Cek Mikihiro Moriyama (2005:19, 320),  nu mimiti ngungumpul kekecapan Sunda téh Josua van Iperen. Nyaéta dina tulisanna “Proeven van Hoog, Gemeen en Berg Javaans”. Éta tulisan téh dimuat dina Verhandelingen van het Bataviaasch Genootschap der Kunsten en Wetenschappen (Tweede Deel) taun 1780. Persisna dina kaca 289-297. Kituna mah dipimaksud pikeun bahan babandingan. Sabab urang Walanda “lieureun” duméh basa Sunda ampir mirip jeung basa Jawa. Nya pikeun ngabédakeunana, Iperen ngabanding-banding antara Basa Jérman Luhur, Basa Sunda atawa Basa Gunung, Basa Jawa Umum, jeung Basa Luhur Ménak Jawa.

Sedengkeun ari tradisi nyusun Kamus Sunda karak lumangsung saabad satengah. Andries de Wilde, pangusaha pakebonan kopi di Sukabumi anu ngabaladahna. Inyana nu ngungumpul kekecapan Sunda-na. Nu nyusunna mah Taco Roorda. Hasilna, dina taun 1841 medal De Nederduitsch-Maleischen en Soendasch Woordenboek (Kamus Basa Walanda-Malayu jeung Sunda) di Amsterdam. Éta téh jadi cicirén munggaran diakuna basa Sunda minangka basa nu mandiri, anu misah tina basa Jawa.

Ku lantaran ceuk para pagawé Walanda mah kamus De Wilde téh kurang pepek, nya Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen (Pakumpulan Batavia keur Seni jeung Élmu Pangaweruh) ngayakeun pasanggiri nyieun kamus basa Sunda. Dina 9 Oktober 1843 Pieter Mijer, anu harita jadi sékertaris éta pakumpulan, ngémbarkeun yén sing saha baé anu bisa nyusun kamus basa Sunda anu leuwih hadé tur leuwih lengkep bakal diganjar duit 1000 gulden ditambah medali emas.

Sabelas taun ti harita medal A Dictionary of Soenda Language of Java (Kamus Basa Sunda ti Pulo Jawa). Persisna dina taun 1862.  Nu nyusunna Jonathan Rigg, pangusaha pakebonan Téh bangsa Inggris anu dumuk di wewengkon Bogor Kidul, dina taun 1854. Eusina aya 9.308 éntri, sarta tiap éntri dimimitian ku huruf kapital.

Sedengkeun dina taun 1879 H.J. Oosting medalkeun kamus Soendasch-Nederduitsch Woordenboek, op last van het Gouvernement van Nederlandsch-Indie nu dikaluarkeun ku pamedal Ogilvie & Co nu aya kota Batavia.

Lian ti éta, aya Sierk Coolsma. Inyana mah juruinjil ti Sarikat Juruinjil Walanda. Ngan S. Coolsma mah gedé katineungna kana basa katut kasusastran Sunda. Nu matak teu anéh lamun dina taun 1884 medalkeun Soendaneesch-Hollandsch woordenboek atawa Kamus Sunda-Walanda nu dipedalkeun di kota Léiden ku pamedal A. W. Sijthoff.

Urang Walanda siga nu kokomoan kana nyusun kamus basa Sunda. Buktina dina taun 1984 F.S. Eringa medalkeun: Soendaas-Nederlands Woordenboek, (mede met gebruikmaking van eerder door R.A. Kern bijeengbrachte gegevens). Nu matak hélok, éta kamus téh geus ditaratas ti taun 1950. Nu naratasna taya lian ti R.A. Kern anu harita jadi dosén basa Sunda di Léiden, Walanda. Sedengkeun ari réngsé nyusunna mah dina taun 1981.

Ari urang Sunda-na sorangan, teu réa anu nyusun kamus basa Sunda. R. Satjadibrata karak medalkeun Kamus Sunda-Indonésia, dina taun 1944. Ditéma ku medalkeun Kamus Basa Sunda taun 1948 jeung Kamus Leutik, Indonésia-Sunda djeung Sunda-Indonesia taun 1952.

