Aya sawatara carita, anu bangun  ngahaja dijieun ku nu ngarangna pikeun ngaganggayong nu maca, ngajak nuturkeun kapanasaran nepi ka pungkas carita. Laleur Bodas karangan Samsu (nu ayeuna diterbitkeun deui ku PT Kiblat Buku Utama), bawirasa, kaasup kana kategori carita nu matak panasaran tea.

Dina padumukan sastra Sunda, carita-carita nu matak panasaran teh kaitung rea; saperti Rajapati di Pananjung (Ahmad Bakri),  Kalajengking (Anna Mustikaati), Mayit dina Dahan Jengkol (Ahmad Bakri), Si Bedog Panjang (Ki Umbara), jeung rea-rea deui. Carita-carita model kitu teh, sok aya oge nu nyebut carita detektif atawa misteri.

Naha Laleur Bodas kaasup carita detektif? Duka tah. Ngan nu eces mah, aya tokoh anu disamunikeun, henteu waka sina nembongan. Nya tokoh eta anu dipake “eupan” sangkan matak panasaran teh. Malah, lain bae disamunikeun, kelemengna oge bangun ngahaja dibuni-buni. Samemeh nepi kana kaca panungtung mah, nu maca tanda tanya keneh, saha sabenerna Laleur Bodas teh.

Enya, ari dijieunna mah jaman beh ditu (samemeh perang), tapi pasipatan manusa anu aya dina eta carita, bisa jadi nepi ka ayeuna oge masih keneh nyampak. Kitu ceuk Ajip Rosidi dina panganteurna. Cindekna, gambaran manusa anu boga sipat sirik-pidik, masih keneh langgeng nepi ka ayeuna. Tina kituna, henteu karasa bari, najan Laleur Bodas dibaca dina jaman anu geus beda, puluhan taun sabada eta carita ditulis ku nu ngarangna.

Caritana mah basajan bae, henteu pabeulit. Tokoh Basri jeung Lili, geus lila papacangan. Hiji mangsa, basa maranehna keur ngadon niis di Haur, bet nyaksian lampah teu uni antara Didi jeung Sumari. Ari Sumarni teh apan pamajikan Sobari, sobatna. Tangtu bae, Basri moal ngantep pagawean Sumarni kitu teh.

Peuting eta keneh, Basri narima surat ti “Laleur Bodas”, anu eusina nyaram kaluar peuting. Isukna, basa Basri nepungan Sobari (dadakuna mah bebeja rek indit masantren), sobatna oge sarua meunang surat ti Laleur Bodas. Eusina nyaritakeun kalakuan Sumarni tea. Di bejaan ku Laleur Bodas deuih, hiji peuting Sobari bisa nangenan, Sumarni teh enya nyolowedor. Didi kaperego asup ka imah Sumarni ngaliwatan jandela, sabot Sobari euweuh (padahal mah nyerangkeun tina dapuran cau). Didi digerebeg.

Hiji mangsa, Basri indit ninggalkeun lembur, rek masantren. Kapaksa kudu pisan jeung Lili. Lili masrahkeun ali, itung-itung ngaganti kasono. Basa keur di otobeus, Basri ngarenjag deui bae. Surat ti Laleur Bodas geus nyampak dina sakuna.

Sajeroning kitu, Didi anu asa diwiwirang ku Basri, nyiar rupa-rupa akal pikeun nyilakakeun musuhna. Niat gorengna di hatean ku Subita, lanceukna. Mimitina, Subita nyieun surat palsu ka Basri, anu ditandatangan ku Lili. Eusina, menta eta ali dibalikkeun deui. Niat kitu teh dibantuan ku badegana, Gapur jeung Gani. Basri bingung, asa teu gugur teu angin. Untungna manehna meunang akal. Manehna nyieun ali tironanana, anu persis jeung ali pamere Lili.

Ali palsu teh, ku Subita dipake eupan. Ngahaja sina dipake ku Nyimas Yutiah, pamajikanana, ngarah katenjoeun ku Lili. Yutiah dipitenah geus salingkuh jeung Basri, minangka buktina, ali jeung surat palsu tea. Yutiah diserahkeun ku Subita. Lili sorangan ngarasa diteungteuingan ku Basri. Basa Subita datang ngalamar, Lili langsung narima, banget ku keuheul ka Basri nu dianggapna geus hianat. Pamustunganana, Lili dikawin ku Subita, dijieun pamajikan nu katilu.

Basri kacida medenghelna, basa balik ka lembur, meunang beja Lili dikawin ku Subita. Puguh bae asa diunghak, beh dituna ngarasa diwiwirang. Untungna, Yutiah nepungan Basri, nepikeun kajadian nu sabenerna. Ceuk Yutiah, najan Lili geus dikawin, tapi da manehna mah pista, henteu daek sare reujeung.

Basri ngagidir, nepi ka kungsi kajadian riributan di imah Subita. Kolot Basri bendu, nepi ka luas ngusir. Tungtungna Basri kabur ti lembur, bari samemehna nepungan Lili rerencepan, ngajak patepung di hotel Cirebon. Tapi Lili henteu nuturkeun. Basri mah terus indit ka Sumatera, kabeneran meunang milik, aya nu mikanyaah.

Tariking jodo, maranehna bisa tepung deui. Basri balik deui ka lemburna. Tapi Subita angger ngunek-ngunek. Nepi ka boga niat pikeun mateni Basri, ditaragal. Untungna Laleur Bodas ngabejaan deui, upama peuting eta, Basri bakal diarah pati. Ku pitulung  Laleur Bodas, Basri salamet. Peuting eta keneh, aya kajadian rajapati di imah Subita. Nu baroga niat jahat teh maot alatan polahna sorangan.

Najan loba kajadian anu sipatna kabeneran; upamana bae basa Basri tepung jeung Lili di Jakarta, tapi pangarang bisa pisan nyumputkeun tokoh anu dirusiahkeun. Eta carita dipungkas ku “happy ending“,  Basri jeung Lili bisa ngarangkep sanggeus nyorang rupa-rupa cocoba. Saha atuh sabenerna “Laleur Bodas” teh? Biheung cacap kapanasaran, upama can maca bukuna.***(Dan)