Kontak
Dadan Sutisna
Pamatuhan: Lembur Pasirloa RT 01/09 Désa Kadakajaya, Kec. Tanjungsari Kab. Sumedang
Tempat Pacabakan: Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung
Email: dadansutisna@yahoo.com, ber@daluang.com
Website: http://daluang.com
Kontak
Dadan Sutisna
Pamatuhan: Lembur Pasirloa RT 01/09 Désa Kadakajaya, Kec. Tanjungsari Kab. Sumedang
Tempat Pacabakan: Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung
Email: dadansutisna@yahoo.com, ber@daluang.com
Website: http://daluang.com
Dhipa Galuh Purba
Wah, alus Dan
Alhamdulillah… hade pisan ieu web teh.
Wilujeng ah…
ngiring bingah.
Mugia sing bisa makalangan kalayan gandang di dunya maya…
Dhipa Galuh Purba
asepsajah
Assalamu’alikum !
Busyet dah… keren-keren…..!
Eta aya kituna… leukeun, emh ….. nyaan muji !
alhmadulilah, langkung seueur urang sunda anu kreatif
(abdi mah jadi muriding ieu teh, ngiri deh gue !)
Mudah-mudahan seuer anu uninga ka na kieu site, ngarah seuer anu kenging mangfaatna.
Wilujeng….
wassalamu’alaikum wr wb.
Asep kehed (ja'i) pasirbiru rancakalong
Ehm..sampurasun kang dang..abdi tos 4 dinten karalang kuriling di site akang..jd hoyong ngiring diajar sagalana ka kang dadang..hehe..punten, kenal sareng pa wahyu tukang supir pasangrahan tanjungsari kang? Punten pisan salam ka anjeuna..
uwa fz
Assalamualaikum wr wb
Nepangkeun ah sim kuring sok di sebut uwa…Uwa fz…..duh meni sae iyeu blog teh aya dua bahasa….Jadi mun nu teu tiasa sunda tiasa muka Indonesia. mun nu rsep sunda siga sim kuring tiasa maca sundana…jeung deui meni apik.jeung sarae eusina naha Dadan Sutisna teh guru???
Nuhun tos nganjang ka “rorompok”. Duh, paralun teuing, abdi mah sanés guru. Janten murid gé teu acan réngsé. Éta mah mung ladang kutrat-kotrét wé, tambi ngalamun.
uwa fz deui
Bade nyuhunkeun widi blogna Dadan ku uwa di add teu nanaon nya? atuda ameh babari uwa muka na uwa resep macaan carita sunda….nuhun…..
Mangga, ari kaanggo mah…
Ibrahim
7 Langkah Mudah Menjadi Webmaster. Apakah benar buku itu karangan anda ?
jika iya tolong e-mail balik
Benar, Kang Ibrahim. Tentang pertanyaan yang dikirim ke email, insya Allah saya akan membahasnya di sini. Terima kasih. (Dadan Sutisna)
Popon Saaadah
Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka blog sim kuring. Hatur nuhun deuih kana komentarna anu ngajantenkeun sim kuring langkung sumanget nyerat deui dina blog.
Sandekala
Silahkan cek http://teater-sandekala.blogspot.com/ untuk rencana pementasan teater Sandekala adaptasi novel karya Godi Suwarna
aLdi
Mohon kesediannya u/ melihat personal inbox dadansutisna yg ada di kaskus.us . Semoga berkenan.
Nenen Gunadi
Salam tepang ti Kanada,
Kang Dadang web sitena mani bermanfaat pisan, good job!
Kumaha lamun dilink di web site abdi di http://www.nenensnest.com
Baktos,
Nn G
Edmonton, AB, Canada
R. Ganida Sunarya Kusumah
nepangkeun ah abdi Nonoman Sumedang…
aya reuwas aya bingah pas nmbe terang ieu website…
sing sukses ah…
Entu Sutisna
Wilujeng tepang /salam baktos ti urang cileunyi wetan
Abdi ngaraos reu’eus ku ayana urang sunda nu leuwih calakan sareng kreatif ngagaduhan website ieu, anu mudah-mudahan sukses jeung leuwih maju dina raraga ngembangkeun budaya sunda.
Salam
Entu Sutisna
Pajaten/Cilenyi wetan
wita darmansyah
ass.wr.wb pak dadan,
saya sedang mencari kudapan2 tradisional sunda (khususnya kolontong,opak & sale cawu)
tapi sayang sekali di web ini tidak terdapat penjelasan yag lebih detail mengenai bahan,sejarah & folklore-nya.
mohon informasi, hal2 tsb bisa saya dapatkan di mana ya?
terima kasih banyak sebelumnya.
hatur nuhun pisan (maaf, kalo basa sundanya ga halus, maklumlah, sunda swasta, hehehe)
wassalam
Daluang Bookstore
Salam kenal dari Daluang bookstore. Semoga web ini makin membuka tabir gelap sejarah tatar pasundan.
