AYA pangarang nu nulis ukur keur dirina sorangan. Naon wé nu ditulisna mah, sajak, carpon, nepi ka catetan poéan atawa diary téa. Manéhna ngarasa tinemu jeung kasugemaan mun tulisanana geus réngsé, dibaca deui, disimpen téang-téangeun sorangan. Teu ieuh mikiran, naha éta karangan téh rék dibaca ku batur atawa moal.
Aya deui nu ngarasa sugema téh mun karanganana geus dibaca ku batur, boh diasongkeun ka nu pareng panggih, boh dimuat dina média massa. Kareueusna baris témbong mun éta karangan aya nu mairan-komo aya nu muji mah. Atuda tong boro geus ngajanggélék jadi karya, ti keur dina uteukna kénéh gé geus diuaruar.
Teu kurang-kurang deuih nu sok rajeun kutrat-kotrét, bari tara sabar. Mun keur nulis hayang buru-buru anggeus, mun geus anggeus hayang gancang dikirimkeun, mun teu dimuat waé haben ditatanyakeun.
Palebah nyungsi kasugemaan ngarang, bisa jadi unggal pangarang téh béda-béda. Aya nu sugema ku nulis sajak, carpon, novél, atawa éséy nu ngawadahan pamanggihna. Aya nu sugema pdah karyana dibaca ku batur, dimuat dina média massa, dihonoran, atawa pédah karanganana dipuji kunu lian. Rék naon baé tujuanana, ari geus ngajanggélék jadi karya mah sageuy nepi ka mubah. Pan hésé néangan nu leukeun nulis téh, komo di urang mah. Teu réa nu nyempetkeun waktu keur kutrat-kotrét, angot dina usum riweuh siga ayeuna.
Nyaeta puguh gé, mun dipikir-pikir, di urang mah ngarang téh bangun pagawéan pangangguran, tamba ngalamun, tamba cicing. Éstuning matak kerung keur nu uteukna mikiran bisnis mah. Kudu tatahar heula pakakasna, keretas, mesin tik, komputer jeung printerna. Geus nyampak pakakasna, hayoh ngahuleng mikir-bari sakapeung mah teu maliré ka sisi ka gigir. Ari pék téh deuih, basa dikirimkeun ka média, teu dimuat-muat.
Naha ngarang téh pakasaban? Enya, mun urang hayang daria neuleumn éta widang. Lain sambilan, lain tamba euweuh cabak. Di nagara deungeun mah pan teu kurang-kurang jelema nu sapopoéna ngadeluk nulis, teu eureun nyieunan buku. Hasilna, nya nu hadé milik mah bisa nyukupan kahirupanana, malah lubak-libuk siga J.K. Rowling nu “dibayuan” ku Harry Potter. Atuh di urang gé réa nu neuleuman éta widang téh. Malah di antarana aya nu ngundurkeun diri tina pagawé negeri lantaran hayang jongjon nulis.
Mun ngarang rék dijieun pakasaban, nya tangtu kudu aya “pameulina”. Kahiji, kumaha sangkan karya urang bisa ngungkulan pangarang lianna, nepi ka mun ngirim naskah ka mdia massa atawa ka penerbit téh teu “diliwat” ku redaktur. Ieu téh tangtu réa pakaitna jeung kamampuh urang nyangkem téhnik nagrang. Kadua, lantaran sok dijieun pakasaban téa, nya ulah nepi ka pegat. Nyiar tarékah sangkan idé henteu kateg, sangkan ngarang tetep mayeng. Méméh hiji pangarang bisa moyan tur karyana midang di saban média, boa ditebus heula ku kasabaran-pangpangna sabar mun karyana ditolak ku rédaktur.
Mun ngarang téh ukur kalangenan, nulisna gé bisa jadi kakapeungan. Siga pangarang nu gumantung teuing kana “mood”, bari teu engeuh yén saenyana “mood” téh bisa ditéangan. Tapi tangtuna gé, lain hartina karanganana baris goréng. Nu ngarang ukur sambilan, bisa jadi teu mikiran teuing naha tina pagawéanana téh baris ngahasilkeun duit atwa henteu. Malah ku téknologi internét mah, pangarang nu ngarasa kurang “kahiap” ku média konvénsiaonal, midangkeun karya-karyana di dunya maya. Sasatna bisa sakarep-karep dina internét mah, rék ngamuat naon baé, rék sakumaha panjangna, da puguh dapur redaksina diurus ku sorangan. Komo saprak internét anjrah ka blog (tina weblog, rohangan dina internét nu midangkeun karya-karya pribadi). Réa nu haratis deuih, teu kudu nyéwa.
Midangkeun karya dina blog, bisa jadi éta gé kasugemaan keur pangarang mah. *** (Dadan Sutisna).