawang, aya hiji béntang nu keur nyileuk di jauhna, nu baris jadi tanggung jawab dunya ahérat. Ah, anjeun ukur nundung ku imut jeung haréwos halon: “please, get out from my heart.”
Nya peuting éta apan, kuring mipir-mipir girimis, sabada anjeun miwarang ngejat dibarung sora dareuda. Jalan nu disorang téh bet asa pinuh ku salah. Di parapatan, ngagayuh ka subuh. Di warung cikopi, ngebulkeun udud. Anjeun ngajak nyacapkeun peuting ngaliwatan jorélat kecap. Anjeun wakca rék nyaatkeun wahangan cisoca nepi ka ngolétrakna.
*
Aida,
Geuning lalakon téh bet terus manjang, najan urang geus ngukir jangji ku hiji kecap: pamohalan. Kayid urang geus dititipkeun ka kamari, pikeun leumpang babarengan bari ngeureuyeuh nyirnakeun rasa. Tangtu urang perlu nanya, naha kaéndahan nu disorang dina hateup-hateup dayeuh, dina biwir-biwir peuting, moal matak nyidraan lalampahan mangsa datang? Geuning réma anjeun mah angger nepikeun kereteg, atawa hiji kasurti nu diwakilan ku giler panon. Manahoréng kecap mah remen sulaya, sanubari hésé kajudi. Lantaran saéstuna, di tukangeun kuring jeung anjeun aya nu keur ngadagoan, naha urang baris téga ngaraheutan aranjeunna?
Cék napsu mah, anjeun téh leuwih béla ti batan béntang di jauhna. Anjeun bisa maluruh naon nu keur jadi panineungan tug nepi ka siklukna. Anjeun bisa nyungsi rupaning karisi. Dalah anjeun sorangan wakca, upama ieu tangtungan baris jadi panyileukan salawasna. Baris jadi kagandrung nu taya tungtung. Ah, naon hartina urang kedal kawas kitu, sabab urang geus tigin pikeun mageuhan kapengkuhan sewang-sewangan.
Aida,
Naon atuh hartina kapengkuhan, mun urang angger nganjang ka bulan Kahani-hiji bulan anu ngan urang wungkul nu terang. Di bulan Kahani, urang sok padungdengan ngeunaan hirup, ngeunaan jodo, ngeunaan pati, ngeunaan harepan-harepan urang. Di bulan Kahani, urang kungsi leumpang bareng dibarung pabeulit réma. Di bulan Kahani, urang kungsi mapay jalan simpé, diguyur hujan silantang, dicaangan kiceup béntang. Émut kénéh panginten, basa urang ngadon tumpak méga nu muih ngurilingan wiati. Ah, mun ditataan mah kalahka matak baluas-kuring jeung anjeun-sabab dina beungeut-beungeut kota, dina pipir-pipir peuting, horéng geus raca ku tapak-tapak lalakon urang. Mun kitu mah urang téh geus nyidraan kayid. Mun urang nyebut panineungan téh hiji kaéndahan, saéstuna mah ukur cutatan-catetan dosa. Sanajan-urang gé pamohalan milampah nu henteu dipalar, sabab urang masih kénéh engeuh na mangsa paduduaan téh Manten-Na mah nalingakeun.
Aida,
Kecap paturay téh sigana leuwih pantes keur urang mah. Angot basa hiji peuting anjeun ngirim runtuyan hurup, yén geus aya béntang séjén nu sarua keur nyileuk tur boga niat marengan anjeun. Tangtu kuring bungah ngadéngéna (bari jeung rada sad), komo basa anjeun méré iber, cenah anjeun ogé nuju kingkin. Tangtu kuring ngadunga sangkan anjeun panggih jeung harepan, jeung béntang nyileuk anu cenah rék nyaah ka anjeun.
Ti ngawitan ayeuna, sumangga geura tampi deui kecap-kecap anjeun anu kungsi dipasrahkeun ka kuring: I Love Thee, Miss U 4ever honey, abdi nyaah pisan ka Akang, sareng nu sanésna. Sumangga geura pasrahkeun ka anjeunna, sabab saéstuna kuring henteu boga hak pikeun nampi éta kecap. Atuh upama téa mah aya kecap kuring nu masih kénéh nyésa di anjeun, teu langkung badé dikumahakeun, badé dibeureum badé dihideung, nyanggakeun. Ngan ari saéna mah dikurebkeun baé, ngarah henteu nguniang deui.