Salam kenal juga. Semoga Daluang bookstore juga tetap konsisten menjaga kertas tradisional kita agar dapat digunakan sepanjang masa.
gajahkurus
Sampurasun,
Sae pisan ieu web, seueur pisan nu tiasa dipulungan ku sim kuring. Reueus ku ayana ieu web, ciri yen seueur urang Sunda nu motekar sapertos Kang Dadan Sutisna. Upami diwidian hoyong ngelink ieu web dina blog sim kuring. Hatur nuhun sateuacanna.
Salam baktos
teh nenet
Dan sae pisan ieu web teh..
seur mangfaatna.mugia wae mangfaat kangge sadayana.
GOD JOB BRO!
cecep
Salam kenel kang Dadan, website na sae pisan. seer mangfaatna kanggo nu hoyong terang tentang perkembangan tatar sunda.
kang abdi hoyong terang upami meser VCD “Kang Ibing: Mapag Pilkada di Rancaoa” dimana nya. abdi hoyong gaduh.
nuhun
inda suhendra
ngiringan sakedik kang dadan
aduh sae pisan ieu website teh
ngemutkeun ka lembur nyalira abdi mah ti pangandaran
salam kanggo ka sadayana nya
bagus
salam……
ngiring bingah….sae pisannnnn
nepangkeun, wasta teh bagus , di gunung geulis (panorama jatinangor)
kadakajaya teh dimana nya kang
Dadan Sutisna
Nuhun, Kang Bagus. Nya ari Gunung Geulis mah unggal dinten ge kasawang….
Sudarma Sopian
Ngiring ngalangkung, kang. Sing seueur info sumedang na, ti ngawitan sayang dugi ka maronge.
Ku abdi ditempelkeun link na nya di blog.
Dadan Sutisna
@Sudarman Sopian - 01-07-2008
Mangga, komo Maronggé, penting…
D_Pramanik
Ass. Kang Dadan…
(sateuacanna..hatur nuhun tos komen di fs)
Punteun yeuh kang saparantos na muka web kang dadan seueur pisan kosa kata anu dipulungan ku abdi kaleubeut eta si daluang heheh. Teu amit heula..langsung wae di pulung…leureus ieu web seueur mangpaatna..
di MP abdi diserat oge eta ‘daluang’ nyatut ti web kang dadan..naha teu acan dibuka deui fs-na, abdi ngintun msg di fs dugi ka tilu-na..
Hatur nuhun kang..wassalam
-D_Pramanik-
Aldi
Wah situs kangdadan tmbah kasep kang,mengalami penghijauan sedap dpandang.sy request subtitlesnya indonesia ya kang. Smoga kdepannya bs mnjadi wadah sarana lintas seniman&budaya tanah air.
Dadan Sutisna
@D_Pramanik - 14-07-2008 pukul 03.12
Wass. Wr. Wbr.
Muhun, abdi mah langka muka FS, teh. Nembe ngalongok deui. Mangga bade dicandakan ge ari kanggo mah, hehe.
Salam,
Dadan Sutisna
Dadan Sutisna
@Aldi - 14-07-2008 pukul 12.05
Iya, lagi dipersiapkan Kang Aldi. Nuhun atas kunjungannya…
Susy Ul' Farida
Salam Sukses,
Saya bekerja di salah satu perusahaan dimana kami juga bergerak dalam bidang penerbitan buku yang selama ini masih berkecimpung di dunia buku untuk anak-anak. Apabila berkenan, ingin rasanya kami memiliki kesempatan untuk bisa menerbitkan buku-buku karangan anda. Mohon info lebih lanjut. Terimakasih.
Susy Ul’ Farida
Marketing Manager
Nandang Darana
sampurasun…
resep ogé mukaan wéb nu dadan.
alus, euy…
nandang darana
IMAS NURHAYANI,SE
SALAM KENAL
Dengan FRONT KOMUNITAS INDONESIA SATU (FKI-1, Ormas Independen). Utk lebh mengetahui kegiatan dan AD/ART FKI-1 dpt dilihat di Website:www.apindonesia.com (Klik LOGO FKI-1).
Terimas Kasih. Imas Nurhayani,SE. Sekretariat.Gd.Dewan Pers.Jl.kebon Sirih No:32-34 Jakarta Pusat. Tlp:0213503349, 3864167, 0818798586. Email:satufki@gmail.com.