Tapi cek R. Satjadibrata-na ku anjeun, sakumaha anu kabaca tina tulisan Ajip Rosidi (”R. A. Danadibrata Menyusun Kamus Sunda Sejak 1930″ dina Kompas édisi 5 Pébruari 1974) Kamus Basa Sunda téh ngandung kahéngkéran. Nu matak keur citakan katiluna mah R. Satjadibrata meredih sangkan Prof. Husséin Djajadiningrat, nu kungsi ngaresénsi éta buku dina Madjalah Bahasa dan Budaja taun 1955, sangkan ngarévisi éta kamus.

Harita Prof. Husséin nyanggupan. Tapi aya kayidna, anjeunna moal nambahan éntrina tapi rék ngeuyeuban katerangan-kateranganana baé. Ngan, tuluyna mah kateug sabab Prof. Husséin kaburu dipundut ku Nu Kagungan. Tapi nu leuwih ngenes mah, naskah proof  hasil koréksian R. Satjadibrata saméméh anjeunna ngantunkeun (1969) teu dipedalkeun ku Balai Pustaka. Nepi ka Ajip nyarita: “Teuing ku naon, Balai Pustaka dina saat-saat ahir bet ngabolaykeun niatna pikeun medalkeun deui kamus nu geus di-sét kabéh”.

Papadaning kitu, suwargina Prof. Dr. H. Édi S. Ékadjati nétélakeun yén di Pabukon Rijkuniversiteit Léiden (Walanda) masih kénéh aya naskah kamus Sunda anu tacan dipedalkeun. Atawa dina wangun tulisan tangan kénéh. Nyaéta Kamus Malayu-Sunda yasana Arya Kusumaningrat, bupati Cianjur, taun 1857.

Lian ti éta, aya deuih naskah kamus Sunda beunangna urang Walanda anu tacan dipedalkeun. Nu kahiji Kamus Sunda-Walanda karya Andries de Wilde, 194 kaca. Nu Kadua Kamus Sunda-Walanda beunang nyusun W. A. P. Roorda van Eysinga antara 1845-1850 jeung 1854-1855. Réana 420 kaca jeung ngawengku éntri A nepi ka S. Tapi nu katilu mah, nyaéta Kamus Sunda-Walanda anu kandelna 599 kaca, tacan kapaluruh saha nu nyusunna.

Tarékah urang Sunda gé teu eureun. Basa kongrés nu katilu, dina taun 1958, Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) mapancénan pangurusna pikeun nyusun samodél Kamus Umum Basa Sunda. Tapi ku rupa-rupa urusan, karak dina taun 1961 mimiti bisa kapigawé. Sedengkeun ari ngajanggélék jadi bukuna mah taun 1975. Ngaranna Kamus Umum Basa Sunda.

Taun 2003, persis 141 taun sanggeus Jonathan Rigg ngumumkeun kamus Sunda-Inggris, medal Sundanese-English Dictionary (Kamus Sunda-Inggris) yasana R. Rabindranat Hardjadibrata. Inyana téh dosén di Departemén Basa Indonésia jeung Malaysia Universitas Monash, Australia. Éta kamus nu kandelna 896 kaca téh mimiti ditaratas ti 1975 sarta jadi riset utamana. Jeung harita mah cenah basa Sunda téh geus mimiti diajarkeun pangpangna di tingkat honours, nyaéta tingkat kaahlian nu bisa nuluykeun pangajaranna ka tingkat pascasarjana.

Sakumaha anu didadarkeun ka Hér Suganda, R. Rabindranat Hardjadibrata sadar yén nyusun éta kamus téh lain pagawéan gampang. Inyana kudu nalungtik kamus Soendaas-Nederlands Woordenboek nu disusun F. S. Eringa. Nya sasatna mah kamus beunangna Eringa téh jadi rawayan pikeun nyusun Sundanese-English Dictionary karyana. Tapi aya deuih harepan anyar. Lantaran harita téh - nalika diwawancara Hér Suganda - R. Rabindranat Hardjadibrata geus nyiapkeun Kamus Inggris-Sunda nu karak nepi ka éntri “T” kalawan ancer-ancer 800 kaca.