Hiji deui, Aida, urang kungsi migandrung hiji lagu. Éta lagu pisan apan, anu jadi cukang-lantaran tepungna kuring jeung anjeun téh. Émut kénéh kana lagu Unintended anu dihariringkeun ku Muse? Mangga geura sirnakeun éta gé. Ah, sagala rupina wéh, ngarah taya hiji hal nu baris ngaganggu kabagjaan anjeun jeung anjeunna.
Aida,
Poé bieu urang tepung pikeun nu panungtung. Anjeun téh pasti macikeuh “Si Aa” magar rék nongton téater di Rumentang Siang, padahal… Kuring gé ngabohong meureun, tapi da béntang nyileuk mah tara tatanya rék ka mana, jeung saha, wayah kumaha balikna. Béntang nyileuk mah tara baeud najan kuring balikna wanci janari, tara bendu, tara timburu. Béntang nyileuk mah tara suudon, Aida, najan saéstuna kuring geus ngaraheutan kapengkuhanana. Tapi anjeun mah teu kénging kitu, nya, teu kénging ngabalégod tina paneuteup “Si Aa”. Anjeun mah kedah satia, kedah pengkuh, kedah soléhah. Wios ayeuna mah da first n last (dasar pameget baong, kitu meureun cék anjeun téh, bari baeud lucu téa).
Emh, tétéla Rumentang Siang geus salin jinis jadi talaga nu dikuriling ku kebon entéh. Cék kuring mah, nya ieu nu disebut tungtung langit téh. Sabab urang bisa neuteup wiati nu tanpa tungtung, bari jeung henteu dihieuman ku sareukseukna wawangunan siga di BSM, BIP atawa ITC. Kebon entéh nu héjo ngémploh, sugan bisa mageuhan katigin urang (aéh, apan tadi urang téh nuju henteu tigin).
Enya apan, mimitina mah urang téh suka-bungah. Cék anjeun, tuh hérangna talaga, nu katojo sinanglingna panonpoé mangsa haneut moyan. Tuh biruna langit, tuh nyacasna méga. Padahal apan urang téh masih kénéh ngimpi, sabab cék anjeun gé: we don’t exist, we are dreaming. Mun mimitina urang bisa kénéh seuri, pamustunganana mah apan anjeun nyegruk dina taktak. Naon anu keur diceungceurikan ku anjeun, tangtu kuring gé surti. Ngan asa nyaah mun éta cisoca marurag kana talaga, nu matak kuring ngajak buru-buru mulang. Sajajalan anjeun nginghak, najan saenyana mah teu perlu kitu, sabab taya hartina nyeungceurikan impian mah.
Aida,
Lalakon téh cutatan hirup, ari nu ngaranna hirup apan aya anggeusna. Pamugi, harepan-harepan anjeun anu kungsi dikedalkeun ka kuring, baris kapendak jeung anjeunna.
Bisa jadi, hiji mangsa, dina lalakon nu béda, urang baris patepung deui. Tapi ayeuna mah mending paturay heula baé, bari nungguan kapalér. Atawa hiji mangsa, kuring jeung béntang nyileuk baris nganjang deui ka talaga, kitu deui anjeun jeung anjeunna. Tangtu urang baris kéom. Atawa boa terus néangan deui cisoca nu kungsi ngeclak harita, sugan masih kénéh namper dina dasar talaga.
Cag.
Bandung, (ah, titimangsana mah teu kénging diwartos-wartos, nya! Sageuy mun anjeun teu surti)
Dimuat dina Surat Cinta Pangarang Sunda jilid 1.
te nenet - 04-07-2008 pukul 11.57
Aduh…..meuni kuat sedih ucu.a
keun atuh mugia adia ngartos nya..
di duakeun…dua naan sing bahagia.
hikss……..sedih nian tragis ah