Dodi Eka Pratama
Cep Dadan kumaha damang? Alus euy web site-na HADE PISAN….
Dan, kang Dodi teh ayeuna keur nyieunan miniatur gamelan Sunda jeung alat musik Sunda lainna, bisa ditingali dina blogsite kang dodi… http://waditracraft.blogspot.com atawa http://ekspresi-jiwa.blogspot.com. Hatur nuhun kasep………
abu kawni
kapungkur tau daluang teh dari kang permadi atao kang jaya safari gunawan…. kamarana nya anjeuna teh…. manawi aya laaratanana
Rohmat
Aww. Kang Dadan
Meni wararas pisan, komo lamun ninggali alamat anu ngadevlopna, urang tanjung sari jeu apal daerah Rancakalong, da simkuringteh alumni SMP Rancakalong 86, SMA Tanjung Sari 89, ngamumara ka Medan.
Sakali deu wilujeng ah, mudah-mudahan langkung berkembang.
Wassalam Rohmat Medan
Mang Jamrud
sampurasunn…
nuju dimana yeuh,… emut keneh ka abdi? upami emut tipayun abdi tepang munggaran sareng salira, niti mangsa nuju ngabubur di payuneun bank jabar braga tea… emut panginten nya? sementawis mah cekap sakieu heula, tawis panglayad ti simkuring ..
punten tumaros dupi eta balong teh seureu jaer na??
he he, nuhun kang dadan
mang jamrud
usman
Seniman ti Sumedang
Ngajoprak teu Walakaya
KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, geus kauji ku wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung), ti keur rumaja keneh. Mang Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan Rancakalong, Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni buhun titinggal karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang Yaya nu ngesetna, Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset jeung sintreuk kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan harita tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna ngadidik Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, ngajoprak teu walakaya.
MANG Yaya, kitu kuring nyebut ka anjeunna teh. Nyebut emang teh, pedah kawin ka kapibibi sabrayna kuring, ka Bi Erah. Mang Yaya aslina mah ti lembur Lebaktulang, ari Bi Erah mah ti Cijere. Kuring asli urang Cijere. Lembur Lebaktulang jeung Cijere teh paeunteung-eunteung , masih sadesa, nya eta desa Nagarawangi. Harita kawin ka Bi Erah teh ngaduakalina, mawa anak tilu. Anakna nu bungsuna mah saumuran jeung kuring.
Natrat panineungan ngeunaan kahirupan Mang Yaya. Sainget, anjeunna teh tukang ngeset tarawangsa. Harita layanna teh Mang Anda urang Cipala, Mang Anda mah kabisana teh kana metik kacapina. Umurna, sapantaran wae jeung Mang Yaya. Ngan sanggeus Mang Yaya pindah ka Cijere, ka lembur Bi Erah, rada jarang Mang Anda marengan nabeuh. Malah ahirna mah eureun. Sigana jauh teuing ti imahna.
Mun mireng Mang Yaya jeung Mang Anda nabeuh, hate teh kokoleangan lir langlayangan ulin dialak. Bener-bener rasa kabawa ngalayang ku sora tarawangsa nu diulinkeun ku Mang Yaya. Lebah lagu Ayun Ambing, Angin-angin, Mataraman, jeung Jemplang, muwuh matak endah. Sora kesetna ngawirahma, kaanginkeun ku angin, rumayap dina simpena peuting. Da kapan tarawangsa mah ditabeuhna sok peuting, ti jam salapan nepi ka janari samemeh bedug subuh ngadurugdug ti masigit
Tarawangsa ditabeuh teh biasana jang nyalametkeun imah, salametan nyalin atawa panen pare, ngariakeun, atawa nyalametkeun orok nukarek lahir. Atawa dina acara ngalaksa jeung acara mubur suro. Tarawangsa teh seni nu mihormat kana Nyi Pohaci Sanghiang Sri atawa kana pare.
Biasana mun mulang nabeuhna teh, ukur dibahanan sasajen jeung pare sageugeus sewang. Nu boga hajat sok nitah nu digawe dina eta hajat sangkan mangnanggungkeun sasajen tea ka imahna Mang Yaya. Ka ayeunakeun sok remen dibere ongkos jang naek ojeg. Nu nganteurkeun teh ngarekeh nanggung sumbul atawa boboko, mapay-mapay jalan satapak nu cipruk keneh ku cireumis. Sasajen teh biasana geus pada ngadago ku para pamuda nu biasa lohong ka imah anjeunna. Mang Yaya teh sok ngabina pamuda sangkan resep kana seni karuhun.