Kiwari medal deui kamus basa Sunda anu disusun ku R. A. Danadibrata. Mémang saméméhna mah teu dipikawanoh salaku léksikograf Sunda, jenengan R. A. Danadibrata téh. Padahal jasana enggoning ngadokuméntasikeun kekecapan Sunda gedé pisan. Anjeunna geus hasil nyusun Kamus Basa Sunda kalawan jumlah éntri nu pangréana. Ti bihari nepi ka kiwari tacan aya jurukamus basa Sunda - boh urang Walanda, Inggris, atawa urang Sunda - anu bisa ngumpulkeun nepi ka 40.000 éntri.

Keur babandinganana, A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, eusi éntrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Satjadibrata ngan aya 13.000 éntri. Sedengkeun Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 éntri.

Saha atuh R. A. Danadibrata téh? Jenengan lengkepna mah Radén Alla Danadibrata. Anjeunna dibabarkeun di Ciamis, 23 April 1905. Saréngséna sakola ti OSVIA (Opleiding School voor Inlandsche Ambtenaren), anjeunna cepeng damel di pamaréntahan (pamongpraja), tapi éta téh bari diselang ku didamel di kantor pos (PTT) Bandung, bagéan laboratorieum radio. Dina widang pamarentahan, anjeunna kungsi dijenengkeun wadana di Garut dina taun 1956. Tapi dina 1958 anjeunna dialihkeun ka Kantor Kabupatén Bandung dugi ka marén dina 1963.

Lian ti nyusun kamus téh, anjeunna gé kungsi medalkeun salah sahiji karyana dina basa Sunda nyaéta Onom jeung Rawa Lakbok (1979).

Nu jadi pasualan, kumaha pang R. A. Danadibrata bisa nyusun kamus basa Sunda? Taya lian ti kageuing ku karancagé paman sakaligus guruna ku anjeun, R. Djajadireja anu kawentar ngarang Rusdi jeung Misnem. Ti mimiti 1930, R. A. Danadibrata kalawan bantuan guruna enggoning netepkeun abjad nu bakal digunakeun dina nyusun kamus, mitembeyan mimiti ngumpulkeun kekecapan Sunda.

Dina jaman Jepang, naskah kamus munggaranna ampir réngsé diketik. Tapi nalika révolusi fisik lumangsung sarta kulawargana kudu ngungsi ka Ciamis, naskah kamus téh katinggalkeun di Bandung. Cilakana, nalika balik deui ka Bandung, naskah kamus téh geus ilang lantaran milu kahuru.

Siga anu teu suda ku tanaga, R. A. Danadibrata ngabalénan deui nyusun kamus basa Sunda. Poé-poé pakanci dipaké pikeun nyungsi éntri ku ngayakeun turni ka sawatara wewengkon nu aya di Tatar Sunda. Numutkeun salah saurang putrana, H.R. Priyatna Danadibrata anu kiwari tos ngagayuh ka 76 taun, nya ku jalan nyalusur suklak-siklukna kota Bandung dalah nepi ka gang-gang nu heureut gé sasatna didatangan.

Kadangkala anjeunna angkat ka pasar, ngawangkong jeung rupa-rupa jalma, natanyakeun hartining saban kecap nu kapanggih. Hasilna dicatet dina buku catetan anu salawasna dicacandak kamana waé anjeunna angkat. Ku kituna, umumna éntri kamusna téh mangrupa hasil ngawangkong sacara langsung reujeung masarakat anu ngahaja disumpingan ku anjeunna.

Éta bédana jeung Eringa gé. Eringa mah nyusun kamusna téh dumasar kana téks basa Sunda, sedengkeun R. A. Danadibrata mah nyusunna téh dumasar kana hasil ngawangkong sacara langsung jeung masarakat nu maraké basa Sunda.

