SAPRAK datang jaman digital, istilah “kontén” remen disabit-sabit. Holna mah nya tina basa deungeun, content, nu hartina eusi atawa muatan. Ari nu disebut konten dina téknologi digital téh rupa-rupa: aya téks (tulisan), sora, gambar, vidéo, jeung sabangsana. Kontén téh tangtuna aya nu nyieunna, bisa olah, disimpen, dipidangkeun, jeung disebarkeun maké pakakas éléktronik.

Téknologi bisa maju lantaran dirojong ku kontén. Malah, sakumaha canggihna téknologi, taya hartina mun di jerona euweuh nu disebut kontén. Moal aya nu daék ngukut kaméra digital mun teu bisaeun nyimpen gambar. Moal aya nu meuli hapé mun teu bisaeun dipaké ngirim SMS atawa nélépon. Foto digital, musik dina hapé, vidéo beunang ngarékam, atawa téks dina SMS, kabéhanana disebut kontén.

Sasaha gé wenang nyieun kontén mah. Malah, bisa jadi nu baroga hapé mah méh unggal usik nyieunan kontén téh. Ku nu boga naluri bisnis mah, kontén téh bisa jadi duit, bisa dipaké lahan usaha. Torojol wéh kontén provider, purah nyadiakeun rupaning data nu sakirana dipikabutuh ku balaréa. Mun réa jelema nu resepeun kana lagu, nya disadiakeun kontén lagu. Nu hayang nyaho béja panganyarna, aya deui kontén berita.

Urang deungeun mah geus ti tangéhna ngokolakeun kontén nu hadé téh. Ari urang, siga sasari, engeuh sotéh sanggeus nyaksian batur hasil, lubak-libuk meunang untung tina bisnis nu boa aya nu nganggap “teu pira”. Dina dunya internét, sasaha gé nyaho naon Google, situs purah tuang-téang téa. Konsép Google téh, mimitina mah pan asa basajan pisan, nyadiakeun kontén dina wangun téks beunang nguyang tina situs nu lian. Hartina, Google mah sasatna “teu bogaeun” kontén, da gawéna gé apan mangnéangankeun. Tapi batina tina iklan, ambuing, ayeuna téh kira-kira Rp 2 Miliar dina waktu sajam.

Sabada sababaraha taun ngabandungan Google, mimiti kapikir, tétéla kacida pentingna ngokolakeun kontén téh. Google mah nganggap sakabéh basa gé penting, lain basa Inggris wungkul, nepi ka kiwari Google bisa dipidangkeun dina ratusan basa saalam dunya. Geus kitu nyieun proyék séjénna, siga Google Book (nyadiakeun rupaning buku dina wangun digital), Google News (kliping berita ti mangsa ka mangsa), Google Images (paranti babagi gambar), Google Earth (paranti noong gambar kaayaan dunya tina satelit), YouTube (paranti babagi vidéo), jrrd.
Kontén Lokal Kumaha Nasibna?
Nu disebut kontén lokal téh, nyaéta kontén nu jolna ti hiji sélér atawa wewengkon. Mun di tatar Sunda, nya sagala rupa nu aya pakuat-pakaitna jeung Sunda; basana, budayana, patempatanana, hirup-kumbuhna, jsté. Terus diracik maké pakakas téknologi sangkan bisa disebarkeun, dipidangkeun, atawa dijual maké pakakas éléktronik.

Kontén Sunda gé tangtu euyeub pisan. Tong jauh-jauh, dina widang basa wéh, pan sakitu réana peperenianana téh. Ti mimiti babasan paribasa, sisindiran, wawangsalan, rumpaka pupuh, jsté. Geura étah, mun rupa-rupa kaulinan barudak dividéokeun, boa rea nu resepeun. Teu mustahil jaga mah aya barudak bulé nu arulin paciwit-ciwit lutung.

Hanjakal éta téh can aya nu ngagarap kalawan daria. Kaharti kituna mah, lantaran patali jeung téknologi, nu tangtu jadi perlu waragad keur ngamodalanana. Can kudu néangan jelemana nu bener-bener weruh mindahkeunana jadi konten digital. Bari meureun teu kaérong naha éta téh matak untung atawa moal. Najan di urang geus mimiti dug-deg pausahaan nu nyieunan kontén, tapi ari kontén lokal mah can dilieuk. Kalah resepeun kénéh kana rumul-ramal atau gosip-gosip sélébritis.

Atuh ti pihak nu boga kawasa dina téknologi, siga Télkom upamana, can pati engeuheun deuih. Meureun milih kana lolongkrang bisnisna nu kacirina moal nguntungkeun.

Ngan ulah salah, da urang deungeun mah terus-terusan mébérkeun jangjang. Google gé pan boga implengan rék nyieun pabukon digital, nu eusina midangkeun rupaning kontén saalam dunya. Ulah nepi ka kacaturkeun aya kabeungharan budaya urang nu ujug-ujug ngagunduk dina nagara deungeun, siga naskah Sunda di Walanda téa. Mun teu singkil ti ayeuna, mungkin banda urang sorangan dipimilik ku nu lian.***(Dadan Sutisna)


Tags: , ,