Taun 1980-an basa Nagarawangi dicekel ku Kuwu Asri, harita tarawangsa teh kawas rek pareum. Ukur sababaraha grup nu aya, di antarana di Cikondang, di Legokpicung, jeung di Cibunar. Matak keueung, lantaran mimiti langka nu nabeuh. Inget keneh harita aya gerakan cinta kana tarawangsa. Mang Yaya singkil, ngajak ka Anang Gunawan nu harita cekel gawe jadi guru SD pikeun ngayakeun lomba nabeuh tarawangsa jeung ngigelanana di tingkat SD. Oge aya lomba nabeuh tarawangsa di antara grup nu aya di Rancakalong. Hasilna luar biasa, tarawangsa bisa menyat deui. Malah aya jadwal nabeuh di radio stasiun daerah. Jadwal manggung teh saminggu sakali. Ngear saban malem Rebo, maturan nu leleson sabada mulang gawe ti kebon.
Tarawangsa pada mikawanoh deui, malah kaum akademisi mimiti daratang ti Bandung. Harita nu di ajar teh ti Kokar (SMK 10), jeung ti ASTI (STSI). Malah loba nu nyieun tugas ahir ngeunaan tarawangsa, di antarana aya nu nyieun skripsi, tesis jeung desertasi. Mang Yaya ge remen diogan ka Bandung pikeun jadi guru tamu atawa dosen tamu. Malah kungsi magelaran di gedong kasenian di Bandung. Kungsi maen di TVRI Bandung jeung di RRI Bandung.
Malah pelukis teureuh Rancakalong, Umar, remen ngabringkeun turis asing pikeun ngadongdon tarawangsa. Ngeunaan tarawangsa geus kaambeu ku internasional jeung nasional. Sababaraha mahasiswa asing nalungtik ngeunaan tarawangsa jang kapentingan tesis katut desertasina.
Tapi Mang Yaya mah angger kitu, peutingna manggung, teu sare ti jam 8 parat nepi ka subuh. Nabeuh bari sila, ngaladenan nu ngigel. Ti mimiti acara ngalungsurkeun nepi ka nginebkeun, rema-remana teh ngulinkeun keset jeung senar. Minangka ubar tunduhna teh ngaroko jeung nguyupan cikopi nu liket. Hayang kahampangan ge ditahan, lantaran saha gantina atuh mun anjeunna nyelang heula mah. Jarang jalma nu biasaeun ngeset, beda jeung nu ngacapina, loba nu bisaeun.
Sigana alatan loba nahan kahampangan, jeung terus-terusan nguyupan cikopi, “kantong kemihna” ayeuna kaserang kasakit. Mang Yaya ngajoprak teu bisa kahampangan. Teu walakaya. Sang seniman teh ukur bisa humarurung. Geus beak nanaon keur uubarna. Cenah kudu dioprasi.
“Duit ti mana atuh keur ngaoprasina. Keur kontrol ge kawalahan. Geus lieuk euweuh ragap taya ayeuna teh!” ceuk Bi Erah dibarung ku nyegruk ceurik.
Cenah, kahayang mah dibawa ka Bandung, ka Rumah Sakit Hasan Sadikin, tapi teu boga waragadna. Pemda Kabupaten Sumedang, utamana dina pariwisatana teu ieuh paduli ka Mang Yaya nu kungsi nyeungitan Sumedang dina seni tradisina. Kitu deui Bupati jeung rengrenganana, can aya kanyaahna ka seniman nu ayeuna teu walakaya alatan teu boga duit jang uubar. Mang Yaya memang geus teu walakaya. Ukur ngajoprak dina kasur. Kahampanganana geus make selang, da puguh taya waragad keur ngoprasina.
“Mang Yaya teh gede jasana kana kasenian tarawangsa. Lian ti ngajaga, ngamajukeun, oge ngadidik nonoman sangkan resep kana eta seni. Malah para akademisi di Bandung, loba nu geus jadi jelema nu baheula mah panalungtikanana teh ti ieu lembur. Tapi, ieu no boga jasana teu dipirosea. Dina kaayaan keur kaserang panyakit parna, boro-boro aya nu nempo, dalah pamarentah ge apilain pisan. Harianeun…” ceuk Ajang nu ngaku bisa nabeuh teh alatan diwarah ku Mang Yaya.***
Dicaritakeun ku Usman Supendi. Kontak ka putrana: Jajang Koswara 085221360165
mifka
Sampurasun, ngiring cubak-cabak ah. Euleuh sami, geuning tatangga di Tanjungsari. Hatur nuhun, meni resep ngabarak kieu.
asepuymmi
assalamu’alaikum wr. wb.
nyaan serius ari baturrrrrrrrrrr, nambih leubeut, nambih herang ieu web. Teu mata duitan ongkoh na mah… ha ha ha
wilujeng ah….
abdi kangen, iraha pendak atuh nya?
aldi
ass, wr,wb.
maaf lahir batin kangdadan. di page ‘daluang’ ada kosakata sunda tidak kang, mohon bantuannya, semoga tertampil ya kang,klo ga bisa tidur ngapalin bhs sunda dulu.
klo sdh dapat jadwal acaranya mohon satunya di sent via email saya. Trims/nuhun kang.