Aya deui bédana jeung jurukamus séjénna. Biasana anu nyusun kamus téh sok ngagunakeun sistim kartu, tapi R. A. Danadibrata mah nyusun kamusna dina buku tulis ukuran folio. Ku tulisan tangan anu lemes bari nyeratna gé nganggo patlot, anjeunna ngadokuméntasikeun kabeungharan kosakecap basa Sunda. Dibarung ku karancagéan anu matak pikahélokeun, catetanana téh laju diketik deui kana keretas ukuran folio anu dibagi jadi dua kolom (mirupa kaca dina kamus). Kandelna nepi ka 1879 kaca (kandel naskah tulisan tanganna mah 2000 kaca). Nya dina tengah-tengah 1973, naskah kamus anu éntrina dikukumpul salila 40 taun téh kakarak réngsé.

Pikeun medalkeunana, R. A. Danadibrata nyérénkeun naskahna ka Ajip Rosidi anu harita jadi direktur pamedal Pustaka Jaya. “Basa narima éta naskah,” saur Ajip dina seratanana anu dimuat dina Kompas, 5 Pébruari 1974, “kuring kalibet kana itung-itungan nu matak gegebegan. Mun seug dicitak maké huruf 8 pt. bakal jadi kurang leuwih 2000 kaca. Keur nyitak kamus anu réana 5000 éksemplar, bakal diperelukeun waragad saeutikna Rp. 15 juta, tacan kaitung ari waragad ngédit jeung honorarieum nu nyusunna mah. Pamedal mana di Indonésia anu sanggup nyayagikeun waragad sakitu gedéna keur nyitak hiji buku anu sacara komersial masih mangrupa tanda tanya?”

Tapi horéng pamedal anu dipingpin ku Ajip pisan anu sanggup pikeun medalkeunana téh. Satuluyna R. A. Danadibrata ngajual hak cipta kamusna ka Pustaka Jaya. Tina hasil ngajual téa, R. A. Danadibrata sarimbit bisa umroh ka Tanah Suci. Ngan saméméh dipedalkeun, minangka rasa tanggung jawab profésional pihak pamedal narékahan heula keur ngédit naskah kamus téa ngarah saluyu reujeung kritéria kamus sacara umum.

Tapi nu matak ngahelas mah taya éditor tanggoh anu bisa ngaréngsékeun ngédit éta kamus, samalah rarancang pamedalanana gé jadi ngabuntut-bangkong sabab ti mimiti 1982 Ajip-na ku anjeun mukim di Jepang.

Dina taun 1985 pamedalan kamus téh dituluykeun ku Proyék Sundanologi nu dipingpin ku Dr. Édi S. Ékadjati. Harita mah, keur medalkeun 5000 éksemplar téh butuh waragad kira-kira Rp. 75 juta (Manglé No. 993, 16-22 Méi 1985). Ngan cara nu eunggeus-eunggeus, rarancang medalkeun éta kamus téh gagal deui. Sabab dina 1990 Proyék Sundanologi gé dieureunkeun kagiatanana.

Balukarna kacida gedé, lantaran naskah kamus anu diketik ku R. A. Danadibrata téh leungit. Untung, ari naskah kamus hasil tulisan tangan R. A. Danadibrata mah kasalametkeun, sok sanajan geus rada hésé macana lantaran ditulis maké patlot téa.

Duh, karunya temen jurukamus Sunda R. A. Danadibrata lantaran nepi ka pupusna tanggal 13 Oktober 1987. Anjeunna teu kungsi ningali karya nu dicipta-ciptanana medal. Tapi papadaning kitu, alhamdulillah, dina danget ayeuna pamedal Kiblat Buku Utama parantos tiasa medalkeun Kamus Basa Sunda nu jadi masterpiece-na R. A. Danadibrata. (Atep Kurnia)


Tags: , ,