Dodi Eka Pratama
Sateuacanna Dodi Eka teh rek neda hampura boh bilih aya kalepatan, wilujeng boboran siam 1429 H.
Perkawis miniatur tongo eta teh sae pisan malihan mah bade didamelkeun dugi ka miniatur tumila sareng kutu oge bade, jigana hade pisan, da ari perkara ukuran mah tetep weh sakitu moal gede moal leutik.
Dan, kang dodi teh boga buruan leutik cukup keur 50 urangeun mah, di Sekeloa Selatan II no 5 Dipati Ukur kumaha urang dimangpaatkeun jadi tempat panglawungan boh panglawungan sastra, budaya, seni nepi ka panglawungan teknologi informasi ngarah bisa nyusul nini anteh di bulan. Hatur nuhun……………………………………..
zarien
hoyong diajar bahasa sunda uy…..!!!kumahanya….
made suasta
salam kenal dari Bali.
ken ken kabare, becik ( kumaha, damang )
saya tertarik dan penasaran pada photo-photo saat berkunjung ke tempat naskah kuno Sunda,pada gambar terlihat peninggalan lontar tua dan alat alat lain misalnya genta…
apakah itu salah satu peninggalan penganut HIndu di Sunda ?
Saya sangat tertarik dengan ceritanya……
yana
Salam kenal kang..
abdi teh urang sunda (sumedang) namung abdi rumaos bodo terutama masalah sajarah sunda(sumedang khususna) manawi akang gaduh tulisan soal sejarah sunda(sumedang) abdi nyuhunkeun…….alamat e-mail abdi: naytea2@gmail.com
nuhun kang………..
tate rahmat
nuhun pisan teu tiasa disaurken kabingah abdi ku ayana daluang.com
sukma
kang, saya salah satu pembaca setia web akang. Isinya bagus banget. kebetulan saya juga suka sama sejarah, saya sering mendatangi tempat2 yang memiliki nilai sejarah tapi yang jadi masalah, saya tidak bisa menuangkannya dalam tulisan. saya sekarang tinggal di sumedang. kalau akang mau bantu, tentu saya akan sangat berterima kasih sekali
Reza Kusuma Putra
Asslm
Sareng Hormat
Wikujeng sonten Kang dadan nepang keun abdi
Nami : Reza Kusumah Putra
Asal : Tasikmalaya
Saleresmna sim abdi sanes bade ngomentaran namung aya peryogi perkawis bahan-bahan kango penelitian anu aya di majalah mangle. dina waktos ayeuna abdi nuju penelitian perkawis “alihbahasa UUd 1945 kana bahasa sunda ku mahkamah konstitusi” kaleresan abdi tos nepangan&koordinasi sareng kang agus suhermana di UPI ajeun ngarekomendasikeun ka kang dadan sutisna.kinten-kintenna tiasa pependak sareng kang dadan?
hatur nuhun
Reza
ceel'gallinkstones'
kang milarian liputan tentang situ sipatahunan baleendah
atanapi kampung budaya jelokong
meh lembur abi kasebut
Reza Kusuma Putra
Asslm
Wilujeng sonten kang ieu patarosan perkawis penelitian tentang alihbahasa sunda ku mahkamah konstitusi.
Kang patarosan nan nganggo bahasa indonesia margi bilih tim penguji sareng dosen pembimbing teu ngartoseun kitu ogen sareng walera nana. Hatur nuhun
1. Bagaimana Kang Dadan memaknai ataupun memandang program alihbahasa UUD 1945 kedalam bahasa sunda?
2. Bagaimana Kang Dadan melihat kondisi masyarakat Sunda khususnya Jawa Barat ketika memang dikaitkan dengan pemamahaman tentang UUD 1945?
3. Dalam program ini Kang Dadan berperan sebagai apa&delegasi darimana?Bisa diceritakan tentang aktifitas apa saja yang dilakuakan Kang Dadan dalam program ini?
4. Bagaimana peran Majalah Cupumanik dalam upaya mempublis program ini, tentunya media berperan dalam sosialisasi program ini?
5. Apa yang melatarbelakangi Majalah Cupumanik memasukkan program ini kedalam liputan majalahnya?
6. wilayah atupun area mana sana yang menjadi penyebaran majalah cupumanik?
7. Apakah pihak Mahkamah Konstitusi & UPI mengundang secara khusus kepada Majalah Cupumanik untuk meliput kegiatan ini?
sakieu heula penginten patarosanan kang, hatur nuhun kana waktos.
Reza Kusuma Putra
sunda koncara
Salam wanoh
neng guru
ass.kang manawi tiasa masihan info buku ngenaan aksara sunda sareng manawi akang ge kersa nuyun sim kuring nyerat aksara sunda.abdi teh lebeng pisan ku aksara sunda teh maklum da abdi mah kuliahna bahasa Indonesia seg ayeuna kedah ngajar sunda.diantos nya kang.hatur nuhun.wss
akang hub we:08562162453 atapi ka email abdi.
Dendi
Assalamualaikum.
Alhamdulillah, hatur nuhun kang, kuayana ieu situs abdi ngarasa reueus, jeung karasa mangfaatna. Upami tiasa mah kang lebetkeun oge kawih-kawih saweran kangge pernihakan atawa sunatan, janten euyeub geura eusina, nuhun kang
kevin tambunan
seru ttuhhhh kpn ya aku bsa kya gtu yeee?
Ergan Gandara
Assalamualaikum …… sampurasun
Reueus kang sim kuring mah ….. aya dulur nu motekar sapertos kang dadan, oge salam pangwanoh ti Rancaekek ka baraya nu masih panceg ngamumule ieu warisan ti para luluhur sunda … hurip SUNDA
yayat kusnayat
Salam Wanoh ti abdi di jakarta… ANGGOTA BAMMUS SUNDA ..
cing punten abdi teh kehilangan jejak rerencangan Sakola di SLTA di sumedang, ai namina milan mayangsari, maklum tos hampir 17 tahun teu penak …
ai raratanmah gang jamiin no 10, cipadung, manawi aya nuterang dimana ayena linggih.. mamanawian aya nuterang emailnya atanapi nomer telp…
Hatur Nuhun
Iwan ardhie prieyana
Urang sunda kudu boga blog. Can aya ari kamus mah ? Bisi aya nu ngotektak neangan harti kecap. gampang. Pendak engke Insya Allah dina sawala Jumat Di PSS
asikin hidayat
Salam tepang ti urang Majalengka. Meh unggal waktu kuring mukaan web salira.
herry riansa
asslamualaikum,,,,,,,,,,,,,,,kumaha kang kabarna damang,
salam nya kasadayana?
herry riansa
kang herry mah cman tiasa ngaduakeun
mugi” cing langgeng pakasabanana? AMIIEN
muslim
kang kumaha damang ieu sareng urang kondang budak bandar jeruk tea kang herman kumaha di lembur calager saya can bisa balik e…m apal pisan saya ka akang mah baraya
Dadan Sutisna
@muslim
Muhun leres, terang pisan atuh ka Kondang mah. Tapi sareng saha? Ke urang papaykeun urusan bandar jeruk mah, da aya urang Kondang nu ngumbara di Pasirloa. Nuhun tos ditepangan dina internet.
Wa Ujang
Sampurasuuuun……..Cukleuk lamping cukleuk leuweung jauh ka sintung kalapa…..punten kang Dadan, ngiring ngarewong….asa waas puguh ge, nuju seseleket kurah koreh bet nimu situs nu sakieu nyundana ! Simkuring nu keur uleng sono ka lembur ngadadak cenghar……ceuk beja mah kawas keur halodo tarik pangih jeung tukang cendol, coba…..plek pisan atuh kang ! Komo barang sidik kang Dadan pituin urang Sumedang, Tanjungsari deuih….jadi inget ka bako ! simkuring ge ti Sumedang, Narimbang….tutugan gunung tampomas tebeh kaler ! mung ayeuna keur ngalalakon di pulau seram maluku….keur kuli ! Kang, ngiring bingah ah ku ayana ieu situs….simkuring jadi teu pati keueung teuing ayeuna mah…..salam we ka urang sunda sa alam dunya !
waris
assalamualaikum..
nepangkeung simkuring waris..
gening caket kang d tanjung sari,,,
da sami sim kuring g ti sumedang..
alhamdulillah geuning aya deui web urang sunda teh..
reueus abdi kang,da abdi ngadamel mah teu tiasa,ngiring bingah w ka nu tos kreatif kieu mh…
komo ay lagu nu tiasa d download,bingah pisan.
da ayna mh abdi milari teh gning tos sesah,naroskeun k sesepuh da gening tos arawon dinba ayana teh..untung w nuju kokoreh d google mndak ieu web,meni asa katulungan..
wilujeng kang dadan,mugi teras di update,terutami mah kawih²na..
nuhun kang..wilujeng!!
Rizal
sampurasun……………
alaah asa tos lami urang teh teu patepang,kmh hibar ti urng kulon teh yeuuuh????kang dadi damang?ah sadayana wae moal di sebatan hiji2.mg wae sing hibar berkah salamina,amiin!iae mah mung silaturahmi wae ti wadyabalad teruh galuh nu di JOGJAKARTA. manawi wae bade naroskeun perkawis FDBS.nuhun ah.
“sunda ngahiji teu bisa di elehkeun’
Cag…………………………………………………
Dadan Rosnawan
Kang dadan web na hade pisan euy, ngadamel ngangge naon? Framework, joomla at cms? Atanapi coding nyalira ngangge php? Abi hoyong terang ambih web abdi tiasa sae siga kieu.
Ki Leuksa
Sampurasuuun..
Haturan Jang Dadan, Aki nepangkeun, yeuh.
Waas Aki oge, sok ras inget kana mangsa-mangsa nu geus kasorang, basa dongeng dina Radio pada mikaresep.
Aki ge sok rajeun ngalamun, ku hayang kawas bareto, nulis carita ratusan lambar, malah aya nu ngarebu. Tapi da ayeuna mah geus lungse, ngetik sapuluh lambar ge hoream.
Ngan jigana, lamun nilik kana sumanget para nonoman Sunda anu sakitu raresepna kana dongeng Sunda mah Aki ge jadi hayang deui nulis.
Jang Dadan, talatah ka seuweu siwi Ki Sunda, kade kituh, mumule budaya jeung basa Sunda teh, ulah keuna kana paribasa “Jati kasilih ku Junti; Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam” palias.
Sakitu heula ah, insya Allah engke ka hareup ditumbu deui. Ayeuna mah tunduh…. geus beak lima heuay oge..
Cag….
Sandi Suryasakti
ass kang,
nepangkeun abdi sandi, ayeuna aya di lembur batur alias di sumatera, abdi sok inget wae lembur, maklum jauh ti lembur, saya teh malarian lagu pop kang nano,dimananya abdi tiasa ngagaleuhna. nuhun sateuacanna.
diantos balesanna
dian
ningal di ksi smpn 1 tanjungsari, aya namina janten hoyong terang angkt taun sabaraha nya???
cep yandri
sampurasun kang,,,
Cing Pang Medarkeun Carita/Sajarah SUNDA kang !
Sangkan Pamuda Sunda teh apal ka Karuhun na,
baktos,,
muslim
kang dadan kumaha sehat dulur punteun tumaros upami kang dadan teh janteun wartawan?bagja atuh kang nepang keun abdi ti kondang pasanggrahan bilih kersa mangga ketik “www.polisiangkxxbikin.webs.com” salam ka urang cisereuh kang dadan
dans
Askum a Dadan,,
kumaha damang?
ari suganteh moal aya nu nyaruaan eung ngaran teh,nepangkeun abdi dadan nu ti ganeas.tansarna caket ka cilengsar teu?abdi aya wargi didinya,nuhun ah,,Waskum…
asep firdaus
Kanggo Dadan Sutisna dulur kuring di Tanjungsari,
Upami aya arsip foto Tanjungsari tempoe doeloe pasti langkung sae, minimal kanggo urang Tansar anu ngumbara aya bahan ngawawaas lemburna.
Salam ka Annisa ti Mang Asep di Jambi.
Nugraha Soekari (Kang Uha)
Sinareng serat ieu, sim kuring ngiring ngabewarakeun yen SKeTSA 18 gentos nami janten teater SajA (sanggar Hijau). nuhun, upami lapar mangga ka SMAN 18 Bandung kaping 4 Juli 2009, kumargi sim kuring bade syukuran. mangga dihaturanan calik.
Dadang ti Majalengka
Ass. Alhamdulillah akang urang sunda aya nu motekar sapertos akang, abdi bagja pisan…
salam pangwanoh ti Majalengka ka baraya disakuliah dunya nu masih panceg ngamumule kasundaan…
doso uji
Assalamualaikum Kang Dadan.. abdi panggemar Rika rafika.. abdi di riau rada sesah milarian tembang sunda khusus na tembang2 ti Neng Rika Rafika. upami aya waktos pang emailkeun daftar tembang@ ti neng Rika rafika.. teras aya teu di bandung alamt nu tiasa di pesan tembang Rika rafika teras tiasa kintun paket pesanan ka abdi..hatur nuhun kang….
mohamad ali
Ass.wr.wb.
Wileujeung teupang, abdi ti Bandarlmpung, ngaraos waas ningali sawah sarueng ngaos sajarah Sunda, dongeng klasik. Kang, aya kitu sandiwara sunda anu di cd-keun? upaya nyondong, kamana milarina? Haturnuhun
candra
Assalmualaikum…
Kamana wae kang???
Kumaha Kuliah teh??
tos lami tara udud jeung ngopi Bareng…
muslim
wah luar biasa dulur kuring anu di lembur hebat lah satuju pisan ieu web teh…. sae lah…….simkuring urang kondang a……. kumaha damang minal aidin walpa idin hampunteun a… salam ka urang pasirloa kum we..nya…..
muslim
eta kang dadan caket bumi a ahyar juru tulis desa cijambu dulur na tukang kiripik jablay hahaha……
M. Arsya
Di sms not responding, jigana keur tapa teuing dimana, ka buah batu suwung wae, kira-kira mun hayang tepung kudu dimananya?
yaya
kang dadang sae pisan bahasana abdimah hoyong diajar bahasa sunda teh ayena toshilap bahasana kacampu bahasa kasar bae malum di pangumbaraan nganggona bahasa kasar .
abdi seneng pisan ngaos tulisan kang dadang asa kawartosan dei bahasa sunda nu leureus jeung halus
nuhun kang dadang hehehe salam sukses
Iwan Setiawan
Beuh, dak! Hebat! Moal kokotetengan teuing neang “baraya bacaeun” keur barudak teh. Ngajar ge moal katalimbeng teuing ku kakuduan budak meuli buku. Hese di Serang mah deuih. Lah, nya eta. Seuseut seuat mertahankeun sangkan basa Sunda diajarkeun di Serang mah.
Aeh, enya. Lawas kuring ge teu ngarang-ngarang. Punten, lah nyungkeun komentar kana carpon Nunung NS, asa “ngolembar” bae eusina, rarasaan teh. Sakantenan kana sajakna atuh. Sugan ari aya komentar mah, kahudang deui sumanget teh!
Nuhun, Kang Dan! Hapunten rada burandil basana, ma’lum rada hese rek kawas deui basa Bandung teh. He…
Doel Ndang
Sampurasun , Ngiring ngalangkung kana buruana. Reueus seueur carpon etang-etang landong puyeng. Iraha aya deui nu enggal nya?
suryadana
sampurasun kumaha sadanyana daramang nuhun ah ari daramang mah, hapunteun anu kasuhun bilih abdi lalancangan nyarios, maksadmah mani hoyong silahtuh rahmi sareng baraya anu aya di lembur atanapi di perantauwan, etang bubuka abdi salam ka urang Majalengka, Sumedang,Bandung,Garut,Tasik,Ciamis,Bogor,Banten jeung sabudereun wilayah Tatar Sunda anu timana bae ku simkuring teu diwiji-wiji mudah mudahan dinu daluang ieu urang mendak kahadean sareng nambih wawasan Salam kapangasuh daulang urang leumbur Amin
iwan
kumaha cara ngadownload na eu teh, teu aya pilihannya….?????
muslim
kang dadan hoyong diajar lah kumaha caritana bisa nyieun nu kieu punten abdi urang kondang caket a ahyar…..
dadang
tah nambah deui nonoman sunda nu bakal ngagedekeun kisunda teh, sok teruskeun kisunda teh sing nanjung, rada hariwang akang mah pangpangna tatar sunda teh rada rada kasilih ku junti padahal di lembur batur mah pribumi teh berkuasa sagalana, bae lah akang mah disebut chauvinisme oge
Handy
Assalamu alaikum.
Nepangkeun kang Dadan sim kuring Handy kang asli urang Garut. Tos lami sim kuring hoyong diajar basa sunda teh, kaleresan aya site akang, asa mobok manggih gorowong. Sim kuring teh peryogi naskah drama sunda kanggo engke acara perpisahan murangkalih SMP manawi aya naskah drama sunda anu temana cocok keur di sakolaan nu mayoritasna non muslim, tionghoa. Sim kuring teh hoyong pisan ngenal jeung ngenalkeun budaya sunda teh.
Wasalam
hatur nuhun
tendi
Assalamu’alaikum.wr.wb
Salam kenal kang ti urang Darmaraja
JASA PEMBUATAN WEBSITE
- Intansi Pemerintahan, Sekolah, Toko, dll
Hubungi :
tendi.sugiman@yahoo.co.id
m. agus
salam kenal atuh kang….abdi agus kawit mah ti subang.. mung ayena nuju milarian kahirupan di kapulauan riau..
nuhun pisan ah… janten waas…
salam kasadayana,
agus - kapulauan riau
anas nasihin
sampurasun..wilujeng tepang sareng pribados ti tatar pasundan..langkung paosna t daerah desa cipancar,sumedang selatan..